Font size
WorksheetsPSAS Bahasa dan Sastra Sunda
Total questions: 39
Worksheet time: 44mins
Titenan gambar !
Kalimah anu ngagunakeun rarangken -an kalawan bener dumasar kana gambar nyaéta...
Susi keur balanja buah
Rina cicing di toko.
Wati nempoan buah
Susi dagang buah.
Tengetan paguneman di handap !
Ujang : “haturan, Nin, iraha datang ?
Nini : “ Kamari “ Ujang
Kecap lemes pikeun ngaganti kecap datang anu merenah nyaéta..
mulih
dongkap
sumping
angkat
"Regot-cai-hérang-manéhna-nginum-dina-botol."
Susunan kalimah anu bener tina kalimah di luhur nyaéta...
Manéhna regot nginum cai hérang dina botol.
Regot nginum manéhna cai hérang dina botol.
Manéhna nginum regot cai hérang dina botol
Regot manéhna cai hérang nginum dina botol
Di handap ieu nu kaasup guru lagu jeung guru wilangan Pupuh Pucung téh nyaéta...
12-u, 6-a, 7-i, 8-a
12-a, 6-a, 8-i, 12-a
12-i, 8-a, 8-i, 8-a
12-u, 6-a, 8-i, 12-a
Titenan tek dihandap sing taliti!
"Wahangan Cikandang téh ngaliwatan Desa Tanjungmulya. Cai di dinya kawilang bersih kénéh tur loba jinis lauk hirup. Di sabudeureun wahangan, loba masarakat nu ngamangpaatkeun cai pikeun nyaian pasawahan."
Ide pokok tina paragraf di luhur nyaéta ngeunaan...
Kaayaan cai di Wahangan Cikandang.
Jinis-jinis lauk anu aya di Cikandang.
Tempat jeung mangpaat Wahangan Cikandang
Masarakat anu ngairi sawah.
Murid ngangkat leungeun rék nanya ka guruna anu keur ngajarkeun di hareupeun kelas.
Kalimah pananya lemes anu merenah ti murid ka Bapa Guru nyaéta...
"Pa, abdi rék naros. Naon hartina dongéng sasakala téh?"
"Pa, abdi badé naros. Naon ari hartos dongéng sasakala téh?"
"Pa, tiasa abdi naros? Bapa nuju naon?"
"Pa, naha abdi teu meunang naros?"
Titenan kalimah-kalimah di handap !
1. Didi maca buku di perpustakaan.
2. Bapa ngadamel korsi tina kai.
3. Nina keur saré di kamar.
4. Mang Udin melak sampeu di kebon
Kalimah di luhur nu kaasup kalimah intransitif nyaéta...
1
2
3
4
Gambar di gigir ngarupakeun luapan emosi. Dina kaayaan kitu urang angger teu menang ngaluarkeun ucapan…
halus
santun
kasar
hormat
"Di basisir Kidul, loba tangkal kalapa anu ngajajar. Dina waktu panonpoé surup, cahyana konéng éndah pisan ngahalangan lénsa kaméra. Pulo Nusa Kambangan ti basisir ieu téh katempo jelas pisan."
Di handap ieu kalimah fakta anu aya dina téks di luhur nyaéta...
Panonpoé surup téh kacida éndahna.
Cai laut di dinya karasa tiis pisan
Pulo Nusa Kambangan katempo jelas pisan
Pemandangan di dinya matak resep.
Titenan kalimah di handap!
1. Abdi mah can boga bukuun pikeun diajar di sakola.
2. Si Udin téh beuteungna nyerieun lantaran jajan sambel.
3. Budak téh geuning karek meunang kaulinaneun anyar.
4. Ibu guru keur nyiapkeun pigaweeun keur barudak
Kalimah di luhur anu ngalarapkeun rarangken -eun kalawan bener nyaéta...
1
2
3
4
Barudak keur nyium leungeun indungna bari ménta hampura.
Dumasar kana gambar kalimah anu paling sopan ti anak ka indungna nyaéta...
"Hampura, Ma, kuring moal ngalakukeun éta deui."
"Punten, Ma, simkuring nyuhunkeun dihampura kana kalepatan simkuring."
"Ah, Ma, ulah ambek baé atuh!"
"Hapunten, Ma, abdi téh kapaksa ngalakukeun éta.".
Tadi isuk-isuk, Si Udin manggihan dompét eusina duit. Manéhna teu apal éta dompét saha. Sanajan butuh, Udin teu daék nyokot duitna, malah diumumkeun di masigit.
Amanat tina carita pondok di luhur nyaéta...
Mun kapanggih duit, alusna mah bikeun ka jalma miskin.
Urang kudu jujur sanajan meunang cocoba tina duit.
Lamun nyokot duit batur téh matak dosa.
Leuwih hadé ngumumkeun karét ancin.
Perhatikeun gambar di handap !
Kalimah anu ngagunakeun kecap sipat anu merenah dumasar kana gambar nyaéta...
Neng susi mah daek soteh haying kapuji.
Kayungyun eta budak bageur pisan ka sasama.
budak awewe mah nyaahan da diburuhan.
IAnjeunna kapaksa lantaran sieuneun ku si nini
Titenan gambar di handap ieu !
Kalimah anu ngagunakeun rarangken ka- pikeun nuduhkeun kaayaan seperti dina gambar nyaeta
Si Ujang kokoceakan menta tulung.
Jang Otong tijungkel dibawa ku jang Udin kana sapedah
Jang Udin kacilakaan labuh tina sapedah
Edo gogorowokan katindihan sapeda
"Kacaritakeun baheula pisan, waktu Gunung Galunggung can bitu, hirup raja anu boga loba anak. Sanggeus lila tatanén, karajaan téh jadi makmur."
Latar waktu tina cuplikan dongéng di luhur nyaéta...
Waktu usum hujan
Sanggeus tatanén
Baheula pisan
Waktu Gunung bitu
Kecap di handap ieu anu kaasup ngaran kekembangan nyaéta...
Kembang jambé
Buah nangka
Tangkal gedang
Manggu
Pupuh Maskumambang téh diwangun ku sabaraha padalisan?
5 padalisan
4 padalisan
3 lpadalisan
2 padalisan
"Bapa keur ... kai di buruan imah."
Kecap anu anu ngabogaan rarangken -N pikeun ngalengkepan kalimah rumpang di luhur nyaéta...
nukeur
nongtak
nuar
nyangu
Téks ieu nyaritakeun barudak SD anu biasa ulin ucing-ucingan, oray-orayan, sarta diajar ngaji di masigit sanggeus asar. Kagiatan ieu némbongkeun hirup rukun di kampung.
Judul anu paling merenah pikeun téks di luhur nyaéta...
Barudak Ulin di Masigit
Kagiatan Sapopoé Barudak di Kampung
Ulin Oray-orayan di Sakola
Ngaronda di Basisir
Titenan gambar di handap !
Kalimah pamuji anu merenah pikeun babaturan anu meunang kajuaraan seperti dina gambar nyaéta...
"Hadé pisan! Muga-muga lain rezeki manéh."
"Wah, jigana manéh téh untung pisan!"
"Wilujeng! Éta téh hasil kagétolan anjeun nu gedé."
"Euleuh, beunang ogé geuning piala téh."
Tengeetan Ilustrasi anu nuduhkeun opat sikep/géstur:
(A) Tunjuk-tunjuk leungeun,
(B) Seuri bari nutupan sungut,
(C) Panon melong seukeut,
(D) Sasalaman bari tungkul.)
Dina paguneman, sikep anu nuduhkeun tatakrama/sopan santun nu bener dituduhkeun ku ilustrasi hurup… (Jawaban bisa leuwih ti hiji)
A
B
C
D
Dina paguneman, Si Dédé ngomong ka Bi Ija, "Bi, pang nyokotkeun atuh buku kuring téh!"
Kalimah paréntah lemes anu bener tur merenah pikeun ngaganti kalimah di luhur nyaéta...
Bi, pangaoskeun buku abdi téh!
Bi, pang candakkeun buku abdi téh, punten!
Bi, nyuhunkeun bantosan kanggo nyandak buku
Bi, nyokotkeun buku simkuring!
Dumasar kana gambar, daérah anu aya di sabudeureun Wahangan Cikandang di basisir kidul boga ciri-ciri... (Jawaban bisa leuwih ti hiji)
Loba sawah jeung kebon kalapa
Deukeut ka basisir atawa laut.
Loba pabrik jeung gedong jangkung
Mangrupa daérah pagunungan anu tiis.
Ilustrasi : mobil bapa eureun di hareupeun imah, bapa turun tina mobil, nuduhkeun bapa datang
Kalimah anu ngagunakeun kecap lemes pikeun kecap datang dumasar kana ilustrasi di luhur nyaéta... (Jawaban bisa leuwih ti hiji)
Pun Bapa nembe dongkap ti kantor.
Pun Bapa nembé sumping ti Jakarta.
Pun Bapa mulih na rada sonten.
Pun Bapa angkat damel jam tujuh.
Titenan kalimah- kalimah di handap !
1) Simkuring neda jeung rerencangan.
2) Simkuring nyandak buku ti perpustakaan.
3) Abdi nuju tuang sareng Pa Guru.
4) Abdi nuju angkat ka sakola.
Kalimah di luhur anu ngagunakeun Basa Lemes keur ka diri sorangan nu merenah nyaéta... (Jawaban bisa leuwih ti hiji)
1
2
3
4
Kecap pagawéan anu cocog pikeun gambar éta nyaéta: "Tulisannana ditulis ku spidol hideung."
Bener
Salah
Dongéng ngeunaan Sasakala nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat atawa barang.
Bener
Salah
Dina pupuh "Pupuh Pucung", guru lagu dina padalisan ka-3 nyaéta sora vokal 'i'. (Padalisan: 12-u, 6-a, 8-i, 12-a)
Bener
Salah
Kalimah: "Basa Sunda téh kaasup basa daérah anu paling loba dipaké di Jawa Barat." Kaasup kalimah Fakta.
Bener
Salah
Kecap Datangkeun mangrupa kecap dasar anu dirarangkenan -keun.
Bener
Salah
Pasangkeun (Jodokeun) ngaran kekembangan di handap ieu jeung sesebutanna!
Kembang bawang
ulated
Kembang kadu
olohok
Kembang awi
eumreuk
Kembang cabe
mencenges
Kembang cau
Kembang cau
Cing tengetan gambar di handap ieu !
Buah seperti dina gambar mun keur pentil sok disebut ...
(a)
Padalisan pupuh kinanti : "Masing bener salaku jalma"
Guru wilangana dina padalisan pupuh di luhur aya ...
(a)
Kecap : 1 sapédah
Kecap : 2 labuh
Kecap di luhur lamun di gabung dina hiji kalimah nu merenah nyaeta…
(a)
Kecap loma tina kecap lemes tuang nyaéta ...
(a)
Wahangan Cikandang téh loba pisan mangpaatna pikeun kahirupan.
Dua conto mangpaatna nyaeta….
(a)
Dina hiji dongéng, aya tokoh Si Kancil anu sok ngabobodo sato lianna sangkan manéhna untung. Cing paniléyan kumaha kalakuan Si Kancil éta dumasar niléy moral dina hirup sapopoé!
(a)
Titenan kalimah ieu !
“Keur ateng ulin bari panas poe, ujug-ujug gebret hujan”
Jelaskeun harti” gebret : dina kalimah di luhur !
(a)
Coba jieun hiji kalimah anu ngandung kecap panganteur gabrug kalawan kontékstual jeung kahirupan murid SD!
(a)
