Font size
WorksheetsASAS BAHASA SUNDA KELAS 5 SEMESTER 1
Total questions: 25
Worksheet time: 51mins
Pakakas anu di pake dina kaulinan enggrang nyaeta...
A. Batu
B. Karet
C. Talawengkar
D. awi panjang
Paciwit-ciwit Lutung kaasup kana jenis kaulinan anu kumaha?
A. Kaulinan anu ngagunakeun alat (kawasan olahraga)
B. Kaulinan anu dilakukeun ku sorangan (individu)
C. Kaulinan anu ngandelkeun adu kakuatan
D. Kaulinan réréongan (kelompok) sarta biasana dibarengan ku kakawihan
Saméméh ngawitan kaulinan Hom-pimpah atawa Suten, barudak sok ngagalindengkeun kawih paragi milih saha nu éléh atawa meunang. Kawih naon anu mindeng digunakeun ku barudak Sunda pikeun milih pamilon?
A. Toké-Toké
B. Ambil-Ambilan
C. Hom-pimpah Alaium Gambreng
D. Ting-ting Sirinting
Kadaharan naon anu bahan utamana tina kacang-kacangan anu diréndos babarengan jeung bumbu kawas cikur, bawang bodas, cabé, jeung gula beureum, tuluy dicampurkeun jeung rupa-rupa sayuran seger atawa kulub?
A. dodol
B. peuyeum
C. loték
D. borondong
Dodol nyaeta kadaharan nu asalna ti daerah...
A. Ciamis
B. Garut
C. Bandung
D. Sumedang
Kadahareun di handap asalna tinu....
A. Beas
B. Tarigu
C. Tipung
D. ketan
Guguritan téh nyaéta ....
A. karangan pondok nu ditulis maké patokan pupuh
B. puisi anu sok dilagukeun
C. kaulinan anu diwangun ku pananya anu kudu diteguh eusina
D. karangan anu eusina ngabahas hiji perkara nepi ka bubuk keutikna
Eusi guguritan mangrupa ….
A. hiji lalakon
B. hiji kajadian
C. rupa-rupa kajadian
D. masalahna kompleks
Dicabak aya, tapi lamun dilieuk euweuh.
Eusi tatarucingan diluhur nyaéta ….
A. ceuli
B. kalangkang
C. kuda
D. ondé
Aya jangjangna, tapi lain manuk. Sok dianggo ku barudak ulin ngalayangkeun di langit.
Eusi tatarucingan diluhur nyaéta ….
A. kapal udara
B. balon
C. layangan
D. kupu-kupu
Dumasar téks di luhur, wayang golék nyaéta …
A. seni tradisional sunda anu mentaskeun sabangsa boneka tina kai, anu bajuna has modern
B. hiji seni pintonan anu ngigelkeun wayang golék ku dalang
C. pertunjukkan seni teatér rakyat di Tatar Sunda
D. seni pertunjukkan tilu diménsi
Anita : “Susi ieu buku pupuhna, hatur nuhun”
Susi : “….”
Kalimah anu merenah pikeun ngajawab paguneman di luhur nyaéta ….
A. naon ieu téh?
B. nuhun nya Nit, parantos dicandakkeun.
C. saha éta?
D. muhun, sami-sami!
Regepkeun pupuh magatru ieu di handap!
Pupuh Magatru
Nun sumuhun nu ieu namina curuk,
Nu sisi ieu namina cingir,
Nu tengah name jajangkung,
Nu deukeut cingir jariji,
Anu pangageungna jempol.
Eusi pupuh magatru di luhur nerangkeun ….
A. Nami-nami ramo
B. nami-nami curuk
C. name-nami cingir
D. nami-nami jempol
Pék tengétan pupuh di handap!
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing,
Turun tina délman,
Kuda dipecutan Tarik,
Teu aya pisan ras-rasan
Dumasar kana pupuh di luhur, padamelan anu saluyu nyaéta ….
A. sopir
B. masinis
C. pamayang
D. kusir
Alat transportasi anu disebutken dina pupuh “turun tina délman” nyaéta ….
A. mobil
B. kapal
C. délman
D. karéta
Dina kaulinan Ucing Sumput, anu disebut "ucing" (panjaga) boga pagawean pikeun néangan babaturanana anu nyumput. Saméméh indit néangan, pagawean anu kudu dilakukeun ku ucing téh nyaéta...
A. Maturan babaturan anu nyumput
B. Ngitung nepi ka sapuluh (atawa nepi ka angka anu disatujuan) bari panon ditutup
C. Nyumputkeun diri sangkan teu katéwak ku babaturan
D. Nyanyikeun lagu Cingciripit
Sunda kawéntar miboga rupa-rupa kadaharan has anu ngeunah. Di antara kadaharan di handap, mana anu mangrupa pasangan kadaharan jeung asal daérahna anu bener nyaeta...
A. Tauco - Ciamis
B. Peuyeum Sampeu - Bandung
C. Dodol - Bogor
D. Tahu Sumedang – Garut
Pék susun runtuyan cara ngadamel Goreng Cau anu merenah dumasar kana léngkah-léngkah anu bener!
1. Goreng cau nepi ka warnana konéng emas.
2. Siapkeun bahan utama, nyaéta cau nu asak jeung adonan tipung.
3. Panas lankeun minyak dina katél, kurud kulit cau, tuluy belah jadi dua atawa tilu.
4. Sayagikeun Goreng Cau dina piring, tuluy bisa ditambahan kéju atawa coklat.
5. Asupkeun cau nu geus dibeulah kana adonan tipung nepi ka rata.
6. Asupkeun cau nu geus dibaluran tipung kana minyak panas.
Runtuyan anu merenah nyaéta...
A. 2 - 3 - 5 - 6 - 1 - 4
B. 3 - 2 - 5 - 6 - 1 - 4
C. 2 - 5 - 3 - 6 - 1 - 4
D. 3 - 5 - 6 - 1 - 4 - 2
Regepkeun pupuh pucung di handap!
Hayu batur urang diajar sing suhud, Ulah lalawora, Bisi éngké heunte naék, Batur seuri urang sumegruk nalangsa.
Talatah (pesen) utama anu digambarkeun ku ieu pupuh nyaeta...
A. Urang teu meunang loba teuing ulin, bisi babaturan seuri.
B. Urang kudu diajar sing getol jeung bener, sangkan teu meunang kasusah (hanjakal) engkéna.
C. Upama urang lalawora dina hirup, urang bakal naék pangkat.
D. Diajar téh kudu nalangsa sangkan batur seuri jeung ngahargaan.
Conto tatarucingan anu merenah nyaéta....
A. Iraha urang dahar?
B. Di mana imah anjeun?
C. Oray naon anu teu bisa ngarayap?
D. Saha ngaran bapa hidep?
II. Eusian titik-titik di handap ngagunakeun kecap bener atawa salah sangkan parnyataan dihandap sangkan tepat !
Pakakas utama anu dipaké dina kaulinan bekel téh nyaéta bal leutik jeung kuwuk/siki bekel.
II. Eusian titik-titik di handap ngagunakeun kecap bener atawa salah sangkan parnyataan dihandap sangkan tepat !
Oray-orayan, cingciripit, jeung sapintrong téh kaasup conto ngaran kadaharan.
II. Eusian titik-titik di handap ngagunakeun kecap bener atawa salah sangkan parnyataan dihandap sangkan tepat !
Tatarucingan "Diudag lumpat, didagoan cicing" téh maksudna nyaéta kalangkang (bayangan).
II. Eusian titik-titik di handap ngagunakeun kecap bener atawa salah sangkan parnyataan dihandap sangkan tepat !
Susunan kalimah anu merenah tina kecap-kecap "karuhun-téh-Sunda-warisan-Budaya" nyaéta "Budaya Sunda téh warisan karuhun.”
II. Eusian titik-titik di handap ngagunakeun kecap bener atawa salah sangkan parnyataan dihandap sangkan tepat !
Salah sahiji kadaharan has daérah Majalaya téh nyaéta Tahu.
