WorksheetsLATIHAN SOAL KELAS 9
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Name
Class
Date
1.
Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
a. Kulawarga
b. kepala sekolah
c. babaturan
d. balaréa
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
2.
Sabada nyanggakeun puji sukur ka Gusti, naon anu pangheulana diucapkeun ku nu biantara…
a. ngahaturkeun nuhun
b. salawat ka kangjeng Nabi
c. sanduk-sanduk
d. nepikeun pamaksudan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
3.
Anu kaasup kana biantara pamapag dina acara paturay tineung nyaéta…
a. biantara ti kepala sakola
b. biantara ti divisi dokumentasi
c. biantara ti divisi konsumsi
d. biantara ti juru simpen
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
4.
Biantara anu ditepikeun ku hotib waktu jumaahan, disebutna ...
a. Hutbah
b. Caramah
c. Pangbagé
d. Pamapag
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
5.
Anu ditepikeun dina biantara téh teu nyiapkeun naskah heula/spontan, éstuning meunang saaya-aya dina pikiran baé, disebut ...
a. Biantara anu teu maké naskah
b. Biantara anu maca naskah
c. Biantara anu nalar naskah
d. Biantara anu ekstemporan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
6.
Anu ditepikeun dina biantara téh nyiapkeun naskah heula tuluy dibaca, disebut ...
a. Biantara anu teu maké naskah
b. Biantara anu maca naskah
c. Biantara anu nalar naskah
d. Biantara anu ekstemporan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
7.
Anu ditepikeun dina biantara téh nu diapalkeun heula, disebut ...
a. Biantara anu ditalar
b. Biantara anu maca naskah
c. Biantara anu impromtu
d. Biantara anu ekstemporan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
8.
Biasana muji kapangeran, nepikeun solawat, nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara jeung ngahaturkeun nuhun ka girang acara aya dina babagian biantara naon?
a. Salam
b. Panutup
c. Eusi
d. Bubuka
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
9.
Naon wae anu sok aya dina bagian panutup biantara, iwal ti?
a. Sanduk sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b. Ngahaturkeun nuhun kahadirin anu geus saregep ngabandungan biantara
c. Nepikeun du’a jeung salam panutup
d. Ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
10.
Biantara téh nya éta nyarita hareupeun jalma réa. Tempat biantara téh bisa di kelas, di buruan sakola, di masigit, di kantor RW, kalurahan, jeung sajabana.
Conto cutatan biantara dihandap, anu ditepikeun di sakola nya éta.....
a. “.... ka warga anu teu acan kagungan KK dipiharep saénggalna ngadamel sarta panganteur ka RT anu ditawis ku RW sateuacan disanggakeun ka kalurahan.”
b. “.... ku margi kitu, sangkan pangaweruh hidep ngeunaan kabudayaan Sunda langkung jembar, baris diayakeun study tour ka kampung adat Baduy nu aya di Banten.”
c. “hadirin salaku umat Islam, gening rido Allah téh aya dina rido kolot urang, nu matak naon-naon perkara anu teu dipikarido ku kolot, ulah rék dilaksanakeun.”
d. “ibu-ibu anu ku sim kuring dipihormat, suntik vaksin pikeun murangkalih téh penting pisan.”
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
11.
Biantara téh nya éta nyarita hareupeun jalma réa. Tempat biantara téh bisa di kelas, di buruan sakola, di masigit, di kantor RW, kalurahan, jeung sajabana.
Conto cutatan biantara dihandap, anu ditepikeun di masigit nya éta....
a. “.... ku margi kitu, sangkan pangaweruh hidep ngeunaan kabudayaan Sunda langkung jembar, baris diayakeun study tour ka kampung adat Baduy nu aya di Banten.”
b. “ibu-ibu anu ku sim kuring dipihormat, suntik vaksin pikeun murangkalih téh penting pisan.”
c. “hadirin salaku umat Islam, gening rido Allah téh aya dina rido kolot urang, nu matak naon-naon perkara anu teu dipikarido ku kolot, ulah rék dilaksanakeun.”
d. “.... ka warga anu teu acan kagungan KK dipiharep saénggalna ngadamel sarta panganteur ka RT anu ditawis ku RW sateuacan disanggakeun ka kalurahan.”
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
12.
"Langkung tipayun puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka gusti nu maha suci Allah Swt. Sakumaha hidayah sareng inayahna dina danget ieu....”
Ungkara di luhur sok kapanggih dina....
a. Bubuka biantara
b. Mungkas biantara
c. Eusi biantara
d. Panutup biantara
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
13.
"Rupina mung sakitu anu kapihatur, sim kuring salaku wawakil ti sohibul hajat ngahaturkeun nuhun ka bapa/ibu parantos...”
Ungkara di luhur sok kapanggih dina....
a. Bubuka biantara
b. Salam panutup
c. Eusi biantara
d. Panutup biantara
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
14.
"....nu mana ayat eta teh ngajentrekeun tur nganjurkeun sangkan urang taat ka Allah Swt, sabada ti dinya urang kudu taat ka nu jadi indung.”
Ungkara di luhur sok kapanggih dina....
a. Bubuka biantara
b. Mungkas biantara
c. Eusi biantara
d. Panutup biantara
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
15.
Mana ungkara anu mangrupa bagian tina eusi biantara?
A. “Sim kuring umajak ka sadaya pihak anu kagungan wewenang dina ngamumulé dunya atikan, hayu urang sami-sami sabilulungan nyukséskeun program wajib diajar pendidikan dasar salapan taun.”
B. “Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Neda dihapunten tina sagala rupi kakiranganana.”
C. “Puji sinareng sukur urang sami-sami sanggakeun ka Alloh SWT. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.”
D. “Urang pungkas baé dugi ka dieu. Amit mungkur amit mundur. Bobo sapanon carang sapakan. Paturay patepang deui.”
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
16.
“Rupina cekap sakitu waé pisanggem ti sim kuring. Mugia tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Sarta mudah-mudahan naon anu didugikeun ku sim kuring téh aya mangpaatna, husus kanggo diri pribadi, umumna kanggo para hadirin sadaya.”
Ungkara di luhur mangrupa bagian tina ....
a. bubuka biantara
b. panutup biantara
c. eusi biantara
d. tambahan biantara
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
17.
Salah sahiji hal anu kudu disingkahan dina waktu nepikeun biantara nyaéta ....
a. omongan biantara saluyu jeung momén acara
b. écés tur jelas dina nepikeun eusi biantara
c. ngéntép seureuh (sistematis) lebah nyarita
d. nyarita teu puguh alang ujurna
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
18.
"Ku lulusna hidep ti ieu sakola, hidep kabéh kudu nganuhunkeun ka Bapa jeung Ibu Guru. Najan hidep geus teu nyuprih élmu di ieu sakola, tapi sagala rupa piwejangna kudu salawasna diéstokeun. Pék cangreud pageuh dina angen-angen, tuliskeun dina ati sanubari, supaya hidep teu poho.”
Cutatan biantara di luhur ditepikeunana dina acara ....
a. paturay tineung
b. nikahkeun
c. Idul Fitri
d. Idul Adha
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
19.
Naon conto nilai kearifan lokal Sunda anu mindeng disebatkeun dina biantara?
a. Silih asih, silih asah, silih asuh
b. Unity in diversity
c. Carpe diem
d. Time is money
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
20.
Nilai Pancasila sila kahiji anu mindeng diintegrasikeun dina biantara nyaeta?
a. Toleransi beragama jeung iman ka Gusti
b. Senang perang
c. Teu percaya ka agama
d. Maksakeun agama ka batur
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
21.
Sisindiran téh salah sahiji wangun puisi rakyat Sunda anu mibanda struktur has. Nu mana nu kaasup struktur utama sisindiran?
a. Cangkang jeung eusi
b. Sampiran jeung eusi
c. Rima jeung wirahma
d. Téma jeung amanat
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
22.
Dina sisindiran, 'cangkang' fungsina nyaéta...
a. Inti pesen anu rék ditepikeun
b. Pangantar atawa sampiran anu can ngandung maksud
c. Kacindekan tina sisindiran
d. Judul tina sisindiran
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
23.
Sisindiran mindeng ngandung ajén kearifan lokal. Naon anu dimaksud ku kearifan lokal?
a. Ajén-ajén modérn anu mekar di masarakat
b. Ajén-ajén luhur anu diwariskeun turun-tumurun di masarakat
c. Aturan anu dijieun ku pamaréntah daérah
d. Kabiasaan goréng di masarakat
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
24.
Eusi dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .
a. 1 jeung 2
b. 2 jeung 3
c. 1 jeung 3
d. 3 jeung 4
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
25.
Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .
a. Wawangsalan
b. Paparikan
c. Rarakitan
d. Pupujian
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
26.
Cangkang dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .
a. 1 jeung 2
b. 2 jeung 3
c. 1 jeung 3
d. 3 jeung 4
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
27.
Sapanjang jalan soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan...................,
moal weléh diakalan.
kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......
a. katéang
b. katajong
c. kabawa
d. kasorang
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
28.
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur mibanda sifat....
a. silih asuh
b. piwuruk
c. sésébréd
d. silih asih
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
29.
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
a. wawangsalan
b. paparikan
c. sisindiran
d. rarakitan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
30.
Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....
a. Teu beunang di rangkong kolong,
teu beunang dipikahayang
b. Kembang bodas buah bunder,
ngaheruk nya pipikiran
c. Teu beunang disupa dulang,
teu beunang dibebenjokeun
d. Buah sisitan ngagonyok,
ulah sok galak timburu
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
31.
Ramo deukeut indung leungeun
Sing tumut kana piwuruk
Wangsalna nya eta....
a. Jari manis
b. Jempol
c. Jajangkung
d. Curuk
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
32.
1) kagolong kana sisindiran
2) diwangun ku dua jajar
3) diwangun ku cangkang jeung eusi
4) aya unsur tatarucingan
5) sajajarna diwangun ku 12 engang
6) cara ngalarapkeunnana dina omongan
Anu kaasup kana ciri-ciri wangun wawangsalan téh nya éta….
a. 2,3,4,5
b. 1,2,3,4,5
c. 1,2,3,4,6
d. 2,3,4,5,6
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
33.
Teks:
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun awak
Sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
sisindiran di luhur kaasup kana wanda...
a. Tatarucingan
b. Wawangsalan
c. Rarakitan
d. Paparikan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
34.
Ciri sisindiran nyaeta unggal padalisan diwangun ku.....engang
a. 9
b. 5
c. 8
d. 4
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
35.
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...
a. unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
b. padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi
c. padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
d. padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
36.
.............................
..............................
Reog dongkol asli Banjar
yu riksa ku sadayana
Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta.....
a. Reog teh seni ti Banjar
yu riksa seni Sundana
b. Tangkal jengkol ngajalajar
hoyong ngalaan buahna
c. Ka pasar jeung si Bi Ipah
Inditna kana kareta
d. Barudak keur dialajar
harusu reujeung daria
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
37.
Teks:
Sawah ngemplang ditanduran
ka huma ngala jarami
Ulah renggang duduluran
dasarna silaturahmi
Sisindiran di luhur teh watekna nya eta...
a. Silihasih
b. Wangsal
c. Piwuruk
d. Sesebred
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
38.
Ngala térong jeung kalapa,
Dibawa ka kebon Cikur.
Nu gondrong jaman ayeuna,
Teu wawuh ka tukang cukur.
Sisindiran di luhur unggal padalisan diwangun ku sabaraha engang...
a. 8 engang
b. 2 engang
c. 4 engang
d. 3 engang
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
39.
Ngala térong jeung kalapa,
Dibawa ka kebon Cikur.
Nu gondrong jaman ayeuna,
Teu wawuh ka tukang cukur.
Rumpaka di luhur téh mangrupa...
a. a,b,jeung d
b. Paparikan
c. Wawangsalan
d. Rarakitan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
40.
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
a. wawangsalan
b. paparikan
c. sisindiran
d. rarakitan
a)
A
b)
B
c)
C
d)
D
100 %
