WorksheetsLatihan Soal ASAS kelas 9
Total questions: 28
Worksheet time: 21mins
Istilah sisindiran dina Bahasa Indonesia nyaéta pantun, upama berbalas pantun dina sastra Sunda sok disebut ogé ...
Sisindiran
Rarakitan
Tempas sindir
Piwuruk
Padalisan katilu jeung kaopat dina sisindiran disebutna …
Cangkang
Sindir
Bungkus
Eusi
Dumasar kana sipatna sisindiran kabagi kana tilu, nyaéta …
Silih asih, sésébréd, cinta
Heureuy, sésébréd, piwuruk
Piwuruk, silih asih, sésébréd
Naséhat, piwuruk, heureuy
Pék baca sisindiran di handap!
………………………
………………………
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.
Padalisan kahiji jeung kadua sisindirian di luhur nyaéta …
Hayang teuing kueh bugis, Teu bisa ngasakanan.
Aya manuk dina pager, Na sukuna aya bola.
Tanggal butut sisi garu, Pasti butuh ku cipati.
Boboko luhuruen imah, Ninggang kana pileuiteun
Pék baca sisindiran di handap!
Mun nyaba ka Cihanjung,
Kudu mawa lilisungan.
Mun nyaah ka kota urang,
Kudu miara lingkungan.
Dumasar kana wangunna, sisindiran di luhur mangrupa sisindiran jenis …
Pantun
Sisindiran
Paparikan
Rarakitan
Baca sisindiran di handap!
Sok hayang buah samangka,
Kudu indit ka Ramayana.
Sok hayang hirup bagja,
Kudu hormat ka ibu rama.
Amanat tina sisindiran di luhur nyaéta ...
Ngeunaan ibu rama
Kudu hormat ka ibu rama sangkan hirup bagja
Cara keur hirup bagja
Lamun hayang buah samangka kudu meuli di Ramayana
Ditilik tina eusi jeung wangunna, sisindiran téh dibagi jadi tilu, nyaéta …
Rarakitan, paparikan, wawangsalan
Sisindiran, wawangsalan, tatarucingan
Silih asih, silih asuh, sésébréd
Piwuruk, silih asih, sésébréd
Sisindiran anu eusina téh mangrupa kereteg haté, asmara, ngébréhkeun rasa cinta, nyaéta …
Piwuruk
Agama
Silih asih
Sésébréd
Pék tengetan sisindiran di handap!
Tolombong ipis salapis,
Carangka mah nu biasa.
…………
Hanjakal Sunda teu bisa.
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta …
Hanjakal Sunda teu bisa.
Sunda mah sok resep.
Carangka téh henteu penting.
Tolombong téh kudu rapih.
Wawangsalan téh teu béda tina …
Papantunan
Heureuy
Kakawihan
Tatarucingan
Unggal gawe dijubah bodas, Inditna maké sekuter. Wangsal tina wawangsalan di luhur, nyaéta …
Polisi
Artis
Dokter
Damkar
Di handap ieu wawangsalan anu wangsalna sangu nyaéta …
Belut sisit saba darat, Kapiraray siang wengi.
Tempat keur ngajual barang, Ulah sok resep ngaroko.
Rupa-rupa seungit kembang, Daunna leueur ku ibun.
Kadaharan sapopoé, Guru ngomong kudu di dangu.
Sapi téh jiga anu kari …… rék paéh. Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta …
Sahandapeun
Sahoseun
Pangulisikeun
Pangmiceunkeun
Imah Mang Soma mah …… da geueumeun jaba geus lila teu dieusian! Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta …
Pihujaneun
Pikasieuneun
Pialuseun
Dipikabogoh
Nyarita di hareupeun jalma réa dina raraga nepikeun informasi sok disebut biantara. Istilah séjén tina biantara nyaéta …
Kampanyeu
Pidato
Wawanohan
Da’wah
Biantara nu ditepikeun ku hiji kapala nagara (présidén), eusi biantarana biasa patali jeung hal kanagaraan disebut ...
Biantara kanagaraan
Biantara pamapag
Biantara pertanggungjawaban
Biantara paturay tineung
Nu teu kaasup kana sawatara hal nalika prak biantara nyaéta ...
Ditepikeun kalayan écés jeung jéntré
Asal nyarita nu penting mah ramé
Puguh susunanana
Eusi biantara kudu saluyu jeung kagiatan ogé kamampuh audiéns
Pék baca sempalan biantara di handap! Langkung tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah Swt., nu mana dina ieu kasempetan urang sadaya tiasa ngumpul ngariung patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan sehat wal afiat.
Sempalan biantara di luhur kaasup kana struktur biantara bagian …
Bubuka biantara
Eusi biantara
Panutup biantara
Salam biantara
Sagiya rék miluan pasanggiri biantara nu diayakeun ku Disdikpora Cianjur. Sanajan waktu pasanggiri téh sabulan deui tapi Sagiya terus ngapalkeun sangkan apal teu aya kakurangan dina nepiakeun éta biantara. Disawang tina cara nepikeunna téhnik biantara Sagiya téh kaasup kana ...
Téhnìk ngapalkeun
Téhnìk ékstémporan
Téhnìk impromptu
Téhnìk naskah
Aya opat padika atawa métodeu dina biantara, nyaéta …
Ékstémporan, impromptu, kontémporér, langsung
Impromptu, naskah, ékstémporan, mémoritér
Aktual, langsung, impromptu, mémoritér
Naskah, catetan ringkes, talaran, teu langsung
Biantara modél ieu biasana dilaksanakeun pikeun nepiakeun pernyataan-pernyataan resmi contona biantara kanagaraan, biantara pamapag, biantara hari besar nasional, jsb., téhnik anu dipaké dina biantara samodél kitu nyaéta …
Impromptu
Naskah atawa manuskrip
Talaran
Ékstémporan
Kalimat dina biantara anu kaasup eusi bagian ngadadarkeun atawa ngajelaskeun tujuan, nyaéta …
Pamungkas, pami sadaya alumn nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola nu langkung luhur. Suksés kalayan langsung-langsung teu aya halangan.
Solawat miwah salam mugia angger ngojor ngagolontor ka jungjunan alam Nabi Muhammad Saw.
Sim kuring nadgeg di ieu papagungan minangka wawakil ti kelas VII sareng VIII seja cumarios ngedalkeun kereteg manah sareng ngawilujengkeun ka kelas IX.
Bapa Kepala Sekolah, Bunda Jamiyyah, Bapa/Ibu Guru, TU, sareng staff karyawan anu ku sim kuring dipihormat.
Kagiatan poé Rébo di SMP Islam Al Azhar 20 Cianjur téh nyaéta kultum. Geus teu anéh deui lamun Pa Acep nitah muridna ka hareup sangkan langsung kultum harita kénéh. Kabeneran poé ayeuna mah Arshaka anu kabagian dititah ku Pa Acep téh. Téhnìk kultum anu dipaké Arshaka nyaéta …
Téhnìk mémoriter
Téhnìk ékstemporan
Téhnìk impromptu
Téhnìk naskah
Salasahiji tokoh anu ahli dina biantara nyaéta …
Otto Iskandar Dinata
Arif Munandar
Entis Sutisna
Rhoma Irama
Pék baca sempalan biantara di handap!
Nu mawi ieu téh tebih-tebih ………… kantenan aya maksad badé kapihatur. Sok sanaos sim kuring saparakanca dongkap ka dieu éstuning ngaligincing henteu jangjang henteu jingjing.
Mamanis basa anu merenah pikeun ngalengkepan biantara di luhur nyaéta …
Jauh dijugjug anggang diteang
Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
Nété tarajé nincak hambalang
Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Sareundeuk saigel sabata sarimbagan.
Mamanis basa di luhur miboga harti …
Sadar kana kamampuh diri
Aya prosés dina naon waé nu dilakonan
Kompak, akur, rukun
Garelut waé
Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun téks, diantarana nyaéta …
Urang tampil sangkan ka puji ku batur
Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun
Urang moal salah macakeun téks biantara
Urang bisa leuwih percaya diri di hareupeun hadirin nu hadir
Sim kuring … di dieu téh badé ngadugikeun biantara ngeunaan “Nonomon Sunda Jaman Ayeuna”. Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta …
Nangtung
Diuk
Leumpang
Ngadeg
