NEW
Font size
WorksheetsLKPD 3.1. Aprésiasi Kawih Dikantun Tugas
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Naon harti tina frasa judul kawih 'Dikantun Tugas'?
Ditinggalkan bertugas
Meninggalkan tugas
Tinggal untuk bertugas
Tertinggal tugas
Naon eusi tina kawih Dikantun Tugas téh?
Rasa kuciwa hiji awéwé alatan henteu meunang béja ti salakina anu iinditan jauh.
Rasa kasedih hiji awéwé anu ditinggalkeun ku salakina ka pangperangan.
Rasa curiga hiji awéwé anu henteu waé meunang béja ti salakina.
Rasa kasieun hiji awéwé inggis ditinggalkeun maot ku salakina di pangperangan.
Naon pakasaban tokoh Engkang/Akang anu dicaritakeun dina kawih Dikantun Tugas?
Musapir
Pagawé Lapangan
Prajurit
Pamayang
Ka mana inditna tokoh Engkang/Akang anu dicaritakeun dina kawih Dikantun Tugas téh?
ka lembur batur
ka laut
ka luar nagri
ka médan perang
Anu henteu kaasup kana karakter positif tokoh utama anu dicaritakeun dina kawih Dikantun Tugas nyaéta ...
geulis jeung sadar
iklas jeung réla
jujur jeung satia
sadar jeung sabar
Naon harti kecap 'bangbarung' dina kawih Dikantun Tugas?
Jojodog paranti diuk tina kai
Balok handap kusén panto
Wates antara imah jeung pakarangan
Tempat ngocorna cai hujan tina kenténg
Tiap-tiap padalisan anu aya dina kawih Dikantun Tugas miboga jumlah ....
1 kalimah
4 jajar
8 engang
2 cangkang
Tiap-tiap pada anu aya dina kawih Dikantun Tugas miboga jumlah ....
1 kalimah
4 jajar
8 engang
2 cangkang
Naon ma'na tina istilah 'ngahurun balung' dina kawih Dikantun Tugas?
Diuk émok kawas anu tahiyat awal
Diuk bari sila mendeko
Diuk bari nyarandé kana kusén panto.
Diuk bari nangkeup tuur.
Naon anu dipikahayang ku tokoh utama anu dicaritakeun dina kawih Dikantun Tugas?
Salakina balik deui ngumpul jeung kulawarga.
Bisa deukeut deui jeung salakina.
Jadi awéwé anu geulis jeung sadar.
Suratna meunang jawaban ti salakina.
Naon genre carita tina kawih Dikantun Tugas?
Budaya
Sosial
Romantis
Réligi
Kumaha suasana anu kagambar tina kawih Dikantun Tugas téh?
Ambek jeung curiga
Bungah jeung gumbira
Sedih tapi gedé harepan
Ambek tapi nyaah
Naon amanat anu bisa diala tina kawih Dikantun Tugas?
Ngajauhan sipat patriarki.
Awéwé kudu mandiri, henteu gumantung ka lalaki.
Jadi awéwé kudu gumantung ka lalaki.
Kasatiaan ka jalma anu dipikacinta.
Kumaha visualisasi anu kagambar tina kawih Dikantun Tugas?
Hiji awéwé anu diuk bari neuteup ka luar imah, bari jero pipikiranana inget waé ka salakina.
Kaayaan di médan perang anu campuh ku bedil jeung granat.
Kaayaan awéwé anu awakna begang henteu kaurus lantaran gering pikir ku salakina.
Kulawarga anu bagja lantaran kolotna lengkep jeung budakna séhat.
Naon pangna kawih Dikantun Tugas téh jadi kawih anu loba dipikaresep ku masarakat di jaman harita?
Lantaran karaseun yén posisi awéwé di jaman harita kacepét ku ayana perang.
Lantaran karasa yén loba awéwé anu ditinggalkeun berjuang basa keur jaman awal kamerdékaan.
Lantaran solidaritas para istri prajurit anu gotong royong basa keur ditaringgalkeun ku salakina.
Lantaran solidaritas para istri prajurit pikeun nulungan sasamana anu ditinggal ku almarhum pajuang.
Saha anu nyiptakeun kawih Dikantun Tugas téh?
Siti Armilah
Titim Fatimah
Upit Sarimanah
Iyar Wiarsih
Genre musik tina kawih Dikantun Tugas anu dihaleuangkeun ku Endang S. Taurina téh kaasup kana kawih ....
pop Sunda
degung
kacapi
calung
Genre musik tina kawih Dikantun Tugas anu dihaleuangkeun ku Iis Sholihat téh kaasup kana kawih ....
pop Sunda kolaborasi jeung jazz
dangdut koplo kolaborasi jeung bajidor
calung kolaborasi jeung jaipongan
degung kolaborasi jeung dangdut
Naon ma'na tina paribasa 'lanang sajati' anu disebut-sebut dina kawih Dikantun Tugas téh?
Lalaki urang Jawa
Lalaki anu tanggung jawab
Lalaki anu gagah
Lalaki anu loba pakayana
Dina bagian intro kawih Dikantun Tugas vérsi Endang S. Taurina, aya alat musik tradisional Sunda anu dominan ditabeuh, nyaéta ....
gitar ritem
piano
kacapi jeung suling
tamborin
