WorksheetsLKPD 3.1. Aprésiasi Kawih Élékésékéng
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Kawih Élékésékéng diciptakeun ku ....
Nano Suratno
Koko Koswara
Ubun R. Kubarsah
Yana Kermit
Naon konflik anu karandapan ku tokoh anu dicaritakeun dina kawih Élékésékéng?
Dua jelema anu keur maheutkeun haténa dina jangji saati.
Rasa keuheul ka kabogoh lantaran jalir tina jangjina.
Rasa keuheul lantaran pasini jangji anu henteu bisa laksana.
Rasa kacinta anu suci minangka pitrah ti jiwa manusa
Naon harti tina kecap 'élékésékéng' anu jadi judul tina éta kawih?
Ngaganggu awak batur ku cara ngusapan.
Teu daék cicing lantaran teu puguh rarasaan.
Awi tamiang paranti ngagolongan kantéh
Dua jelema anu keur badami néangan jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Anu teu kaasup kana latar tempat anu dicaritakeun dina kawih Élékésékéng, nya éta ....
Di péngkolan
Di terminal
Di jalan
Di imah
Anu henteu kaasup bukti kawih Élékésékéng miboga latar carita kahirupan modéren, nyaéta ....
Ngahariring laguna dina genre disko
Patepung niatna rék lalajo pilem di bioskop
Numpak kandaraan beus, megatna di terminal
Jangjian jeung kabogoh liwat telepon
Sumber pasualan anu lain tina jero (internal) diri tokohna sorangan, sajeroning eusi kawih Élékésékéng, nyaéta ....
Teu bisa patepung lantaran kapegat macét di jalan.
Teu bisa patepung lantaran salah poé jangjian.
Teu bisa patepung lantaran salah waktu jangjian.
Teu bisa patepung lantaran salah sahijina teu baé datang.
Salah sahiji karakter positif anu ditémbongkeun ku palaku anu dicaritakeun dina kawih Élékésékéng nyaéta ....
Datang néangan ka imah lamun teu panggih di tempat nu geus dijangjikeun.
Datang tangginas ka tempat anu geus dijangjikeun.
Datang ti isuk-isuk sanajan jangjianna peuting.
Datang nepungan kabogoh maké baju anu weuteuh
Naon maksud tina kecap 'lengo deui-lengo deui' dina kawih Élékésékéng?
Lalaki atawa awéwé anu can kawin.
Teu jingjing teu bawa.
Luak-lieuk ka tempat nu lega tetempoanana.
ngaran cocooan mangrupa balok anu ditumpuk
Naon amanat anu bisa diala tina kawih Élékésékéng?
Kudu taliti mun nyieun jangji sangkan henteu kuciwa.
Kudu waspada lamun rék tepung jeung jelema anyar panggih.
Kudu sabar lamun nyanghareupan pamolah batur.
Ulah babari ngumbar jangji, bisi malindes ka diri sorangan.
Sipat kurang hadé anu ditémbongkeun ku palaku anu dicaritakeun dina kawih Élékésékéng, nya éta ....
Ginding papakéan jeung tampilanana.
Rada ceroboh atawa limpeuran.
Sok ngaengké-engké pagawéan.
Teu ngamodal atawa ngusahakeun leuwih.
Kawih Élékésékéng anu dihaleuangkeun ku Nining Méida miboga genre musik ....
Kiliningan
Kawih kacapian
Pop Sunda
Kawih degung
Ditilik tina caritana, kawih Élékésékéng miboga konsép suasana anu ....
mélankolis
sedih
komédi
hidmat
Tuluyna tina bagian rumpaka "lengo deui-lengo deui, ditempoan", nya éta ....
Lain deui-lain deui, panasaran
Disapatu meunang nyemir, témbong bersih
Dasar sial jalan macét, hésé tepi
Gesut dangdan maké baju anu weuteuh
Dina bagian padalisan 'jam salapan masih suwung', naon maksud tina kecap 'suwung' anu aya dina kalimah bieu?
teu aya sasaha
teu aya jelemana
teu aya nu dibawa
teu aya batur
Kecap-kecap ieu di handap ngagambarkeun paripolah jalma anu kesel ngadagoan, iwal ti kecap ....
ngalentuk
lengo
paheut
élékésékéng
Kawih Élékésékéng anu dihaleuangkeun ku Nonéng Rohayati, kaasup kana genre musik ....
penca kawih
pop Sunda
kawih degung
kiliningan jaipongan
Unsur kaéndahan anu bisa dititénan tina rumpaka kawih Élékésékéng, nyaéta ....
ayana purwakanti atawa rima di sababaraha bagian rumpaka.
loba ngagunakeun kecap-kecap anu geus buhun.
jumlah engang dina tiap padalisanna konsistén.
Jumlah padalisan jeung sapadana jejeg.
Dina kawih Élékésékéng anu dihaleuangkeun ku Nining Méida, waditra atawa alat musik tradisional Sunda anu dominan kadéngé nyaéta ....
kacapi
kendang
suling
saron
Pikeun ngabangbrangkeun kakesel ngadagoan (release stress), palaku dina kawih Élékésékéng ngalakukeun aktivitas nyaéta ....
ngitung mobil anu pasuliwer
nyemir sapatu sangkan beresih
ngahariring lagu disko
nyalsé hudang subuh-subuh
Téma carita dina kawih Élékésékéng, nya éta ....
patriotismeu
réligi
budaya
sosial
