wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Warta jeung Novel

Total questions: 20

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Kamari, Salasa 19 Januari 2024 tos aya kacilakaan motor di Jalan Baru No. 25. Dina éta ungkara aya unsur ...

a)

naon, kumaha, iraha

b)

kumaha, naon, dimana

c)

naon, kamana, iraha

d)

iraha, naon, dimana

e)

iraha, naon, kunaon

2.

Bubuka (Lead) nyaeta ...

a)

Titél, label, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta

b)

Alinéa atawa paragraf awal anu aya handapeun judul

(headline)

c)

Mangrupa eusi atawa inti warta. Eusi warta ilaharna mangrupa jawaban kana lima pananya 5W+1H ngeunaan warta

d)

Alinéa paragraf akhir minangka omongan langsung (direct

speech) pikeun mungkas warta.

e)

Mangrupa kasimpulan, saran warta

3.

Titénan teks warta di handap ieu !

“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”

Téks di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W + 1H, nyaéta …

a)

Kumaha réaksi ti masarakat anu aya di tempat tabrakan?

b)

Kumaha kajadian éta tabrakan téh?

c)

dimana kajadian éta tabrakan?

d)

Kendaraan naon anu tabrakan?

e)

Saha anu tabrakan téh?

4.

“Saméméh jadi cagar alam, éta lahan téh dipimilik ku Cornélis Chastelein, tuan tanah urang Walanda anu kasohor lega tanahna”

Téks berita singkat di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W+1H, nyaéta ….

a)

what

b)

who

c)

where

d)

when

e)

how

5.

Pancén anu cocog pikeun gambar di handap nyaéta...

a)

Kaméramén

b)

Réporter

c)

Voice Over

d)

Narasumber

e)

Juru Warrta

6.

Novel munggaran dina sastra sunda, nyaeta...

a)

Gogoda ka Nu Ngarora karya M. A. Salman

b)

Pangeran Kornel karya R. Memed Sastrahadiprawira

c)

Pipisahan karya R.A.F

d)

Lain Eta karya Moh. Ambri

e)

Barunag ka Nu ngarora karya D.K. Ardiwinata

7.

"Wuah, tumbah goréng patut. Geus medu-medu acan janggalana ogé". Anu di maksud janggala nya éta. . .

a)

Seuseukeut tumbak

b)

Tumbak paranti moro sasatoan

c)

Bedog panjang

d)

Peso gedé

e)

Pakakas pikeun wadah jukut

8.

Dumasar sempalan novel Demung Janggala, si Joban jeung si Jangkung maranéhna miboga sipat . . .

a)

Gedé kawani jeung tumut ka kolot

b)

Teges jeung pikaseurieun

c)

Banyol sarta panjang leungeun

d)

Tukang bohong

e)

Satia sarta amanah

9.

Bédana novel jeung carita pondok, iwal ...

a)

palaku loba

b)

Aya kajadian anu sambung-sinambung

c)

Tempat jeung waktu leuwih jembar

d)

Basa anu dipakena henteu basajan

e)

Eusi caritana kompléks

10.

Novel Sunda sumebar dina taun....

a)

1941

b)

1914

c)

1920

d)

1921

e)

1920

11.

Tokoh anu ngalakonan atawa anu dilalakonkeun dina carita disebutna ....

a)

tema

b)

galur

c)

palaku

d)

amanat

e)

puseur sawangan

12.

Sajaba ti warta tulis anu médiana mangrupa koran, tabloid atawa majalah, aya ogé warta nu ditepikeun sacara lisan. Dina ieu media, warta lisan nu ditepikeunana leuwih ngutamakeun lentong, teu merlukeun réngkak jeung pasemon da moal katempo ku nu ngaregepkeunna.

Téangan media naon nu dipaké dina éta warta !

a)

Televisi

b)

Radio

c)

Internet

d)

Telegram

e)

Whatsapp

13.

Pék cocogkeun gambar di handap jeung pancén anu saluyu...

a)

Kaméramén

b)

Voice Over

c)

Juru Warta

d)

Narasumber

e)

Réporter

14.

Dina teks warta teh aya kaidah anu kudu ditedunan nyaeta ….

a)

Teks kudu ditepikeun kalawan informasi nu aktual

b)

Teks kudu ditepikeun kalawan informasi nu factual

c)

Teks kudu ditepikeun kalawan informasi nu aktual tur mibanda sifat husus

d)

Teks kudu ditepikeun kalawan informasi nu aktual tur mibanda sifat umum

e)

Teks kudu ditepikeun kalawan informasi nu faktual tur mibanda sifat umum

15.

Mangrupa titél, labél, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta. Gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca kana pasualan anu ditepikeun dina warta. Éta dadaran téh ngajéntrékeun salasahiji struktur warta, nyaéta ...

a)

Headline

b)

events

c)

Lead, intro

d)

timeliness

e)

end

16.

“Kawijakan Pamaréntah”

Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.

Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.


Jejer warta di luhur nya éta ...

a)

kawijakan pamaréntah

b)

turunna harga BBM

c)

Kaputusan présidén

d)

inflasi

e)

Kayaan ékonomi Indonésia

17.

Karéta anjlok nomor KA 2473 rute Manggarai-Bukit Duri lumangsung diantara Stasiun Manggarai-Sudirman, Rebo (6/4/2019) sakitar jam 15.16 WIB. Akibatna sajumlah perjalanan ka ganggu. Karéta rélasi Bogor ka Tanah Abang jeung Jatinegara kitu ogé sabalikna pikeun samentara waktu teu bisa dilakukeun.

Karéta Rélasi Bogor jeung Bekasi nu nuju ka Jakarta, sabagian ngan ukur bisa dioprasikeun tepi Manggarai jeung sabagian tetap bisa dituluykeun perjalanan nepi ka Jakarta-Kota.

“Pikeun nu ngagunakeun jasa anu embungeun nungguan, bisa mulangkeun tikét di lokét Stasiun jeung dipénta ngagunakeun modél transportasi lain,” ceuk Humas PT KCJ Eva Chairunnisa ngaliwatan katerangan nu ditarima tim redaksi koran Radar Bogor.

Manéhna ogé ménta panumpang merhatikeun kasalametan  séwang-séwangan, jeung deui henteu maksakeun naék karéta lamun geus pinuh “lamun geus pinuh, sabar dagoan karéta giliran saterusna,” ceuk Eva.

http://basasunda.com/contoh-warta-berita-bahasa-sunda/

Anu kaasup unsur what (naon) dina warta di luhur nyaéta...

a)

Karéta anjlok   

b)

Rute kareta

c)

 Tiket kareta naek

d)

Radar Bogor

e)

Kondisi jalur karéta

18.

FESTIVAL KONFRENSI ASIA AFRIKA


Musieum Konfrensi Asia Afrika (MKAA), dina poe Rebo (4/8), mitembeyan Program Festival Konfrensi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga tema “Cerita Kota”. Eta program anu dialpukahan ku MKAA rukun gawe jeung netzwerk katut Smart Convee teh minangka program advokasi di widang diplomasi publik.

Project Officer FKAA 2010, Deddy Mulyana Surya, netelakeun, program FKAA miboga tujuan pikeun ngageuing deui ajen historis jeung modal politis Konfrensi Asia Afrika nu lumangsung di Bandung taun 1955. Rukun gawe papada nagara di Asia Afrika, tetela bisa dijadikeun modal pikeun ngawangun daya saing bangsa ku cara mateakeun sector atikan jeung industri kr.eatif

Lian ti eta, minangka festival international, FKAA ge dipihareup leuwih nyambuangkeun dangiang Bandung minangka ibukota Asia Afrika. Ku ayana FKAA, sing bias leuwih ngarojong jeung muka jaringan di antara masarakat Asia Afrika, sarta ngajadikeun MKAA minangka puseur beungkeutan warga Asia Afrika.

Program FKAA leuwih notog kana model kampanyeu jeung advokasi. Eta hal teh luyu jeung udagan program sangkan ngarojong katut ngageuing peran jeung inisiatif public,” pokna.

Dina FKAA, program nu dilaksanakeun teh sipatna lain pola sentralistik, tapi ngagunakeun pola sel. Pangna kitu, malar nu jadi kakuatan program teh justru ayana di unggal wilayah katut kelompok masarakat nu dikokolakeun kalawan ngaadumaniskeun potensi masarakat, pamarentah, swasta, jeung lembaga formal sejenna.

Sosialisasi jeung kampanyeu ngeunaan Konfrensi Asia Afrika jeung diplomasi publik ka masarakat teh dilakonan ku cara ngayakeun dua kagiatan, nyaeta Young Diplomacy (YD) jeung The Teacher”s Way (TTW). Kampanyeu dilaksanakeun kalawan ngayakeun workshop jeung kompetisi nu baris ngukur tingkat pamahaman parasiswa jeung guru ngeunaan diplomasi publik.

Kepala MKAA Isman Pasha, ngeceskeun, YD teh program enggoning mateakeun rumaja ku cara workshop jeung kompetisi pilem pondok. Targetna baris diiluan ku 400 pelajar atawa 80 tim ti SMA/SMK sa-Kota Bandung. YD dipuhareup ngadorong peserta lain jadi diplomat unggul nu enya-enya paham potensi bangsa Indonesia sarta midangkeun eta potensi ka masarakat internasional.

“Ari TTW mah pikeun para guru malar ngawangun kreativitas pangajaran sual diplomasi publik. Diplomasi teh lain wae urusan pamarentah, da saenyana mah sakur warga teh minangka diplomat ku cara tur wedangna sewing-sewangan,” pokna.*** R. Agam.

Dicutat tina Galura edisi 1, Agustus 2010, kaca 10.


Naon nu disebut program The Teacher’s Way (TWW) dina kagiatan FKAA …………

a)

Enggoning mateakeun rumaja ku cara workshop jeung kompetisi pilem pondok

b)

Sosialisasi jeung kampanyeu ngeunaan Konfrensi Asia Afrika jeung diplomasi publik ka masarakat

c)

Ngalaksanakeun Kampanyeu dilaksanakeun kalawan ngayakeun workshop jeung kompetisi nu baris ngukur tingkat pamahaman parasiswa jeung guru ngeunaan diplomasi publik

d)

Pikeun para guru malar ngawangun kreativitas pangajaran sual diplomasi publikenggoning mateakeun rumaja ku cara workshop jeung kompetisi pilem pondok

e)

Dina raraga ngaronjatkeun kamampuh guru dina nyusun administrasi sakola pikeun ngalengkepan akreditasi

19.

Mana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME). Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…

a)

Sosial

b)

Budaya

c)

Lalampahan

d)

Rumah tangga

e)

Agama

20.

Prak tataan kajadian anu ditataan tina novel di handap kalawan gemet!

(1) Lulus ti pasantrén, Radén Yogaswara digawé ngurus kuda di karaton.

(2) Aya hiji budak anu ngaranna Radén Yogaswara, dumuk di Nagri Tengah.

(3) Radén Yogaswara didik di pasantrén Janggala ku Kiai Abdul Mugni.

(4) Radén Yogaswara apal yén dirina masih aya turunan ménak, nu matak boga angen-angen hayang jadi pangawasa.

(5) Radén Yogaswara dijurung ku bapana pikeun ngalap élmu agama jeung ngabdi ka Kangjeng Dalem.

(Mantri Jero – Radén Méméd Sastrahadiprawira)

Dumasar kana runtuyan kajadian di luhur, sangkan merenah maka urutan galurna nyaéta

a)

(2), (4), (5), (3), (1)

b)

(1), (3), (5), (2), (4)

c)

(2), (3), (5), (4), (1)

d)

(2), (4), (5), (1), (3)

e)

(1), (2), (3), (5), (4)