
Wawancara Bahasa Sunda Kelas X
Authored by Fitria Ulfah
Education
10th Grade
Used 137+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
15 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun samemehna disebut ....
paguneman
wawancara
warta
sawala
biantara
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Tengetan bagian-bagian tina kagiatan wawancara ieu di handap!
(1)Ngawanohkeun
identitas diri ka narasumber.
(2)Amitan
ka narasumber ku cara sasadu jeung nganuhunkeun.
(3)Neangan
jejer anu rek diwawancarakeun.
(4)Nepikeun
pananya anu patali jeung jejer wawancara.
(5)Nepikeun
tujuan wawancara.
Kagiatan anu ilaharna ditepikeun dina bagian bubuka wawancara dituduhkeun ku nomer....
1 jeung 3
1 jeung 5
2 jeung 4
2 jeung 5
3 jeung 4
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Kagiatan anu kudu dilakukeun dina bagian eusi wawancara nyaéta....
ngarahkeun naon-naon anu rek didiskusikeun sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara
nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan jeung mere tanggapan
ngagunakeun tatakrama basa make ragam basa loma
nyieun laporan dina wangun paguneman jeung narasi
kagiatan nyindekkeun jeung nutup wawancara
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Kagiatan nyieun kacindekan dina wawancara ilaharna aya dina bagian....
bubuka
eusi
panutup
manggalasastra
prolog
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Jalma anu dipercaya pikeun mere jawaban nu mangrupa informasi atawa data anu diperlukeun ku nu ngawawancara disebut....
narator
notulen
narasumber
wartawan
moderator
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Baca téks wawancara ieu di handap!
Murid: “Bapa kumaha damang?”
Pa Guru: Alhamdulillah, sae. Kumaha sawangsulna?”
Murid: “Alhamdulillah. Pangesto. Pa hatur nuhun tos nyayogikeun waktos kanggo ieu wawancara.”
Pa Guru: “Muhun sami-sami.”
Téks wawancara di luhur kaasup kana bagian....
bubuka
eusi
panutup
manggalasastra
prolog
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Baca téks wawancara di handap!
A: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?
B: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.
Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
pamaén senior
bobotoh jeung pamaén senior
kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding
Viking sok ngabring ngadukung Persib
pamaén senior nu wawuh ka bobotoh
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?