Dio: “Padamelan bapa salian janten guru agama di sakola, aya padamelan sanés teu, Pa?”
Pa Pepep : “Janten ustadz atanapi guru ngaji.”
Dio: “Langsung wé nya Pa kana jejer anu badé ditaroskeun.”
Pa Pepep : “Sok atuh mangga.”
Dio: “Kumaha pamadegan bapa ngeunaan paripolah rumaja jaman ayeuna?”
Pa Pepep : “Ceuk bapa mah, budak ayeuna téh itu embung, ieu horéam. Jigana budak ayeuna mah tong boro ngaji, maca buku pangajaran gé mumul. Digawé jadi kedul. Malah sok kalah ka loba ngawadul. Kadituna mah loba kibul.”
Dio: “Kinten-kintenna kasang tukangna naon, Pa? Nu matak ngabalukarkeun éta hal téh?”
Pa Pepep : “Anu paling kuatna mah faktor lingkungan, lingkungan kulawarga,
lingkungan sosial, lingkungan media. Nu paling utamana mah lingkungan kulawarga.”
Dio: “Numutkeun bapa, kamajuan teknologi pangaruhna kana paripolah rumaja jaman ayeuna?”
Pa Pepep : “Ngaruh pisan. Justru nagara urang téh keur dijajah. Can merdéka sabenerna mah. Da kanyataanana masih dijajah.”
Dio: “Naon sababna, Pa?”
Pa Pepep : “Ku sabab imanna turun-naék. Keur meumeujeuhna néangan jati diri.’
Dio : “Naon waé anu kudu dipilampah ku ibu rama sangkan kaum rumaja jaman ayeuna henteu kapangaruhan kana pergaulan bebas?”
Pa Pepep : “Ngatik jeung ngadidik kudu bener-bener. Nu jadi fondasi utama nyaéta agama. Élmu agama kudu dinomerhijikeun. Apanan aya hiji ungkara kieu élmu tanpa iman, sasar. Iman tanpa élmu, buta. Jadi, sakumaha pinterna lamun teu iman, dicap goréng. Nu iman tapi teu pinter, angger bakal dicap goréng deui waé.”
Dio : “Naon balukarna saupama tina pergaulan bébas pisan?” ...
Jejer tina sempalan wawancara di luhur nya éta . . . .