Baca sempalan carita pondok ieu di handap sing daria!
Geus lila kuring ninggalkeun lembur, malah geus betah deui di pangumbaraan téh. Réa dulur nu nitah balik, hayang riung-mungpulung pakokolot cénah, tapi kuringna horéam. Kahiji goréng-goréng gé geus boga sasaungan, piraku kudu ngahagal kuriak deui di lembur, batan sakieu sagala mahal téh. Kaduana nya kitu téa ari di lembur mah sahenteuna sok sagala kadeuleu jeung kadéngé, bubuhan paungku-ungku jeung dulur, geus béak sono mah sok timbul cékcék-bocék, urusan saeutik gé sok dijajadikeun. Cék kolot gé, dulur mah ari jauh seungit kembang,ari deukeut bau “taeun”. Nu matak mending jauh, seungit waé kaambeuna ti kajauhan téh, nyaah jeung asih téh manjang.
Dumasar sempalan carita pondok di luhur, naon nu jadi alesan tokoh kuring hoream mulang deui ka lemburna…