
ASESMEN SUMATIF AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS 6
Authored by Neneng Nurlena
Other
6th - 8th Grade
Used 5+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
25 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Béré tanda cakra (x) dina aksara a, b, c, atawa d dihareupeun jawaban anu bener!
Pangaruh globalisasi ngalantarakeun mekarna kabeungharan kecap basa daérah keung basa Indonésia. Kecap-kecap serepan tina basa deungeun asup kana basa Sunda jeung basa Indonésia ku ayana globalisasi. Kecap-kecap anu teu aya sasaruaanana nambahan kana basa Sunda jadi kecap serepan anu beuki nyiptakeun kabeungharan basa daérah kaasup basa Sunda.
Nanging ti kitu, globalisasi ogé méré pangaruh séjén anu dampak na lalaunan kakara karasa ayeuna diantarana para pamuda nu leuwih milih diajar ngagunakeun basa dengeun tuluy ninggalkeun basa daérah lantaran dianggap géngsi ogé ngagambarkeun ciri jeung gaya hirup modern. Peran média nu beuki ngalegaan teu diimbangan ku usaha sosialisasi basa daérah anu hadé jeung bener ngajadikeun masarakat kiwari leuwih resep ngawasaan basa deungeun. Kukituna lamun masarakat urang tepika paéheun dina ngagunakeun basa Sunda, laun-laun basa Sunda bisa tilem lantaran jarang dipaké. Kitu deui lamun hésé néang jelema nu ngawasaan basa Sunda.
Pangaruh goréng globalisasi nurutkeun wacana di luhur, nyaeta ….
A. Basa Sunda nu laun-laun nambahan kabeungharan kecap lantaran pangaruhna
B. Gaya hirup modern anu laun-laun bisa nilemkeun basa Sunda
C. Peran média nu beuki ngalegaan teu diimbangan ku usaha sosialisasi basa daérah
D. Laun-laun nambahan kecap-kecap serepan tina basa deungeun kana basa Sunda
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Laun-laun basa Sunda bisa tilem lantaran jarang dipaké.
Harti kecap anu digaris handap dina kalimah di luhur nyaéta….
A. titeuleum
B. tikelebuh
C. ngalengit
D. paéh
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Kalimah anu ngagunakeun rarangkén hareup pang- nyaéta ....
A. Modél baju ieu pang alusna lantaran kaluaran anyar
B. Buah sadingkul nu di panggul kamari ku bapa
C. Kaparengan Mira jeung Asép panggih di pasar
D. Éta pangajul ampihan sing apik ulah ditunda dimana waé
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Kalimah anu merenah pikeun harti paribasa ulah nepi ka jati kasilih ku junti nyaéta ...
A. Ngawitan ayeuna mah biasakeun cicing di imah bisi engké na tepika jati kasilih ku junti
B. Dina jaman globalisasi urang kudu mageuhan jati diri, ulah nepi ka jati kasilih ku junti
C. Ari diajar téh kudu fokus, ulah sok bari ngomé HP bisi kawas jati kasilih ku junti
D. Barudak paraséa kawas jati kasilih ku junti
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Baca paguneman di handap pikeun ngajawab soal nomer 5-6!
1. Dava : “Dul, énjing badé luring?”
Abdul : “Nya badé atuh Dav. Na kumaha kitu?”
Dava : “ Abdi mah moal tiasa eung, badé ngiring ka Cimahi.”
Abdul : “Oh, kitu!”
Dava : “Muhun, pangawartoskeun ka ibu nya!”
Abdul : “Nya aya naon, bet ka Cimahi?”
Dava : “Tos lami wé hoyong ka Aki.”
Abdul :”Siap ké diwartoskeun.”
Dava : “ Nuhun nya, Dul.”
Numutkeun tina paguneman di luhur, kecap luring saharti jeung ....
A. diajar tina internét
B. diajar tina HP
C. diajar online
D. diajar langsung jeung guru
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Kasimpulan tina paguneman di luhur nyaéta ....
A. Abdul nitip béja rék diajar luring jeung bu guru
B. Dava moal bisa luring lantaran indit ka Cimahi
C. Dava nitip béja rék diajar luring jeung bu guru
D. Abdul moal bisa luring lantaran indit ka Cimahi
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 4 pts
Barudak keur nyarépak bal di lapang sakola.
Kecap nyarépak asal kecapna tina ....
A. nyépak
B. sépak
C. sésépak
D. nyépakan
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?