NEW
Font size
WorksheetsULANGAN BASA SUNDA KELAS XII
Total questions: 25
Worksheet time: 23mins
"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan minangka wawakil ti siswa kelas X sareng kelas XI, seja cumarios ngedalkeun kereteg manah sareng ngawilujengkeun ka siswa kelas XII"
1. Sempalan téks biantara di luhur kaasup kana bagian…
Bubuka
Mukadimah (bubuka)
Ngadadarkeun tujuan (eusi)
Salam panghormat
Dadan : “Damang, Bi?”
Bi Téti : “Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?”
Dadan : “Alhamdulillah abdi ogé. nuju naon Bi Téti di dieu?”
Bi Téti : “Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?”
Dadan : “itu pun biang miwarang mésér salédri, badé ngadamel sayur sop saurna.”
2. Dina paguneman di luhur kecap mésér mangrupa basa lemes keur sorangan, basa lemes keur baturna nyaéta…
Meuli
Ngagaleuh
Mésér
Milari
Di handap ieu mangrupa mangpaat biografi, iwal (kecuali)…
Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong
Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh
Biografi hiji tokoh bagian tina dokuméntasi sajarah
Jadi nyirorot motivasina pikeun hirup
4.Nulis kalimah “kuring lahir taun 2003” maké aksara Sunda anu merenah nya éta…
6.pacikrak ngalawan merak, cécéndét mandé kiara
kalimah di luhur lamun ditulis kana aksara Sunda anu merenah, jadi…
6.nu kaasup dongéng farabel nyaéta…
Geus kitu mah wur wéh siki randu téh diawur-awur di jero kebon cau. Tah, ti waktu harita, cénah, cau manggala sikian téh, keuna ku supata Mama Léngsér. Geuning cau manggala mah sikina téh siga pisan siki randu, nya!
jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanna sok buburuh ngangon domba.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarang Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Sakadang Peucang tuluy néangan siasat sangkan bisa nulungan sakadang monyét tina bahaya. Ahirna, ku kapinteranana, sakadang monyét salamet jeung sakadang peucang bisa ngéléhkeun sakadang maung.
7.Carita wayang nu nyaritakeun perang antara kulawarga Pandawa jeung kulawarga Kurawa alatan parebut tahta karajaan warisan ti karuhunna, kaasup kana babon…
Ramayana
Pandawa
Anoman
Mahabarata
8.Tengetan carpon ieu di handap!
Taneuh dikeduk beuki luhur. Lombangna beuki jero. tanaga kedah tambih ageing supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaéran dina lombang téh kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nyésa pisan. Aki Uki ngaraos lungsé, dugi ka teu tiasa hanjat gé. Nya reureuh bari ngumpulkeun tanaga.
Pasipatan tokoh Aki Uki dina sempalan carpon di luhur nya éta…
Getol digawé
Gampang lungsé
Teu sabaran
Getol diajar
9.Baca ieu guguritan di handap kalawan gemet!
Néléngnéngkung asih indung
Nu ngayuga beurang peuting
Beurang dijaga kamelang
Peuting dijaring kaéling
Muga manjang dina beurang
Muga éling dina peuting
Ditilik tina guru lagu jeung guru wilanganna, guguritan di luhur ditulis maké aturan pupuh…
Sinom
Kinanti
Dangdanggula
Pangkur
10. Baca ieu sisindiran di handap kalawan gemet!
Cau naon cau naon
Cau kulutuk dihuru
Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru
Sisindiran di luhur miboga watek…
Sésébréd
Silih asih
Piwuruk
Nasehat
11. Baca ieu wawangsalan di handap!
Kampus panyitakan guru
jalan macét hésé nepi.
Eusi tina wawangsalan di luhur nyaéta…
UIN
UPI
Unpad
ITB
12. Tengetan rumpaka kawih di handap!
Colénak peuyeum Bandung
Katuangan sederhana istiméwa
Cacah ménak sagala pada misuka
Moal puyeng najan séép tilu piring
Colénak dicocol énak
Kakoncara sabuana
Kaolahan urang Sunda
Warisan kolot baheula
Téma dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...
Masalah sosial
Agama
Kadeudeuh
Warisan Kabudayaan Sunda
13. Ungkara “Colénak dicocol énak, kakoncara sabuana” kaasup kana gaya basa…
Métafora
Hiperbola
Personifikasi
Eufimisme
14. baca ieu sajak di handap!
Lemah Cai Kuring
(Apip Mustopa)
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning loba kahariwang
Rasa dina Sempalan sajak di luhur nya éta…
Sombong
Éra
Prihatin
Handap asor
15. Jenis mantra anu dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeuri sangkan cageur, nya éta….
Jangjawokan
Asihan
Jampé
Ajian
16. Di handap ieu mangrupa unsur instrinsik nu aya dina novél, iwal…
Jejer (téma)
Palaku (tokoh)
Latar (setting)
Sosial kabudayaanna
17. “Ari jadi budak téh kudu daék dititah, lain cicing wé api-api teu ngadéngé!”
Babasan nu payus pikeun kalimah di luhur nyaéta…
Leutik burih
Gedé hulu
Beurat birit
Béngkok tikoro
18. Baca ieu sempalan wawacan di handap!
Kasmaran kaula muji,
Ka Gusti Ajawajala,
Nu murah ka mahluk kabéh,
Jeung muji utusanana,
Kangjeng Nabi Muhammad,
Nyaéta Nabi panutup,
Miwah muji sahabatna
Sempalan téks wawacan di luhur kaasup kana bagian…
Alofon (Manggalasastra)
Eusi
Kolofon
Panutup
19. Nu teu kaasup kana struktur carita pantun nyaéta…
Rajah pamuka
Déskripsi
Dialog
kolofon
20. Jenis artikel anu leuwih jero analisisna, nu nulisna medar topik bahasan tina sababaraha disiplin élmu jeung boga pangaweruh anu jembar, nyaéta…
Opini
Esey
Kolom
Feature
21. “Ibu saya menyuruh membeli seledri, katanya untuk membuat sayur sop kesukaan bapak saya.”
Tarjamahan kana basa Sunda nu merenah nyaéta…
Pun Ibu miwarang mésér saledri, saurna kanggé ngadamel sayur sop pangaresep pun bapa
Pun biang miwarang ngagaleuh saledri, saurna kanggé ngadamel sayur sop pangaresep pun bapa
Pun biang miwarang mésér saledri, saurna kanggé ngadamel sayur sop pangaresep pun rama
Pun biang miwarang mésér saledri, saurna kanggé ngadamel sayur sop pangaresep pun bapa
22. Di handap ieu mangrupa pancén jadi panata acara (MC), iwal ti…
Nyusun acara nu basajan bari teu kudu koordinasi jeung pihak panitia
Muka jeung nutup acara
Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara
Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalma-jalma petingan
23. Salian ti faktual, warta ogé ngabogaan sipat anu actual anu hartina nya éta…
Heubeul
Anyar
Nyata
Rékaan
24. Drama anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun nyaéta…
Longsér
Banjet
Gending karesmén
Téater
25. Bagian drama nu eusina mangrupa panganteur carita saacan asup kana adegan nyaéta…
Dialog
Monolog
Prolog
epilog
