wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULHAR KELAS XII

Total questions: 20

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...

a)

pedaran

b)

éséy

c)

makalah

d)

artikel

e)

skripsi

2.

anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh diantarana waé nyaéta...

a)

wangun huruf atawa font nu digunakeun

b)

aya henteuna daptar rujukan

c)

eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah

d)

alus gorengna basa nu digunakeun

e)

panjang pondokna karangan

3.

ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...

a)

mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel

b)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

c)

baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat

d)

catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

e)

dicatet sakabéh eusina kana buku catetan

4.

dina taun 1982, pemugaran Gunung Padang dieureunkeun lantaran...

a)

lebu Gunung Galunggung ngubur situs Gunung Padang

b)

batu-batuna parageuh teu bisa dionggét-onggét

c)

masarakat sabudeureun Gunung Padang démo teu panuju

d)

gawir di Gunung Padang urug

e)

Arkenas kakurangan waragad keur pamugaran

5.

ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...

a)

alinéa bubuka

b)

alinéa panandes

c)

judul

d)

alinéa panambah

e)

alinéa pamungkas

6.

dicaritakeun yén Prabu Siliwangi kungsi tatapa di Gunung Padang. ngaran sohor séjénna ti Prabu Siliwangi nyaéta...

a)

ratu haji

b)

jagat déwata

c)

raja Sunda

d)

sri baduga maharaja

e)

permana dikusumah

7.

situs mégalitik gunung padang disebut-sebut ku para ahli arkéologi mangrupa situs mégalitik pangrohakana di...

a)

dunya

b)

éropah

c)

asia tenggara

d)

indonésia

e)

jawa barat

8.

dina taun 1980 diayakeun survéy ilmiah, anu nyindekeun yén batu di gunung padang kaasup kana batu...

a)

permata

b)

koral

c)

andesit

d)

gamping

e)

parikesit

9.

ieu di handap mangrupa wanda artikel, iwal...

a)

éksploratif

b)

déskriptif

c)

prédiktif

d)

éksplanatif

e)

naratif

10.

dumasar cara ngébréhkeun eusina, alinéa atawa paragraf téh aya opat rupa, saperti ieu di handap, iwal...

a)

alinéa narasi

b)

alinéa arguméntasi

c)

alinéa déskripsi

d)

alinéa prédiksi

e)

alinéa éksposisi

11.

carita rékaan anu ukurana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, nyaéta...

a)

wawacan

b)

carita wayang

c)

carita pondok

d)

carita pantun

e)

dongéng

12.

nilik kana struktur caritana, carita pantun diwangun ku unsur anu aya di handap, iwal...

a)

rajah

b)

narasi

c)

dialog

d)

monolog

e)

épilog

13.

jalma anu sok magelarkeun carita pantun disebut...

a)

juru sawér

b)

juru atik

c)

juru demung

d)

juru kawih

e)

juru pantun

14.

sabangsa mantra anu dipakéna lamun rék mantun, ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukkeun siluman-sileman, ngaruat, jeung sajabana disebutna...

a)

ajian

b)

jampé

c)

rajah

d)

asihan

e)

jangjawokan

15.

ieu di handap anu henteu kaasup kana judul carita pantun nyaéta...

a)

purnama alam

b)

mundinglaya dikusumah

c)

ciung wanara

d)

badak pamalang

e)

lutung kasarung

16.

carita pantun anu judulna ciung wanara téh asalna ti wewengkon...

a)

tasikmalaya

b)

indramayu

c)

subang

d)

ciamis

e)

bandung

17.

ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaéta...

a)

tokoh miang

b)

tokoh meunang ujian

c)

tokoh aya nu nulungan

d)

tokoh mulang

e)

tokoh lelah

18.

déwi sri téh sok disebut-sebut minangka déwi paré, lantaran...

a)

anu mimiti ngidangkeun dahareun tina paré

b)

anu mimiti nyebarkeun paré di pajajaran

c)

tina kuburanana jadi tutuwuhan, diantarana paré

d)

anu nyiptakeun pepelakan paré di pajajaran

e)

anu mimiti mawa binih paré ka pajajaran

19.

dua jelema anu henteu daék akur, sok paséa baé atawa lamun paamprok téh kudu paséa baé. ninggang dina paribasa...

a)

cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

b)

kandel kulit beungeut

c)

kawas ucing jeung anjing

d)

katempuhan buntut maung

e)

kawas anjing parebut tulang

20.

ujang téh urang pulo kayim nu boga cita-cita kuliah di kota malah mah di PTN paporit saéndonésa. sanajan lain ti kalangan jalma nu aya tapi ujang téh tuluy-tumuluy usaha da manéhna boga anggepan pasti bakal aya hasilna. éta ungkara di luhur téh ninggang dina paribasa...

a)

legok tapak genteng kadek

b)

buruk-buruk papan jati

c)

cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

d)

kabawa ku sakaba-kaba

e)

kawas langit jeung bumi