wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda XII

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

ritual

b)

tradisi

c)

adat

d)

kasenian

e)

pintonan

2.

Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....

a)

daerah istimewa

b)

kampung khas

c)

kampung adat

d)

daerah adat

e)

kampung istimewa

3.
Bakating kubutuh Bi Ijah neangan duit pak pik pek mantuan gawe di Restoran. Nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana
4.
Balik ti saung si Cepot ngobrol sapanjang jalan sabari tatajong. Kecap nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana
5.
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebut....
a)
Wawancara
b)
Hikayat
c)
Carita pantun
d)
Dongeng
e)
Carita wayang
6.
Di handap ieu nu teu kaasup kana kulawarga Semar dina carita wayang sunda, nyaeta....
a)
Cepot
b)
Dewala
c)
Gareng
d)
Togog
e)
Nyi Sutiragen
7.

Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ....

a)

ngamulyakeun karuhun

b)

nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar

c)

nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

d)

sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén

e)

tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit

8.

Dogdog Lojor téh kasenian nu sok dipintonkeun dina tradisi Sérén Taun. Mana gambar ieu di handap anu nuduhkeun kasenian dogdog lojor?

a)
b)
c)
d)
e)
9.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

paranti digelarna acara kasenian

c)

gudang paranti nyimpen paré

d)

tempat anu dikaramtakeun

e)

gudang paranti nampung barang babawaan

10.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....

a)

genep bulan

b)

tujuh bulan

c)

dalapan bulan

d)

salapan bulan

e)

tilu bulan

11.

Tujuh rupa kadaharan dina trdaisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ....

a)

rujak kanistrén

b)

beubeutian

c)

bubuahan tujuh rupa

d)

jajambaran

e)

pakaulan

12.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...

a)

éksposisi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

arguméntasi

e)

pérsuasi

13.
Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...
a)
dagelan
b)
punakawan
c)
pangiring
d)
bodoran
e)
setiakawan
14.
Jumlahna aya 100 urang sarta lahir tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta…
a)
Pandawa
b)
Wayang Buta
c)
Kumbakarna
d)
Kurawa
e)
Amerta
15.

Carita wayang teh salah sahiji pintonan nu aya di tatar Sunda nu caritana nyandak tina carita pawayangan ti India. Di handap ieu nu teu kaasup kana bedana carita wayang Sunda jeung India nyaeta...

a)

di tatar Sunda mah aya tokoh Punakawan

b)

di India Drupadi teh pamajikan Pandawa

c)

di tatar Sunda tokoh Gatotgaca teh lain tokoh penting

d)

di tatar Sunda Drupadi teh pamajikan Yudistira

16.

Waditra nu sok dipake ku juru pantun dina medar carita nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
17.

Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...

a)

Hiburan

b)

Beton

c)

Ritual

d)

Sakral

e)

Mantra

18.

Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...

a)

Rajah

b)

Narasi

c)

Dialog

d)

Monolog

e)

Deskripsi

19.

Nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté, disebut...

a)

Deskripsi

b)

Monolog

c)

Dialog

d)

Narasi

e)

Rajah

20.

Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Monolog

d)

Dialog

e)

Rajah