Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BASA SUNDA_XI

Total questions: 40

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.
Naon wae anu kaasup kana pakeman basa?
a)
Basa Lemes
b)
Basa Kasar
c)
Gaya basa
d)
Basa Gaya
e)
Basa Loma
2.
Naon wae anu Kaasup Kana pakeman basa Paribasa?
a)
Wawaran luang jeung Babasan
b)
Panjurung laku hade jeung Kila kila
c)
Panyaram lampah salah jeung Gaya Basa
d)
Wawaran Luang jeung Panjurung Laku hade
e)
Panyaram lampah salah jeung Gaya basa
3.
“Kudu hadé gogog hadé tagok” hartina…….
a)
Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
b)
Kudu bisa mawa awak
c)
Ku hade panampilan
d)
Kudu direncanakeun kalawan hade
e)
ulah nurutan kalakuan batur an goreng
4.
“Kudu bisa kabula ka bale” hartina ...
a)
Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
b)
Kudu bisa mawa awak
c)
Ku hade panampilan
d)
Kudu direncanakeun kalawan hade
e)
ulah nurutan kalakuan batur an goreng
5.
" Tong sok tuturut muning" hartina …
a)
Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
b)
Kudu bisa mawa awak
c)
Ku hade panampilan
d)
Kudu direncanakeun kalawan hade
e)
ulah nurutan kalakuan batur an goreng
6.
Kumaha pok-pokanana upama moderator ngatur acara saméméh lumangsungna tanya jawab?
a)
“ku margi waktosna mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
b)
“Kanggo nu badé ngadugikeun patarosan, ulah hilap nyebatkeun jenengan sareng nomer absénna!”
c)
“Salajengna mangga urang tutup waé ieu acara diskusi ku ngaos hamdalah sasarengan.”
d)
“Sadérék anu dipihormat, Alhamdulillah waktos kanggo acara diskusi parantos réngsé.”
e)
“Salajengna mangga urang tutup waé ieu acara diskusi ku ngaos hamdalah sasarengan.”
7.
Moderator nétélakeun yén waktu diskusi méh teu nyukupan, pok-pokanana ….
a)
“Tah, kitu geuning pamadegan Rika ti Kelompok Hiji mah. Cing kumaha pamadegan réréncangan Kelompok Lima. Katampi éta pamadegan ti Kelompok Lima téh?”
b)
“Tah, kitu geuning para sadérék pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima téh . Mugia waé Sadérék sadayana sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé.”
c)
“Ku margi mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
d)
“Manawi aya deui nu bade naroskeun?”
e)
“Nu ditaroskeun téh aya tilu rupi, nya éta 1) …. 2) …. 3) ….”
8.
Kumaha merenahna pok-pokan moderator saméméh mungkas diskusi?
a)
“Ku margi mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
b)
“Sadérék sadayana, waleran ti kelompok lima téh nétélakeun yén tatakrama basa téh dipaké pikeun silih ajénan papada jalma nu nyaritana.”
c)
“Sadérék sadayana, urang dangukeun waleran ti Kelompok Tujuh. Salajengna mangga ka Kelompok Tujuh dihaturanan kanggo ngawaler eta patarosan!”
d)
“… sim kuring neda dihapunten bilih salami mingpin sawala aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala ku ngaoskeun hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbil’alamiin”.
e)
“Éta matéri bakal dipedar ku réréncangan ti Kelompok Tujuh.”
9.
Ngalarapkeun ragam basa kasar dina situasi ngambek aya dina kalimah ....
a)
Teu kenging heureuy, bisi disintreuk!
b)
Geura pasihan nyatu hayam téh!
c)
Doma teh pagawean na ngan Nyatuan we
d)
Ari bapa Dahar jeung naon
e)
Punten Pisan
10.
“ Ki, manawi …. perkawis Talaga Bandung?”
a)
Uninga
b)
Nyaho
c)
Paos
d)
Terang
e)
Apal
11.
Punten Pa, abdi ……. waktosna sakedap, abdi bade ngiring tumaros”
a)
Ngaganggu
b)
Ngagawel
c)
nyuhunkeun
d)
Maksa
e)
Ngawagel
12.
“ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!”
a)
Sakedap
b)
Sakapeung
c)
Sakeudeung
d)
Sakedeng
e)
Saliwat
13.
“Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
a)
Sare'na
b)
Re'hatna
c)
mondokna
d)
Kulemna
e)
Bobona
14.
“Bulan keur ngintip dina sela-sela méga”. Kaasup kana gaya basa ….
a)
Hurunan
b)
Pars proto
c)
Kadalon
d)
Mijalma
e)
Metapora
15.
Basa Sunda nu digunakeun nalika urang nulis karagan nu sipatna ilmiah, nya éta basa ....
a)
Loma
b)
Lemes pisan
c)
Hormat
d)
Lemes
e)
Hormat pisan
16.
Paribasa anu ngagambarkeun tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung nu jadi kolotna nyaeta..…
Paribasa anu ngagambarkeun tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung nu jadi kolotna nyaeta..…
a)
Uncal tara ridueun ku tanduk
b)
Uyah mah tara tees kaluhur
c)
Wiwirang di kolong catang
d)
Umur gagaduhan
e)
ulah ku meok memeh di pacok
17.
Wacana Warta Flu Burung téh salahsahiji panyakit anu dibalukarkeun ku virus H5N1 anu sumebarna ngaliwatan sato unggas saperti soang, hayam, manuk jeung sabangsana. Kiwari ieu wabah téh pangdipikasieunna ku sakumna masarakat nu aya di dunya sabab geus nimbulkeun palastrana jalma nu katerap ku éta virus. Dumasar kana data ti Departemen Kasehatan, Indonesia kaasup nagara nu nyicingan rengking kahiji di dunya anu katerap ku flu burung. Propinsi Jawa Barat pisan nu panglobana katerap ieu panyakit. Korban flu burung nu pangheulana nyaéta warga Kacamatan Serpong Kabupaten Tanggerang Banten, Iwan Siswana Rafei (38 taun) jeung dua anakna Sabrina Nurul Aisah (8 taun) jeung Talita Nurul Azizah (sataun). Ti Séptémber 2005 sumebarna flu burung terus nérékel. Salila sabulan satengah kapanggih 19 kasus. Warga nu keuna flu burung tina éta kasus di antara baé saurang ti Subang, 4 urang ti Indramayu, nu séjénna sumebar di Jawa Barat jeung Banten. Pikeun narékahan sumebarna flu burung, di wewengkon anu loba miara sato unggas dipariksa ku tim kasehatan. Malah di sababaraha wewengkon saperti Bekasi jeung Kabupaten lebak, ingon-ingonna nu kabuktian ngandung virus H5N1 kudu dimusnahkeun. Paraahli kasehatan Uni Eropa ogé ngayakeun riungan pikeun ngungkulan sumebarna flu burung. Tina 90 nu katerap flu burung, di tingkat dunya, nu jadi korban téh satengahna urang Asia Timur kaasup Turki jeung Irak Timur. Hasil tina éta riungan, kaputusan anu mimiti kudu dipigawé téh nyaéta ngamusnahkeun sato unggas. (ti sababaraha sumber). Naon anu dicaritakeun dina ieu Warta?
a)
Flu burung
b)
Virus H5N1
c)
Wabah sato unggas
d)
Kaskit flu
e)
Flu Ganas
18.
Flu burung téh salah sahiji panyakit anu dibalukarkeun ku….
a)
Virus Influenza
b)
Virus H5N1
c)
Kuman
d)
Bakteri
e)
Virus tipus
19.
Naon kaputusan tina riungan para ahli kasehatan Uni Eropa anu mimiti kudu dipigawé pikeun ngungkulan sumebarna flu burung?
a)
ngamusnahkeun sato unggas
b)
Ngamusnahkeun Virus H5N1
c)
Ngamusnahkeun korban flu burung
d)
Nyalametkeun korban fku burung
e)
Ngarumuskeun organisassi kesehatan
20.
“Punten putra Ibu téh kirang dina pelajaran matematikna.”
a)
eupimisme (rautan)
b)
hiperbola (rarahulan)
c)
personifikasi (mijalma)
d)
Metapora
e)
Litotes (ngasor)
21.
Conto kalimah anu nuduhkeun kana gaya basa hiperbola (rarahulan) nyéta......
a)
Punten pang nuntunkeun pun aki da tos kirang titingalanna
b)
Manéhna ngajerit maratan langit basa ngadénge bapana maot
c)
Abdimah ngaos téh dina alip-alipan kénéh
d)
Bulan nembongan deui
e)
Ah da bumi abdimah ukur saageung pelok
22.
SAPÉDAH LAMUN pareng paamprok di jalan jeung nu sarua tumpak sepédah, Juandi sok ngarasa reugreug. Lain kuring wungkul geuning, nu lian gé aya nu kana sepédah téh, gerentesna bari ngaboséh. Ngan meureun bédana batur mah ukur sakali-kalieun tumpakna, sedengkeun manéhna mah unggal poé. éta gé lain teu hayang buar-biur kawas batur tumpak motor. Kungsi diajar di lapang tukangeun imahna. Tapi nya-kitu ari diajar geus kolot mah, kurang kawani, padahal harita geus eungkeut-eungkeut kana bisa. Tapi basa rék, ngajaran ka jalan gedé nabrak tukang baso, tanggunganana nepi ka bahé Atuh Juandi sanduksanduk, jaba ngagantian mangkok anu pareupeus. Ti harita tara pirajeunan deui tumpak motor. “Juandi tumpak sepédah baé, engké leumpang égang geura.” Cék Uho batur sakolana keur di SD. Manéhna bangun rék balik, nungtun motorna. Juandi nyahoeun adat Uho cawadan, matak ku manéhna tara diwaro. Juandi tonggoy wé nungtun sepédah nepi ka lawang pager imahna. Uho nu ngajanteng teu dilayanan. Sepédah keur manéhna lain ngan ukur kendaraan paragi ka kantor, tapi aya carita anu moal bisa dipopohokeun. Teuing taun sabaraha dibeulina, da basa karék asup ka SD ogé geus nyampak. Inget basa bapana aya kénéh, manéhna sok diajak nyiar endog ka sakur nu baroga meri. Juandi anjeucleu diuk diboncéng mawa ciréng wadah endog. Mun seug inget ka dinya haténa sok ngarakacak. Atuda udar-ider dagang téh nepi ka kiwari terus dipaju henteu dilésotkeun. Pangna nepi ka bisa digawé gé, éta cukang lantaranana. “Bisi rék ngajual sepédah aya nu butuheun.” Cék Uho basa Juandi keur ngukey nyetél pélek. “Moal, lebar,” témbal Juandi bangun keuheul. “Geus lain jamanna tumpak sepédah mah.” Uho ngécé. “Kumaha urang, rék jaman rék lain, nu penting nepi ka tujuan tur salamet,” témbalna. “Payu dua juta tah Juandi mun dijual mah. Ladangna paké uang muka keur ngiridit motor. Bisi butuh motor urut, aya di babaturan kuring. Ieu gé yeuh cacak urut, hadé pan,” cék Uho reueus, bari ngalak-ngilik motorna. “Lain teu butuh ku barang Ho. Kuring mah tumpak sepédah gé cukup, genah awak hararampang.” “Keur nanahaon atuh ladang usaha, ari teu dipaké mah!” Cék Uho nyetater motor, biur indit, teu nolih ka nu keur ngoprék ngomékeun sepédah. Saléosna Uho Nyi Ramsih pamajikanana norojol ti dapur, kakara bérés ngagéroh endog asin kulubeun. “Naon deui Uho téh Kang?” “Nawaran, bisi rék meuli motor.” “Butuh ku paleuleuwihna meureun. Kawantu legag-legig euweuh gawé manéhna mah,” Cék Nyi Ramsih bari nutupkeun panto. Sanajan teu maliré, tapi ari mindeng-mindeng teuing mah, caritaan Uho téh sok matak nyeri kana haténa. Unggal poé Juandi indit ti imahna matuh, pukul tujuh. Kurang leuwih sajam di jalan geus nepi. Juandi tara kungsi kabeurangan, malah manéhna nu sok datang pangisukna. Ku kitu téana mah tanggung jawab kana tugasna salaku penjaga. Réngsé bébérés di jero, laju sasapu di buruan, kurad-koréd jukut nu jaradi dina sela-sela paving blok. Pikeun manéhna jadi pagawé najan ukur pasapon ogé ngarasa sukur. Balikna bisa ngamangpaatkeun sésa waktu nu aya. Lian ti dagang endog, neruskeun tapak lacak kolotna. Usum panén sepédah dipaké ngojég ségon. Saha anu nawaran motor ka Juandi?
a)
Ramsih
b)
Bapana Uho
c)
Uho
d)
Indungna Juandi
e)
Pamajikan Juandi
23.
Naon sababna Juandi teu daék numpak deui?
a)
kapok pédah kungsi nabrak tukang baso
b)
teu boga duit keur meulina
c)
resep keneh tumpak mobil
d)
sapédahna masih weuteuh
e)
motorna teu aya anu sae
24.
Kumaha perasaan Juandi mun aya batur anu tumpak sapédah siga manéhna?
a)
sok ngarasa 'era
b)
sok bungaheun
c)
ngarasa kasaingan
d)
sok ngarasa reugreug
e)
ngarasa karunya
25.
Naon anu ditéangan ku Bapana Juandi waktu Juandi keur letik bari tumpak sapedah?
a)
meri
b)
hayam
c)
endog hayam
d)
endog puyuh
e)
endog meri
26.
Salian dipaké ka kantor sapédah ku Juandi sok di paké.....
a)
dagang endog jeung ngojég ségon
b)
dagang sayuran ka pasar
c)
nganteurkeun anakna ka sakola
d)
nganteurkeun pamajikanna ka huma
e)
ngala se'gon kasawah
27.
Naon alesan juandi embung lepas dina sapedah heubeulna?
a)
teu bga duit kermeulina
b)
sapedahna mawa carita anu moal bisa di popohokeun
c)
barang Antik
d)
teu wani mun tumpak motor mah
e)
dicaram ku pamajikanna
28.
Rampak Gawé Hayu urang pada karumpul, batur Beberesih sakola urang Digawé rampak babarengan, dulur Tempat urang beresih tur séhat Digawé ulah rék talangké, batur Anggur digawé sing rancagé Gotong royong tur sauyunan, dulur Rampak gawé, hasilna mucekil Reff : Sakola jadi beresih Diajar matak betah Sakola resik tur asri Diajar héy tur tumaninah. Sabaraha pada Kawih di Luhur?
a)
5 pada
b)
4 pada
c)
3 pada
d)
2 pada
e)
sapada
29.
Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a)
Masing masing kudu beberesih
b)
Saréréa kudu daék nitah beberesih
c)
Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d)
Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e)
Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poe
30.
Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
a)
Lingkungan bakal resik
b)
Sakola bakal pikabetaheun
c)
Lingkungan sakola jadi séhat
d)
lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
e)
Lingkungan sakola jadi éndah
31.
Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a)
Kudu daék beberesih
b)
Mun hayang maju kudu digawé
c)
Sakoamun la bakal resik siswana beberesih
d)
pagawéan mucekil kucara gotong royong
e)
lamun sakola beresih diajar ge bakal tumaninah
32.
Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
a)
Guru guru
b)
Sakabeh Warga sakola
c)
panjaga sakola
d)
Masyarakat
e)
Siswa doang
33.
Kalimah "amis budi" kaasup kana pakeman basa …
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Pamali
d)
Kila kila
e)
Uga
34.
Kalimah "Pulo Jawa bakal dibeungkeur ku besi" kaasup kana pakeman basa …
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Pamali
d)
Kila kila
e)
Uga
35.
Kalimah "Sumedang ngarangrangan" kaasup kana pakeman basa …
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Pamali
d)
Kila kila
e)
Uga
36.
Kalimah "Ulah diuk dina lawang panto mantak nontot jodoh" kaasup kana pakeman basa …
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Pamali
d)
Kila kila
e)
Uga
37.
Kalimah "Ngimpi meunang lauk: tanda arek meunang rezeki" kaasup kana pakeman basa …
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Pamali
d)
Kila kila
e)
Uga
38.
Contoh Wawaran luang yaeta
a)
adat kakurung ku iga
b)
kudu hade gogog hade tagog
c)
tong sok cicing dina lawang panto
d)
Ulah agul ku payung butut
e)
ateul dampal leungeun
39.
Contoh panjurung laku hade, yaeta …
a)
adat kakurung ku iga
b)
kudu hade gogog hade tagog
c)
tong sok cicing dina lawang panto
d)
Ulah agul ku payung butut
e)
ateul dampal leungeun
40.
Contoh panyaram lampah salah, nyaeta …
a)
adat kakurung ku iga
b)
kudu hade gogog hade tagog
c)
tong sok cicing dina lawang panto
d)
Ulah agul ku payung butut
e)
ateul dampal leungeun