NEW
Font size
WorksheetsQuiz Sisindiran
Total questions: 30
Worksheet time: 4mins
Sisindiran asalna tina kecap sindir, anu hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol. kecap togmol sarua hartina jeung...
ngobrol
ngawangkong
ceplas-ceplos
omongan nu dipikiran sopan henteuna
harti tina kecap rakit nyaéta...
balibir
palipir
deukeut
sapasang
harti tina kecap parik nyaéta...
sarua
deukeut
sapasang
balibir
pada = ....
baris
jajar
bait
suku kata
padalisan = ....
jajar
bait
engang
suku kata
engang = .....
baris
jajar
bait
suku kata
nu teu kaasup ugeran sisindiran nyaéta....
dina sapada diwangun ku opat padalisan
dina sapadalisan diwangun ku dalapan engang
basana kedah lemes
diwangun ku cangkang jeung eusi
cangkang dina sisindiran aya dina baris ka...
1 jeung 2
1 jeung 3
2 jeung 4
3 jeung 4
eusi dina sisindiran aya dina baris ka....
1 jeung 2
1 jeung 3
2 jeung 4
3 jeung 4
katumbiri di Cigeulis
ti Citeureup ka Ciamis
kaciri seuri nu geulis
mun diteuteup beuki manis
sisindiran di luhur kaasup kana wangun.....
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
itu gunung ieu gunung
diadukeun ngabeledug
itu pundung ieu pundung
.........................................
marebutkeun sangu huduk
marebutkeun jajaka badung
marebutkeun mojang budug
marebutkeun panakol bedug
batur mah maké kabaya
kuring mah calana waé
batur mah jelema kaya
kuring mah sangsara waé
sisindiran di luhur kaasup kana wangun...
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
lain nyeri ku panyakit
....................................
panangan katojos jarum
kabogoh direbut ku batur
kabogoh direbut batur
seuri lantaran bodor
sisindiran anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana nyaéta....
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
sisindiran anu kaasup kaulinan nu mangrupa pananya anu jawabanna kudu diteguh nyaéta...
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
diteguh = ......
dijawab
dieusian
ditebak
dilengkepan
sisindiran kaasup kana karya sastra dina wangun....
prosa
puisi
pantun
carita
pami dina basa Indonesia mah, sisindiran téh disebutna....
puisi
prosa
pantun
dongéng
imah ngambang di sagara
moal kapalang nya béla
wangsalna?
saung
empang
kapal
mushola
teu beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono
wangsalna?
benang
baso
kaso
sono
inuman warnana hideung
janten réncang keur ngarumpi
wangsalna?
topi
kopi
cai
susu
inuman rasana lada
mun tibra sok kérék nyegrék
wangsalna?
bodrék
korék
arék
bandrék
dadampar di pagulingan
geuning salira teu surti
wangsalna?
kasur
busur
harti
catur
sato naon nu culangung?
sireum
ucing
kutu
gajah
petina hiji mayitna loba
kuburan
kamar mayat
korék api
lomari
tukang naon anu teu bisa ngitung?
tukang tahu
tukang baso
tukang foto
tukang asinan
nu kaasup kana kecap rajékan dwiréka nyaéta...
guru-guru
tulas-tulis
tatajong
sapeupeuting
nu kaasup kana kecap rajékan dwipurwa nyaéta....
guru-guru
tulas-tulis
tatajong
sababaraha
kecap susuruduk kaasup kana kecap rajékan...
dwimurni
dwiréka
dwipurwa
dwimadya
kalimah di handap ieu anu ngandung kecap rajékan dwimadya nyaéta...
hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah
buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan
guru-guru nuju rapat di Auditorium sakola
sapeupeuting kuring lembur migawé pancén sakola
