WorksheetsPanumbu Catur Basa Sunda XI
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Panumbu catur téh sarua jeung….
Panata Acara
MC
moderator
orator
narasumber
Di handap ieu jalma nu sok iluan dina kagiatan sawala, iwal ti….
panata acara
pangjejer
pamilon
panumbu catur
girang serat
Nu dimaksad kagiatan sawala téh nyaéta….
Kagiatan ngadu pamadegan (adu arguméntasi) boh sorangan-sorangan boh ngelompok
Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji informasi nu penting
Kagiatan macakeun hiji kajadian dumasar kana kanyataan
Kagiatan nyarita dua arah antar dua urang atawa leuwih, silih tempas
Kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa leuwih boh mandiri atawa kelompok anu tujuanna pikeun nyawalakeun atawa ngaréngsékeunpasualan disebut .....
sawala
debat
rempugan
rapat
diskusi
Jalma nu miboga pancén nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi nyaéta….
pamilon
panumbu catur
girang serat
panata calagara
pangjejer
Jalma nu miboga pancén pikeun ngatur heula-pandeurina omongan unggal peserta diskusi waktu cacarita disebut....
juru catur
girang serat
panumbu catur
pamilon
pangjejer
Galur kagiatan sawala nu bener di handap ieu nyaéta….
Bubuka ti panumbu catur, kagiatan tanya jawab, pedaran ti pangjejer, panutup
Bubuka ti panumbu catur, pedaran ti pangjejer, kagiatan tanya jawab, nyusun kacindekan, panutup
Pedaran ti pangjejer, kagiatan tanya jawab, panutup
Bubuka ti Panumbu catur, pedaran ti pangjejer, nyusun kacindekan, panutup
Bubuka ti Panumbu catur, kagiatan tanya jawab, nyusun kacindekan
Panumbu catur kedah ngutarakeun pamadeganna dumasar kana pandangan sacara umum. Sikep panumbu catur ieu disebutna sikep….
Nétral
Subjéktif
Objéktif
Aktif
Pasif
Panumbu catur teu meunang mihak ka salasahiji pihak. Sikep panumbu catur ieu disebutna sikep….
Nétral
Subjéktif
Objéktif
Aktif
Pasif
Di handap ieu aya sawatara léngkah anu kudu dipilampah ku panumbu catur, iwal ti….
Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan
Mikanyaho runtuyan acara
Mikanyaho kaayaan pamilon
Mikanyaho riwayat hirup pamilon
Nyiapkeun papakéan anu sopan
Di handap ieu aya sawatara hal nu kedah diucapkeun ku panumbu catur dina muka diskusi, kecuali....
ngucapkeun salam bubuka
ngawilujengkeun sarta nganuhunkeun ka pamilon nu hadir
méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri
méré kasempetan pamilon pikeun nepikeun saran, usul atawa patarosan
ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi
Supados ieu acara diskusi téh langkung hégar, parantos calik sareng urang di dieu hiji ahli dina widang lingkungan sareng penanggulangan bencana nyaéta Bapa Ahmad Soléh anu dibabarkeun di Garut, mancén damel di Badan Pengendalian Lingkungan Hidup minangka pupuhu. Dina dinten ieu anjeunna tos nyiapkeun matéri baris dipedar nyaéta “Tarékah Sangkan Henteu Caah”
Ungkara di luhur mangrupakeun pancén panumbu catur dina muka diskusi, nyaéta….
ngawilujengkeun sarta nganuhunkeun ka pamilon nu hadir
ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi
nepikeun mukadimah
méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri
nangtukeun waktu jeung aturan diskusi
Di handap ieu nu kaasup kana pancén panumbu catur dina ngatur jalanna diskusi nyaéta….
nampung unggal saran atawa patarosan
nangtukeun waktu jeung aturan diskusi
nepikeun mukadimah
ménta dihampura
macakeun deui kasimpulan
Sedengkeun pancén panumbu catur dina nutup diskusi nyaéta….
nampung unggal saran atawa patarosan
nangtukeun waktu jeung aturan diskusi
nepikeun mukadimah
ngawilujengkeun sarta nganuhunkeun ka pamilon anu hadir
macakeun deui kasimpulan
Hal nu kudu dilakukeun ku nu jadi pamilon dina kagiatan sawala nyaéta....
nyatet intisari tina pedaran diskusi
nepikeun jejer pedaran
ménta izin heula ka moderator saumpana badé nepikeun saran/pamadegan atawa patarosan
nengahan anu padungdengan
nyindekeun hasil sawala
Panumbu catur anu parigel mah biasana...
ngahirupkeun suasana diskusi sangkan pikaresepeun
monoton
diskusina matak piboseneun
manaskeun suasana debat jadi leuwih panas
pasif
Pamilon debat kabagi jadi....
kelompok pro jeung kelompok kontra
kelompok pro jeung kelompok netral
kelompok netral jeung kelompok kontra
kelompok sapuk jeung kelompok pro
kelompok aktif jeung kelompok pasif
Dina debat, pamilon debat miboga hak pikeun....
nepikeun pamanggih atawa pamadeganna
ngahina pamilon debat nu sejen mun manehna eleh debat
ngalanggar aturan ti panumbu catur
nyarita di luar materi
nyombongkeun kapinteranna
Panumbu catur dina debat boga wewenang pikeun ....
menteun kelompok dina debat
mamanas salasahiji kelompok debat
ngeureunkeun acara debat mun para pamilon ka luar tina materi debat
mihak salasahiji kelompok debat
ngahina pamanggih salasahiji kelompok debat
Panumbu catur sok diperlukeun dina kagiatan di handap ieu, iwal ti....
sawala
diskusi
rapat
debat
nikahan
Nu mangrupa tata krama dina sawala nyaéta….
Ulah motong omongan batur
mikanyaho riwayat hirup narasumber
kudu loba tatanya
nyarita bari popolotot dina mertahankeun argumen urang
langsung ngomong mun teu satuju jeung pendapat batur
Sawala teh disebut oge....
sidang
rapat
diskusi
debat
pidato
Di handap ieu pernyataan nu salah ngeunaan panumbu catur nyaeta
panumbu catur nyaéta jalma nu ngatur lumangsungna kagiatan sawala
tugas panumbu catur sarua jeung tugas MC
panumbu catur kudu datang leuwih tiheula tibatan pamilon
panumbu catur téh minangka panengah atawa wasit dina kagiatan sawala
panumbu catur kudu nyatet poko-poko penting nu ditepikeun ku pangjejer
Nu teu kaasup kana wanda sawala di handap ieu nyaeta....
seminar
simposium
lokakarya
biantara
saraséhan
Di handap ieu pancen poko panumbu catur, kecuali.....
ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rek disawalakeun
ngeureunkeun pamilon sawala anu nyaritana teu meuseur
nyusun kacindekan sawala
nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu sapaham
nengahan anu padungdengan
