wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

tarjamahan & dongeng

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita dongéng, nyaéta....

a)

sakabéh eusina carita bohong

b)

teu jelas nu ngarangna

c)

sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

awalna kagolong kana sastra lisan

2.

Dina dongéng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, diantarana waé nyaéta....

a)

Raja kahampangan di jamban

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

3.

Anu kaasup kana dongéng parabél nyaéta....

a)

Peucang jeung Tutut

b)

Si Garantang jeung Si Cupak

c)

Sangkuriang

d)

Nyi Roro Kidul

e)

Sunan Gunung Jati

4.

Jaman baheula aya nagara anu geus narikolot, Raja jeung Praméswarina geus parupus, balad-baladna geus roncong, lantaran kaboyong ku musuh.


Sempalan carita dongéng diluhur kaasup kana unsur....

a)

galur

b)

watek palaku

c)

latar

d)

amanat

e)

pamohalan

5.

"Si Hideung muka buntelanana, horéng eusina téh waluh batik sagedé hulu. Éta waluh ku manéhna dibantingkeun kana batu téa bray beulah. Janggélék Si Hideung jadi satria kasép. Jleg nagara, jelema pahibu, pasar ramé ku nu daragang jeung nu baralanja, imah paragpag, karaton agréng ngajenggléng."


Sempalan dongéng diluhur kaasup kana unsur....

a)

watek palaku

b)

galur

c)

latar

d)

amanat

e)

pamohalan

6.

Paham kana galur carita mangrupa modal utama sangkan bisa nyaritakeun deui carita dongéng.


Kalimah diluhur kaasup kana prak-prakan dina....

a)

ngadongéng

b)

ngarang carita dongéng

c)

nulis carita dongéng

d)

maca carita dongéng

e)

nepikeun dongéng

7.

Dihandap ieu nyaѐta sarat suksѐs dina ngadongѐng, iwal ti ....

a)

kudu apal kana galur carita

b)

kudu ngabogaan sora nu alus

c)

kudu ngabogaan tѐhnik vokal anu hadѐ

d)

kudu apal suasana dongѐng

e)

kudu makѐ ѐksprѐsi anu merenah

8.

Harti percaya diri dina ngadongѐng nya ѐta ....

a)

nѐmbongkeun sikap somѐah sarta gumbira

b)

tѐmbongkeun gerakan anu luyu jeung dongѐng anu dicaritakeun

c)

ngarobah intonasi atawa lentong

d)

makѐ kekecapan anu gampang dipikaharti

e)

ngarobah carita tapi nyambung kѐnѐh jeung carita aslina

9.

Anu dimaksud improvisasi dina tѐhnik ngadongѐng nyaѐta ....

a)

nѐmbongkeun sikap somѐah sarta gumbira

b)

ningali ka panongton atawa anu ngaregepkeun

c)

ngarobah intonasi atawa lentong

d)

makѐ kekecapan anu gampang dipikaharti

e)

ngarobah carita tapi nyambung kѐnѐh jeung carita aslina

10.

Mite mangrupakeun dongéng anu nyaritakeun....

a)

sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa

b)

dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan

c)

hiji kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah

d)

kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah

e)

nyaritakeun paripolah jalma atawa kahirupan sapopoé

11.

Aya carita "Nyi Roro Kidul" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng....

a)

parabél

b)

légénda

c)

sagé

d)

mite

e)

babad

12.

Istilah tarjamah téh asalna tina basa....

a)

Indonésia

b)

Inggris

c)

Arab

d)

Latin

e)

Yunani

13.

Narjamahkeun karya sastra saperti sajak jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun sajak, konotasi émotif, jeung gaya basa mangrupa wangenan tina tarjamahan....

a)

tarjamahan parafraseu

b)

tarjamahan sastra

c)

tarjamahan faktual

d)

tarjamahan saduran

e)

tarjamahan dinamis

14.

Ari ............ ulah sok dipaké nendangan tong sampah!


Kecap anu saluyu pikeun nyampurnakeun kalimah diluhur nyaeta.....

a)

panon

b)

suku

c)

leungeun

d)

kuku

e)

damis

15.

Hadé pisan lamun ...... urang dipaké nempo hal-hal anu pibarokaheun.


Kecap anu saluyu pikeun nyampurnakeun kalimah diluhur nyaéta....

a)

panon

b)

suku

c)

leungeun

d)

kuku

e)

damis

16.

Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus ....

a)

ékabasa

b)

istilah

c)

dwibasa

d)

asing

e)

énsiklopédi

17.

Dihandap ieu anu kaasup kana prosés narjamahkeun nyaéta ....

a)

mariksa - mindahkeun - nuliskeun

b)

maca - mariksa -mindahkeun

c)

maca - mindahkeun - ngawangun deui

d)

maca - mariksa - ngawangun deui

e)

mariksa - mindahkeun - ngawangun deui

18.

Dina pangajaran Basa Sunda, barudak dikelas disuruh narjamahkeun tina Basa Indonesia kana Basa Sunda ku cara bébas milih wanda tarjamahanana. Ronaldo narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat, Méssi narjamahkeun ku cara sakecap-sakecap, Néymar narjamahkeun ku cara mentingkeun amanatna, sarta Mohammad Salah narjamahkeun ku cara teu merhatikeun kahususan dina basa sasaran.


Wanda tarjamahan anu dipaké ku Néymar sok disebut ....

a)

tarjamahan interlinéar

b)

tarjamahan formal

c)

tarjamahan saduran

d)

tarjamahan dinamis

e)

tarjamahan otomatis

19.

Dina pangajaran Basa Sunda, barudak dikelas disuruh narjamahkeun tina Basa Indonesia kana Basa Sunda ku cara bébas milih wanda tarjamahanana. Ronaldo narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat, Méssi narjamahkeun ku cara sakecap-sakecap, Néymar narjamahkeun ku cara mentingkeun amanatna, sarta Mohammad Salah narjamahkeun ku cara teu merhatikeun kahususan dina basa sasaran.


Wanda tarjamahan anu dipaké ku Mohammad Salah sok disebut ....

a)

tarjamahan otomatis

b)

tarjamahan formal

c)

tarjamahan saduran

d)

tarjamahan budaya

e)

tarjamahan dinamis

20.

Dina pangajaran Basa Sunda, barudak dikelas disuruh narjamahkeun tina Basa Indonesia kana Basa Sunda ku cara bébas milih wanda tarjamahanana. Ronaldo narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat, Méssi narjamahkeun ku cara sakecap-sakecap, Néymar narjamahkeun ku cara mentingkeun amanatna, sarta Mohammad Salah narjamahkeun ku cara teu merhatikeun kahususan dina basa sasaran.


Wanda tarjamahan anu dipaké ku Méssi sok disebut ....

a)

tarjamahan otomatis

b)

tarjamahan saduran

c)

tarjamahan dinasmis

d)

tarjamahan formal

e)

tarjamahan interlinéar

21.

Dina pangajaran Basa Sunda, barudak dikelas disuruh narjamahkeun tina Basa Indonesia kana Basa Sunda ku cara bébas milih wanda tarjamahanana. Ronaldo narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat, Méssi narjamahkeun ku cara sakecap-sakecap, Néymar narjamahkeun ku cara mentingkeun amanatna, sarta Mohammad Salah narjamahkeun ku cara teu merhatikeun kahususan dina basa sasaran.


Wanda tarjamahan anu dipaké ku Ronaldo sok disebut ....

a)

tarjamahan otomatis

b)

tarjamahan dinamis

c)

tarjamahan saduran

d)

tarjamahan formal

e)

tarjamahan budaya

22.

Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda" anu merenah, nyaéta ....

a)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda

c)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda

d)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda

e)

Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda

23.

Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta ....

a)

Adam tali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikir belang bayah

24.

Pa Dayat calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Kecap 'gédéngeun' miboga harti ....

a)

hareupeun

b)

tukangeun

c)

gigireun

d)

luhureun

e)

handapeun

25.

'In front of the freedom building' upama ditarjamahkeun kana basa Sunda anu merenah, nyaéta

a)

hareupeun bébas gedung

b)

hareupeun merdeka gedung

c)

hareupeun gedung bébas

d)

hareupeun gedung merdeka

e)

hareupeun gedung bébas sarta merdeka