wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS SUNDA MITRADHARMA KLS XI

Total questions: 45

Worksheet time: 23mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita dihaareupeun balarea pikeun nepikeun hiju maksud atawa informasi anu penting disebutna ....

a)

Ceramah

b)

Hutbah

c)

Biantara

d)

Kampanye

e)

Sawala

2.

Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara, jalma anu ahli dina biantara disebutna....

a)

Kurator

b)

Moderator

c)

Kolektor

d)

Koruptor

e)

Orator

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup gaya biantara nyaeta lagam.....

a)

Religius

b)

Agiator

c)

Konversasi

d)

Akurasi

e)

Didaktik

4.

Ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun .....

a)

Ucapan hatur nuhun

b)

Muji sukur ka gusti Allah SWT

c)

Ucapab dunga

d)

Ucapan menda dihampura

e)

Salam pangwilujeungan

5.

Biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan singet eusi biantara disebut .....

a)

Gaya Talaran

b)

Gaya Catetan Ringkes

c)

Gaya Naskah

d)

Gaya Dadakan

e)

Gaya Maca

6.

Biantara kucara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna disebut.....

a)

Gaya Talaran

b)

Gaya Catetan Ringkes

c)

Gaya naskah

d)

Gaya dadakan

e)

Gaya maca

7.

Biantara kucara ngagunakeun naskah disebut ....

a)

Gaya talaran

b)

Gaya catetan ringkes

c)

Gaya naskah

d)

Gaya dadakan

e)

Gaya maca

8.

Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula disebut ....

a)

Gaya talaran

b)

Gaya catetan ringkes

c)

Gaya naskah

d)

Gaya dadakan

e)

Gaya maca

9.

Hade budi atawa teu weleh seuri ka batur nyaeta babasan....

a)

Amis budi

b)

Amis daging

c)

Atah anjang

d)

Babalik pikir

e)

Beurat birit

10.

Bodo tapi daek tatanya ....

a)

Amis daging

b)

Cueut ka hareup

c)

Bodo alewoh

d)

Elmu ajug

e)

Gede hulu

11.

Langka nganjang ka batur....

a)

Babalik pikir

b)

Amis budi

c)

Bodo alewoh

d)

Buntut kasiran

e)

Atah anjang

12.

Ari jadi jalma mah tong sok babari neunggeul, jiga ....

a)

Hampang birit

b)

Gurat batu

c)

Gede hulu

d)

Hampang leungeun

e)

Hejo tihang

13.

Ari tukang ngurus kuburan disebutna teh .....

a)

Anjun

b)

Kuncen

c)

Legig

d)

Kabayan

e)

Bujangga

14.

Ari tukang nyieun/nulis carita disebutna .....

a)

Anjun

b)

Kuncen

c)

Legig

d)

Kabayan

e)

Bujangga

15.

Tukang nyieun parabot tina taneuh disebut.....

a)

Anjun

b)

Kuncen

c)

Panday

d)

Peledang

e)

Legig

16.

Tukang nyieun sarangka keris nyaeta disebut ...

a)

Kuncen

b)

Sarati

c)

Panday

d)

Maranggi

e)

Legig

17.

Jalma anu sok tara liar ti imah, tepikateu nyaho nanaon disebut.....

a)

Gede hulu

b)

Kurung batok

c)

Hejo tihang

d)

Hampang leungeun

e)

Gurat batu

18.

Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna, paribasana....

a)

Bengkung bekas nyalahan

b)

Adean ku kuda beureum

c)

Adat ka kurung ku iga

d)

Bentik curuk balas nunjuk

e)

Caina herang laukna beunang

19.

Ari boga harta mah pikeun nulungan raga, kawas paribasa....

a)

Batok bulu eusi madu

b)

Bengkung bekas nyalahan

c)

Caina herang laukna beunang

d)

Bentik curuk balas nunjuk

e)

Banda tatalang raga

20.

Ari dikampung mah tentrem teu aya gangguan, kawas paribasa....

a)

Tiis ceuli herang panon

b)

Caina herang laukna beunang

c)

Batok bulu eusi madu

d)

Banda tatalang raga

e)

Bentik curuk balas nunjuk

21.

Ditilik tina wangunna, Sisindiran dibagi jadi tilu, nyaeta ...

a)

paparikan, rarakitan, jeung sesebred

b)

piwuruk, silih asih, jeung sesebred

c)

paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan

d)

silih asih, wawangsalan, jeung paparikan

22.

Sisindiran teh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti ...

a)

caritaan nu ditepikeun sacara langsung

b)

omongan anu dibalibirkeun

c)

nyarita bari diatur lentongna

d)

nyarita satarabasna

23.

Nilik tina wangun puisina, sisindiran dina basa Sunda sarua jeung .... dina basa Indonesia

a)

pantun

b)

sajak

c)

gurindam

d)

puisi

24.

Sisindiran diwengku ku opat jajar, unggal jajar diwangun ku ... engang

a)

lima

b)

genep

c)

tujuh

d)

dalapan

25.

Jajar kahiji jeung kadua dina sisindiran disebut ...

a)

kulit

b)

cangkang

c)

bungkus

d)

eusi

26.

Rarakitan mah boga ciri anu mandiri, nyaeta katembong dina ...

a)

purwakantina diatur dua jajar dua jajar

b)

purwakantina ngan katembong dina jajaran eusi wungkul

c)

kecap dina awal jajaran cangkang dibalikan deui dina jajaran eusi

d)

kecap dina tungtung jajaran cangkan biasana sarua

27.

Beda jeung rarakitan sarta paparikan, wawangsalan mah ukur diwangun ku ...

a)

opat jajar

b)

sajajar

c)

tilu jajar

d)

dua jajar

28.

1) Diwangung ku cangkang jeung eusi

2) Cangkang jeung eusi teh pada papak dipuhuna (mindoan kawit)

3) Cangkang jeung eusi kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan

4) Laras wekasna a-b-a-b

5) Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang


Ciri-ciri di luhur mangrupa ciri-ciri tina ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

sesebred

29.

1. Kagolong kana wangun sisindiran

2. Diwangun ku dua jajar

3. Diwangun ku cangkang jeung eusi

4. Aya unsur tatarucingan

5. sajajarna diwangun ku 12 engang

6. Cara ngalarapkeunana dina omongan


Anu kaasup ciri-ciri wawangsalan nyaeta ...

a)

1,2,3,4,5

b)

1,2,3,4,6

c)

1,2,4,5,6

d)

1,3,4,5,6

30.

Purwakanti dina sisindiran teh runtuyan anu nuduhkeun ...

a)

sasaruaan sora di tengan jajaran

b)

sasaruaan sora di unggal jajaran

c)

sasaruaan sora dina tungtung jajaran

d)

sasaruaan sora dina awal jajaran

31.

Akang Haji sorban palid

palidna ka cilamaya

.......................................

.......................................


Lengkepan sisindiran di luhur luyu jeung lagu "Sorban Palid"

a)

Akang Haji sumangga calik

nyanggakeun mah saaya-aya

b)

Akang Haji sumangga balik

nyanggakeun mah saaya-aya

c)

Akang Haji sumangga calik

nyanggakeun mah sadaya-daya

d)

Akang Haji sumangga mulih

nyanggakeun mah saaya-aya

32.

..........................

..........................

Najan sono najan heman

teu sae ngobrol di jalan


Lengkepan sisindiran di luhur luyu jeung lagu "Sorban Palid"

a)

Kaso potong kaso panjang

potong ngaroyom ka imah

b)

Kaso pondok kaso panjang

kaso ngaroyom ka jalan

c)

abdi isin jungjunan duh bararingung

sok inggis mah aduh henteu ngajadi

d)

Kaso bengkok kaso potong

ngaroyom kaso ka jalan

33.

Lengkepan sisindiran di handap ieu!


aya listrik di masigit

caangna ka pabrik kina

........................................

......................................

a)

aya jalma di masigit

geulisna kamana-mana

b)

aya istri jangkung alit

karangan dina pipina

c)

aya imah gigireun masigit

imahna euweuh listrikan

d)

aya budak eukeur ceurik

sabab kubapana dicarekan

34.

Lengkepan sisindiran di handap ieu!


Manuk hejo didi rawa

ngaliwat urang eureunana

........................................

......................................

a)

Mending ge jadi baraya

duriat urang eureunan

b)

Kasorang dina dimpian

komo lamun jeung buktina

c)

Kaduhung abdi rayungan

dipapanas dipeupeurih

d)

Kuma kuring-kuma kuring

kuring teh sok bingung wae

35.

Sok hayang nyaba ka Bandung

sok hayang nyaho nanjakna

sok hayang nanya nu pundung

sok hayang nyaho nyentakna


Ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran di luhur nyaeta ...

a)

rarakitan, silihasih

b)

paparikan, sesebred

c)

rarakitan, sesebred

d)

paparikan, piwuruk

36.

Meuli sate di Cibogo

saratus pikeun susuguh

nyeri hate ku kabogoh

diputuskeun teu pupuguh


Wangun jeung eusi sisindiran di luhur nyaeta ...

a)

rarakitan, sesebred

b)

paparikan, silihasih

c)

rarakitan, piwuruk

d)

paparikan sesebred

37.

Manuk waja kumalayang

panyawat urang pribadi


Wangsalna nyaeta ...

a)

korang

b)

jet pribadi

c)

pesawat

d)

hurang

38.

Panumpang tumpak di hareup

entong leumpang bari maca

a)

kaca

b)

beca

c)

angkot

d)

papatong

39.

Srangenge bijil ti peuting

rek sabulan rek sataun


Wangsalna nyaeta ...

a)

bentang

b)

bulan

c)

panon poe

d)

alun-alun

40.

Sok dipake pikeun masak

kuring ngahaja rek lapor


Wangsalna nyaeta ...

a)

panci

b)

traktor

c)

kompor

d)

rice cooker

41.

Lamun ulin ka talaga

balikna sok barang bawa

.....................................

.....................................


Eusi nu merenah pikeun ngalengkepan Sisindiran di luhur nyaeta ...

a)

Jalma nu alus budi

Pasti loba nu resepeun

b)

lamun urang hayang surga

jalana nyaeta takwa

c)

nu asih ka pada mahkluk

di rahmat ku gusti alloh

d)

Lamun hayang asup sorga

Kudu getol kana solat

42.

Ka warung meuli katuncar

Sakalian meuli jahe

Mun budak kedul diajar

Hanjakalna ke geus gede


Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur teh eusina ....

a)

sesebred

b)

piwuruk

c)

silih asih

d)

banyol

43.

Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug


Wangsalna nyaeta ....

a)

tajug

b)

masigit

c)

parkir

d)

rumah

44.

Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung


Wangsalna nyaeta ....

a)

tipung

b)

tutut

c)

butuh

d)

pare

45.

Enas-enasna nu disebut biantara teh kominikasi hiji jalma jeung jalma rea anu sipatna sacara langsung sacara ....

a)

lisan

b)

tulisan

c)

lisan jeung tulisan

d)

lisan jeung isarat