wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sunda Kelas IX - KAMPUNG ADAT

Total questions: 15

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Salasahiji kampung adat di Tasikmalaya anu masih nyekel pageuh adat karuhun nyaéta…

a)

Kampung Kuta

b)

Kampung Cireundeu

c)

Kampung Ciptagelar

d)

Kampung Naga

2.

Babagian imah anu pangluhurna sok disebut…

a)

Balé

b)

Leuit

c)

Gawir

d)

Suhunan

3.

Wangun suhunan imah julang ngapak nyaéta…

a)
b)
c)
d)
4.

Wangun suhunan imah nurutkeun gambar disebut…

a)

Jolopong

b)

Parahu Kumureb

c)

Badak Heuay

d)

Julang Ngapak

5.

Wangun suhunan imah nurutkeun gambar disebut…

a)

Jolopong

b)

Parahu Kumureb

c)

Badak Heuay

d)

Julang Ngapak

6.

Salasahiji pantrangan di Kampung Naga nyaéta…

a)

Teu meunang ngadahar sangu jeung sampeu

b)

Teu meunang make perhiasan jeung kantong

c)

Teu meunang make listrik di kampungna

d)

Teu meunang aya kuburan di lemburna

7.

Di ieu kampung aya 113 wangunan, 110 wangunan imah, hiji bumi ageung, hiji balé patemon, jeung hiji masjid. Jumlah wangunanna teu meunang kurang, teu meunang leuwih. Kampung adat anu dimaksud nyaéta…

a)

Kampung Mahmud

b)

Kampung Naga

c)

Kampung Kuta

d)

Kampung Ciptagelar

8.

Alesan sababaraha kampung disebut Kampung Adat téh lantaran …

a)

Jadi salasahiji objék wisata adat

b)

Imahna mangrupa imah panggung

c)

Mindeng ngalaksanakeun upacara adat

d)

Wargana masih kénéh ngukuhan adat karuhun

9.

Poé salasa, rebo, jeung saptu urang Kampung Naga teu meunang nyaritakeun...

a)

Sajarah jeung karuhun lembur séjén

b)

Sajarah lembur jeung karuhunna

c)

Kaayaan jeung kahirupan lemburna

d)

Kaayan jeung kahirupan lembur séjén

10.

Tempat nyimpen barang-barang pusaka di kampung Naga disebut .....

a)

Leuit

b)

Bumi Ageung

c)

Masigit

d)

Balé Patemon

11.

Panto imah di kampung Naga teu meunang aya anu …

a)

Pahareup-hareup jeung bumi ageung

b)

Pahareup-hareup jeung wangunan séjén

c)

Pahareup-hareup jeung imah tatangga

d)

Pahareup-hareup dina saimah

12.

Wangunan imah boh di kampung Naga boh di kampung Kuta teu meunang tina …

a)

Hateup

b)

Bilik

c)

Témbok

d)

Awi

13.

Hateup imah di kampung Naga teu meunang tina …

a)

Kenténg

b)

Injuk

c)

Eurih

d)

Kiray

14.

Kampung adat anu aya di Ciamis nyaéta ….

a)

Kampung Kuta

b)

Kampung Naga

c)

Kampung Ciptagelar

d)

Kampung Mahmud

15.

Teu meunang make sapatu atawa sandal, teu meunang make perhiasan emas, teu meunang héhéotan atawa nyiduh. Mangrupa pantrangan nu aya di ….

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Kuta

c)

Kampung Ciptagelar

d)

Kampung Mahmud