NEW
Font size
WorksheetsUTS 1 Basa Sunda Kelas XI IPA
Total questions: 40
Worksheet time: 1hrs 20mins
Enas-enasna nu disebut biantara téh komunikasi hiji jalma jeung jalma réa anu sipatna langsung sacara...?
tulisan
lisan
tulisan jeung lisan
tulisan jeung isarat
lisan jeung isarat
Najan kasebutna komunikasi langsung, tapi komunikasi dina biantara mah lumangsungna téh kudu...?
saarah
dua arah
tilu arah
pacéntal-céntal
pateumbleuh-teumbleuh
Muji ka Alloh sarta ngahaturkeun solawat ka Kangjeng Nabi téh dina biantara mah sok disebut...?
salam pangwilujeng
salam pamuka
muqoddimah
pangbagéa
sanduk-sanduk
Nepikeun biantara nu dumadakan bari teu sasayagian ti anggalna, disebut téhnik...?
ékstémporan
komunikan
mémoritér
impromtu
maca naskah
Nepikeun biantara kalawan maca gurat badag tina catetan hal inti nu pentingna wungkul, disebutna téhnik...?
ékstémporan
komunikan
impromtu
mémoritér
maca naskah
Runtuyan kekecapan ngahaturkeun nuhun ka panata acara dina biantara, biasana sok aya dina bagéan...?
salam bubuka
bubuka
muqoddimah
panutup
ngadunga
Ngadadarkeun tujuan nepikeun biantara, biasana sok aya dina bagéan...?
bubuka
muqoddimah
eusi
panutup
salam panutup
Anu sok disebut "kacindekkan atawa nyindekkeun" dina biantara téh nyaéta...?
ngawilujengkeun
nganuhunkeun
nepikeun tujuan
ngajak
nyimpulkeun
“Kalayan widi ti Gusti, alhamdulillah urang sadaya tiasa sami-sami rawuh dina ieu acara Paturay Tineung Kelas XII SMKN 2 Garut.”
___
Kecap “rawuh” téh miboga harti nu sarua jeung...?
ngaramékeun
ngaluuhan
ngupingkeun
nyakséni
ngadangu
Istilah pikeun jalma nu miboga kaparigelan dina nepikeun biantara sok disebut...?
komunikator
éditor
koruptor
kontributor
orator
Saninten buah saninten
dipésér ti Parapatan
……………………………
……………………………
___
Éta cangkang sisindiran sok diselapkeun dina biantara bagéan...?
bubuka
ngadunga
panutup
salam panghurmat
salam panutup
Dalam rangka memperingati Hari Proklamasi Républik Indonésia.
___
Kecap “Dalam rangka” kuduna diganti ku...?
jero rangkay
dina raraga
jero raraga
dina carangka
bener kabéh
Hadirin, dina nyuprih élmu mah urang téh kudu bisa bodo aléwoh.
___
Harti “bodo aléwoh” téh najan acan pati calakan, tapi...?
resep tatanya
tara tatanya
katotoloyo
tetep kabalinger
tetep bodo
Bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak.
___
Éta paribasa téh conto ménta pangampura dina biantara bisi aya omongan anu...?
kaliwat
malibir
salah
méngpar
teu kadéngé
Paparikan jeung rarakitan miboga sasaruan dina jumlah padalisan jeung jumlah engang dina unggal padalisan, nyaéta ilaharna mah diwengku ku ………padalisan.........engang.
2&4
2&8
3&6
1&3
4&8
Jumlah opat jajar dina sisindiran téh sarua jeung………pada.
1
2
3
4
5
Dina wawangsalan mah jajaran kadua téh disebutna...?
cangkang
eusi
kulit
bungkus
tatarucingan
Lamun dipasing-pasing dumasar kana watek, sisindiran téh kabagi jadi sabaraha golongan...?
8
4
3
1
2
Dina sapada téh sisindiran mah diatur jumlah padalisanana. Atuh dina unggal padalisan gé diatur jumlah engang ku guru lagu jeung guru wilanganana. Kitu deui engangna apan teu sagawayah, kudu kecap pinilih nu murwakanti. Aturan-aturan éta pisan, nu ngalantarankeun sisindiran téh kaasup kana salah sahiji jinis karya sastra sunda dina wangun…?
kakawihan
paguneman
lancaran
ugeran
prosa
…………………………
ulah sok ngégélan kuku
___
Sangkan eusi wangsalna buku. Cangkang wawangsalan nu merenah nyaéta…?
Gudang leutik buah élmu
Leutik élmu gudang buah
Buah gudang leutik élmu
Buah leutik gudang élmu
Buah élmu gudang leutik
Sisindiran téh bisa jadi piwuruk, silih asih, jeung sésébréd. Éta téh lamun sisindiran dipasing-pasing dumasar kana…?
guru lagu jeung guru wilangan
pada jeung padalisan
eusi jeung watek
padalisan jeung guru wilangan
wangun jeung guru wilangan
Ka mana ngaitkeun kincir
ka kaler katojo bulan
kamana niiskeun pikir
moal palér ku sabulan
___
Ieu rarakitan nu bisa kapaluruh dina rumpaka lagu………ciptaan………?
És lilin & Ibu Mursih
És lilin & Nining Méida
Bubuy Bulan & Nining Méida
Sorban Palid & Nining Méida
Sorban Palid & Ibu Mursih
Sisindiran téh asal kecapna tina sindir, anu hartina nyaéta nyarita anu...?
satarabasna
sangeunahna
dibalibirkeun
malapah gedang
tatarucing
Papasingan sisindiran numutkeun M.A. Salmun kabagi jadi tilu golongan, nyaéta paparikan, rarakitan, jeung …?
asihan
jangjawokan
jampé
wawangsalan
tatarucingan
Paparikan jeung wawangsalan mah béda. Salah sahijina nyaéta jajaran kadua dina paparikan téh disebutna...?
bungkus
cangkang
piwuruk
eusi
silihasih
Bagéan cangkang tina wawangsalan bisa kapanggih dina jajaran anu ka...?
4
3
2
1
1 jeung 2
Cau ambon dikorangan,
kanyéré kapipir-pipir,
lalaki ambon sorangan,
awéwé teu mikir-mikir.
___
Ieu paparikan téh watekna sésébréd pikeun nyindir ka awéwé anu…?
neundeun cau ambon dikorangan
neundeun kanyéré di pipir imah
neundeun katresna ka lalaki
teu surti ka lalaki nu némbongkeun duriat
salah kabéh
Rarakitan mah miboga ciri mandiri nyaéta aya kekecapan dina bagéan cangkang nu dibalikan deui dina bagéan eusi nu disebutna...?
purwakanti
repetisi
déklamasi
orasi
murwakanti
Kuda beusi lulumpatan,
henteu sieun ku kokotor.
___
Eusi wangsalna nyaéta...?
kolor
motor
kompor
bodor
bolor
Dagang seureuh papatungan
cangkaléng laku sasiki
euleuh itu popotongan
dikaléng ku aki-aki
___
Ieu paparikan ilaharna dipaké nyindir jalma anu geus…?
teu payu dagang cangkaléng
dagang seureuh jeung cangkaléng
anyar kawin
pipisahan
lila teu amprok
Ieu di handap anu henteu kaasup gaya biantara nyaeta lagam.....
Religius
Agiator
Konversasi
Akurasi
Didaktik
Hadé budi atawa teu weléh seuri ka batur nyaéta babasan....
Amis budi
Amis daging
Atah anjang
Babalik pikir
Beurat birit
dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara dina rapat DPR
biantara sukuran boga imah anyar
biantara kapala sakola jeung kolot siswa
biantara dina upacara
Nilik kana wangun jeung eusina, biantara disusun ku struktur iwal ti . . .
Salam bubuka
Runtuyan eusi
Panutup
Gaya basa
Salam panutup
Paribasa "Elmu tungtut dunya siar" ngandung harti
Téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan
Elmu teang harta bekeul
Banda sarta elmu teu kudu di siar
Pibeukeuleun urang jaga elmu jeung harta banda
Hirup basajan ngan bisa ku elmu jeung harta banda
“Bapa titip ka aranjeun tong nepi ka maut nyéré ka congona, sing tarapti ti ayeuna ngajalankeun kahirupan. Sakumaha tadi geus dibahas ku bapa, saumpamana hidep rék migawé hiji pagawéan téh kudu tepi méméh indit, dibeuweung di utahkeun, dipikir dibalik pikir. Enya ogé hirup mah taya nu nyaho kahareupna, ngan urang geus bisa pepelakan ti ayeuna, meh kitu apal naon nu rék diala jagana”. Tina sempalan biantara diluhur aya nu dicitak déngdék, eta mangrupa paribasa, anu ngandung harti ….
maot mawa kasusah
maot mawa dosa
keur ngora senang, ari geus kolot susah
teu boga nanaon sabab keur budakna tara diajar
rupa-rupa kasusah téh kudu disinghareupan kalayan sobar
Ramo deukeut indung leungeun
sing tumut kana piwuruk
Wangsalna ...
Cinggir
Curuk
Jempol
Jajangkung
Jaruji
1. Diwangun ku opat padalisan
2. Polana a-a-b-b
3. Padalisan Kahiji Jeung kadua disebut cangkang
4. Padalisan ka tilu Jeung ka opat disebut eusi
Diluhur nu kaasup Kana ciri-ciri sisindiran nya eta .....
1,2,3
1,2,4
1,3,4
2,3,4
1,2,3, jeung 4
