WorksheetsKuis Basa Sunda Kelas XI
Total questions: 15
Worksheet time: 3mins
Anu teu kaasup kana "perangkat" sawala nyaeta ...
panumbu catur
patandang
pamilon
girang serat
Ieu di handapa mangrupa kagiatan talkshow di tipi, iwal ...
Mata Najwa, Hitam Putih
Ini Talkshow, Rumah Nyai
Rumpi (no secret), Pagi-pagi Pasti Happy
Ini Talkshow, Dr. Oz indonesia
Istilah wanci Sunda ti jam 11 - jam 1 beurang, nyaeta ...
pecat sawed, tumorek, janari
janari leutik, janari, janari gede
kongkorongok hayam, balebat, carangcang tihang
pecat sawed, tangage, lingsir
Jalma anu boga pancen gawe salaku nu mingpin jalanna diskusi nyaeta ...
panumbu pitutur
panumbu catur
pagunem catur
tukangcatur
Anu kaasup kana kagiatan diskusi, iwal ...
Sawala
Catur
Talkshow
Debat
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
paparikan
rarakitan
sisindiran
wawangsalan
Istilah wanci Sunda ti jam 4 - jam 6 isuk-isuk, disebut ...
kongkorongok hayam, balebat, carangcang tihang
janari leutik, janari, janari gede
pecat sawed, tangage, lingsir
tumoke, sareureuh budak, sariak layung
Tugas panumbu catur, di antarana ...
Ngatur jeung mingpin jalanna diskusi
Ngalelempeng jalanna diskusi sangkan henteu mengpar
nulis patarosan nu nanya
A jeung B anu bener
Salah sahiji kaulinan barudak anu dimaenkeun ku duaan, nyaeta ...
Galah
Congklak
Engrang
gatrik
"Sumangga ka Kang Atep Rizal kangge ngadugikeun materina."
Ungkara di luhur ka asup kana pokpokan panumbu catur nalika ...
Nyanggakeun pamilon sangkan nanya
Mere waktu pikeun ngajawab
Ngahaturanan panyatur nepikeun materina
Nutup kagiatan diskusi
Anu mangrupa "perangkat" debat, iwal ...
Mosi / Isu
Moderator / panumbu catur
time keeper
provokator
"para wargi nu sami-sami linggih, langkung ti payun mangga urang sami-sami nyanggakeun puji sukur ka Allah Swt, anu parantos marengkeun urang sadaya dina kagiatan diskusi dinten ieu. Nepangkeun Sim kuring Reza Pahlevi salaku panumbu catur baris mingpin kagiatan diskusi ....."
Ka asup kana struktur panumbu catur bagean ...
Salam Bubuka
Bubuka
Eusi
Panutup
Gunana panumbu catur negeskeun (ngonfirmasi) jawaban pamateri / panyatur ka nu nanya nyaeta ...
Sangkan jawaban saluyu jeung pertanyaan nu nanya
Sangkan pananya henteu gelut jeung pamateri
Sangkan pamateri meunang poin
Sangkan kagiatan diskusi jadi rame
Hal anu perlu disiapkeun panumbu catur samemeh ngamimitian jalanna diskusi, iwal ...
Nyiapkeun kabutuhan diskusi (laptop, proyektor, catetan, jsb.)
Nataan (ngabsen) pamilon diskusi
Papakean anu saluyu jeung kagiatan diskusi
Macakeun CV pamateri samemeh kagiatan dimimitian
Kaulinan barudak anu dimaenkeun make kakawihan nyaeta ...
ucing sumput
perepet jengkol
ucing jibeh
anjang-anjangan
