wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS 1 BASA SUNDA KELAS XI

Total questions: 45

Worksheet time: 23mins

Name
Class
Date
1.

Anu teu kaasup kana "perangkat" sawala nyaeta ...

a)

panumbu catur

b)

patandang

c)

pamilon

d)

girang serat

2.

Ieu di handapa mangrupa kagiatan talkshow di tipi, iwal ...

a)

Mata Najwa, Hitam Putih

b)

Ini Talkshow, Rumah Nyai

c)

Rumpi (no secret), Pagi-pagi Pasti Happy

d)

Ini Talkshow, Dr. Oz indonesia

3.

Jalma anu boga pancen gawe salaku nu mingpin jalanna diskusi nyaeta ...

a)

panumbu pitutur

b)

panumbu catur

c)

pagunem catur

d)

tukangcatur

4.

Anu kaasup kana kagiatan diskusi, iwal ...

a)

Sawala

b)

Catur

c)

Talkshow

d)

Debat

5.

Tugas panumbu catur, di antarana ...

a)

Ngatur jeung mingpin jalanna diskusi

b)

Ngalelempeng jalanna diskusi sangkan henteu mengpar

c)

nulis patarosan nu nanya

d)

A jeung B anu bener

6.

"Sumangga ka Kang Atep Rizal kangge ngadugikeun materina."


Ungkara di luhur ka asup kana pokpokan panumbu catur nalika ...

a)

Nyanggakeun pamilon sangkan nanya

b)

Mere waktu pikeun ngajawab

c)

Ngahaturanan panyatur nepikeun materina

d)

Nutup kagiatan diskusi

7.

Anu mangrupa "perangkat" debat, iwal ...

a)

Mosi / Isu

b)

Moderator / panumbu catur

c)

time keeper

d)

provokator

8.

"para wargi nu sami-sami linggih, langkung ti payun mangga urang sami-sami nyanggakeun puji sukur ka Allah Swt, anu parantos marengkeun urang sadaya dina kagiatan diskusi dinten ieu. Nepangkeun Sim kuring Reza Pahlevi salaku panumbu catur baris mingpin kagiatan diskusi ....."


Ka asup kana struktur panumbu catur bagean ...

a)

Salam Bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

9.

Gunana panumbu catur negeskeun (ngonfirmasi) jawaban pamateri / panyatur ka nu nanya nyaeta ...

a)

Sangkan jawaban saluyu jeung pertanyaan nu nanya

b)

Sangkan pananya henteu gelut jeung pamateri

c)

Sangkan pamateri meunang poin

d)

Sangkan kagiatan diskusi jadi rame

10.

Hal anu perlu disiapkeun panumbu catur samemeh ngamimitian jalanna diskusi, iwal ...

a)

Nyiapkeun kabutuhan diskusi (laptop, proyektor, catetan, jsb.)

b)

Nataan (ngabsen) pamilon diskusi

c)

Papakean anu saluyu jeung kagiatan diskusi

d)

Macakeun CV pamateri samemeh kagiatan dimimitian

11.

Enas-enasna nu disebut biantara téh komunikasi hiji jalma jeung jalma réa anu sipatna langsung sacara...?

a)

tulisan

b)

lisan

c)

tulisan jeung lisan

d)

tulisan jeung isarat

e)

lisan jeung isarat

12.

Najan kasebutna komunikasi langsung, tapi komunikasi dina biantara mah lumangsungna téh kudu...?

a)

saarah

b)

dua arah

c)

tilu arah

d)

pacéntal-céntal

e)

pateumbleuh-teumbleuh

13.

Muji ka Alloh sarta ngahaturkeun solawat ka Kangjeng Nabi téh dina biantara mah sok disebut...?

a)

salam pangwilujeng

b)

salam pamuka

c)

muqoddimah

d)

pangbagéa

e)

sanduk-sanduk

14.

Nepikeun biantara nu dumadakan bari teu sasayagian ti anggalna, disebut téhnik...?

a)

ékstémporan

b)

komunikan

c)

mémoritér

d)

impromtu

e)

maca naskah

15.

Nepikeun biantara kalawan maca gurat badag tina catetan hal inti nu pentingna wungkul, disebutna téhnik...?

a)

ékstémporan

b)

komunikan

c)

impromtu

d)

mémoritér

e)

maca naskah

16.

Ngadadarkeun tujuan nepikeun biantara, biasana sok aya dina bagéan...?

a)

bubuka

b)

muqoddimah

c)

eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

17.

Istilah pikeun jalma nu miboga kaparigelan dina nepikeun biantara sok disebut...?

a)

komunikator

b)

éditor

c)

koruptor

d)

kontributor

e)

orator

18.

Saninten buah saninten

dipésér ti Parapatan

……………………………

……………………………


___

Éta cangkang sisindiran sok diselapkeun dina biantara bagéan...?

a)

bubuka

b)

ngadunga

c)

panutup

d)

salam panghurmat

e)

salam panutup

19.

Paparikan jeung rarakitan miboga sasaruan dina jumlah padalisan jeung jumlah engang dina unggal padalisan, nyaéta ilaharna mah diwengku ku ………padalisan.........engang.

a)

2&4

b)

2&8

c)

3&6

d)

1&3

e)

4&8

20.

Jumlah opat jajar dina sisindiran téh sarua jeung………pada.

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

5

21.

Dina wawangsalan mah jajaran kadua téh disebutna...?

a)

cangkang

b)

eusi

c)

kulit

d)

bungkus

e)

tatarucingan

22.

Lamun dipasing-pasing dumasar kana watek, sisindiran téh kabagi jadi sabaraha golongan...?

a)

8

b)

4

c)

3

d)

1

e)

2

23.

Dina sapada téh sisindiran mah diatur jumlah padalisanana. Atuh dina unggal padalisan gé diatur jumlah engang ku guru lagu jeung guru wilanganana. Kitu deui engangna apan teu sagawayah, kudu kecap pinilih nu murwakanti. Aturan-aturan éta pisan, nu ngalantarankeun sisindiran téh kaasup kana salah sahiji jinis karya sastra sunda dina wangun…?

a)

kakawihan

b)

paguneman

c)

lancaran

d)

ugeran

e)

prosa

24.

Sisindiran téh asal kecapna tina sindir, anu hartina nyaéta nyarita anu...?

a)

satarabasna

b)

sangeunahna

c)

dibalibirkeun

d)

malapah gedang

e)

tatarucing

25.

Papasingan sisindiran numutkeun M.A. Salmun kabagi jadi tilu golongan, nyaéta paparikan, rarakitan, jeung …?

a)

asihan

b)

jangjawokan

c)

jampé

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

26.

Kuda beusi lulumpatan,

henteu sieun ku kokotor.

___

Eusi wangsalna nyaéta...?

a)

kolor

b)

motor

c)

kompor

d)

bodor

e)

bolor

27.

Paribasa "Elmu tungtut dunya siar" ngandung harti

a)

Téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan

b)

Elmu teang harta bekeul

c)

Banda sarta elmu teu kudu di siar

d)

Pibeukeuleun urang jaga elmu jeung harta banda

e)

Hirup basajan ngan bisa ku elmu jeung harta banda

28.

Ramo deukeut indung leungeun

sing tumut kana piwuruk


Wangsalna ...

a)

Cinggir

b)

Curuk

c)

Jempol

d)

Jajangkung

e)

Jaruji

29.

1. Diwangun ku opat padalisan

2. Polana a-a-b-b

3. Padalisan Kahiji Jeung kadua disebut cangkang

4. Padalisan ka tilu Jeung ka opat disebut eusi


Diluhur nu kaasup Kana ciri-ciri sisindiran nya eta .....

a)

1,2,3

b)

1,2,4

c)

1,3,4

d)

2,3,4

e)

1,2,3, jeung 4

30.

karya sastra anu di reka dina basa lancaran ( prosa) kalawan ukurana pondok,disebutna......

a)

fikmin

b)

carpon

c)

novelet

d)

carnyam

e)

Romanse

31.

ciri - ciri carpon nyaeta diberendelkeun ieu dihandap, iwal....

a)

wangun caritana pondok

b)

palaku, galur,lattarna kawatesan

c)

galur caritana ngarancabang

d)

jumlah kecapna tara leuwih ti 10.000 kecap

e)

mun dibaca moal meakeun waktu leuwih ti saparapat jam.

32.

unsur - unsur intrinsik carpon nyaeta di handap ieu,iwal..

a)

jejer

b)

palaku jeung watekna

c)

lattar

d)

puseur sawangan

e)

Gaya

33.

Runtuyan jalannya carita dina carpon disebut....

a)

Tema

b)

galur

c)

latar

d)

amanat

e)

puseur sawangan

34.

unsur - unsur intrinsik carpon nyaeta di handap ieu,iwal..

a)

tema

b)

palaku jeung watekna

c)

lattar

d)

puseur sawangan

e)

Gaya

35.

Buku kumpulan carpon dina sastra sunda leuwih nti heula batan buku kumpulan carpon dina sastra Indonesia.Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra sunda,nyaeta.....

a)

Carita Biasa karya R.A.F

b)

Papacangan karya Rusman Sutia Sumarga

c)

Hujan Munggaran Karya Ayatrohaedi

d)

Dogdog Pangrewong karya G.S

e)

Ceurik Santri Karya Usep Romli

36.

Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah pasif,nyaeta....

a)

Teteh keur ngetik surat.

b)

Hayam diparaban ku kuring.

c)

Barudak dibawa piknik ku guruna.

d)

Manehna diajar ngawih di sanggar.

e)

Kuring dipangmeulikeun sapatu ti Cibaduyut.

37.

Neng Rika nuju Maca buku di perpustakaan.

kalimah diluhur nu kaasup jejer nyaeta....

a)

Neng Rika

b)

maca

c)

buku

d)

perpustakaan

38.

Nu kaasup kana kalimah aktif nyaeta....

a)

Ahmad dipacok oray

b)

Aki disuntik ku dokter Usman.

c)

Dasep ngakutan sayuran ti kebon.

d)

Lauk nuju digoreng ku Nini.

39.

Bi Lala dagang seblak diburuan sakola.

Dina kalimah diluhur nu kaasup pangrandap nyaeta kecap....

a)

Bi Lala

b)

dagang

c)

seblak

d)

di buruan sakola

40.

Kecap sipat dina basa sunda rea nu bisa di tuturkeun ku kecap katerangan sipat,iwal....

a)

beureum euceuy

b)

hideung cakeutreuk

c)

hejo carulang

d)

ipis nyempring

e)

poek mongkleng

41.

"Perawat Rumah sakit teh bajuna mani bodas....."

kecap papasangan katerangan sipat keur ngalenkepan kalimah diluhur nyaeta....

a)

koneas

b)

meles

c)

umyang

d)

nyacas

42.

"Mira keur meuli gula beureum".

Gula beureum kaasup kecap....

a)

sipat

b)

barang

c)

aktif

d)

pasip

43.

Titenan Tatarucingan dihandap ieu!

cik teguh, dijingjing teu dibawa?

a)

jandela

b)

panto

c)

kantong

d)

konci

44.

Ieu di handap aya wawangsalan.

komputer osok dijingjing.

top teh teuing kumaha anjeun.

wangsalna......

a)

komputer

b)

tengtop

c)

leptop

d)

topi

45.

Tikajauhan kadenge sora bedil mani dar- der dor.

kalimah diluhur kaasup kalimah rajekan ....

a)

dwi murni

b)

dwi reka

c)

dwi purwa

d)

trilingga