NEW
Font size
WorksheetsArtikel Budaya Sunda
Total questions: 10
Worksheet time: 2mins
Nulis artikel seni budaya Sunda dina seuhseuhanana mah méh taya bédana jeung nulis artikel lianna, ngan eusina atawa anu dibahasna ngeunaan seni budaya Sunda.
Bener
Salah
Ku lantaran seni budaya Sunda téh kawilang sempit ambahanana, teu ngurung méh sakabéh aspék kahirupan urang Sunda, dina pangajaran ayeuna mah urang watesanan baé di sabudeureun adat istiadat jeung kasenian Sunda.
Bener
Salah
Di urang mah moal aya nu bireuk deui kana penca téh. Sok aya ogé anu nyebut ulin, ameng, maénpo, atawa silat. Malah loba ogé anu nyebut penca silat.
Bener
Salah
Dina penca téh teu ngandung rupa-rupa unsur. Ku urang teu bisa disawang tina jihat olah raga, kasenian, atawa palasipahna.
Bener
Salah
Penca téh bisa dipaké pikeun miara kaséhatan, lamun dipatalikeun jeung unsur olah raga. Bisa dipaké pintonan anu némbongkeun kaéndahan gerak jeung wirahma, anu ngawengku seni ibing, seni karawitan, jeung seni ngagunakeun pakarang. Lamun disawang tina jihat palasipahna, penca téh gedé mangpaatna pikeun atikan kapribadian, anu ceuk istilah populér kiwari mah ngawangun karakter.
Bener
Salah
Lamun disawang tina jihat palasipahna, penca téh gedé mangpaatna pikeun atikan kapribadian, anu ceuk istilah populér kiwari mah ngawangun karakter.
Bener
Salah
Artikel nyaéta karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna.
Bener
Salah
Upama nilik ka dinya, anu kaasup kana budaya atawa kabudayaan Sunda téh ngan saukur basa, kasenian atawa adat caharana wungkul, tapi teu ngurung sagala rupa hal anu aya patalina jeung kahirupan sosial masarakat Sunda, kaasup agama jeung kapercayaanana.
Bener
Salah
Unggal bangsa atawa sélér bangsa miboga budaya anu mandiri, anu béda jeung bangsa atawa eélér bangsa séjénna. Sanajan aya dina amparan pulo anu sarua, upamana, sélér bangsa Sunda miboga budaya anu béda jeung sélér bangsa Jawa.
Bener
Salah
Mémang unsur budaya anu panggampangna kaciri bédana téh nyaéta basa, kasenian, jeung adat-istiadatna. Anu matak henteu anéh upama anu medar budaya hiji sélér bangsa, umumna henteu jauh tina perkara basa, kasenian, jeung adat-istiadat kaasup upacara adatna.
Bener
Salah
