wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PUPUH SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 32mins

Name
Class
Date
1.

Baca penggalan pupuh ieu di handap.

Utamana jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta ....

a)

12u - 61- 8i - 12a

b)

12i - 12u - 81 - 8u

c)

12a - 8i - 6a - 12u

d)

9a - 8i - 7a - 12a

2.

Baca penggalan pupuh ieu di handap.

Utamana jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma

Dumasar pupuh di luhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur?

a)

sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

b)

sangkan bisa silih asah, silih asih, silih asuh jeung kulawarga

c)

sangkan bisa silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

d)

sangkan dipikanyaah ku guru, ku kolot, jeung babaturan

3.

Pupuh pucung ngabogaan sipat ....

a)

ngagambarkeun kaprihatinan atawa pinalangsaeun

b)

ngagambarkeun pikaseurieun atawa banyol

c)

ngagambarkeun piwuruk, wawaran, atawa kakaget

d)

ngagambaekeun laku tamba kesel jeung pangangguran

4.

Dangganggula kaasup kana pupuh ....

a)

sekar alit

b)

sekar ageung

c)

anggana sekar

d)

rampak sekar

5.

Di handap ieu kaasup kana pupuh sekar alit, iwal ....

a)

Balakbak

b)

Ladrang

c)

Durma

d)

Sinom

6.

Pupuh dina sastra Sunda jumlahna aya ....

a)

4

b)

17

c)

14

d)

20

7.

Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebut ....

a)

kakawihan

b)

tembang

c)

kawih

d)

guguritan

8.

Nu disebut pupuh dina sastra Sunda nyaeta ....

a)

tembang dina acara-acara husus

b)

puisi anu kauger (boga patokan) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana

c)

guguritan

d)

sajak pikeun ngedalkeun eusi hate

9.

Sora vokal dina kecap panungtung tiap padalisan disebut ....

a)

guru wiletan

b)

guru wilangan

c)

guru swara

d)

guru lagu

10.

Jumlah lobana engang (suku kata) dina unggal padalisan disebut ....

a)

guru wiletan

b)

guru wilangan

c)

guru swara

d)

guru lagu