wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

RUMPAKA KAWIH KELAS 8

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Lagu "Mojang Priangan" téh ngagambarkeun mojang anu....

a)

daékan

b)

soméah

c)

judes

d)

centil

2.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hateNingali ngeplak caina


Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?

a)

Peuyeum Bandung

b)

Situ Ciburuy

c)

Bubuy Bulan

d)

Es Lilin

3.

Lagu "Mojang Priangan" téh eusina nyaritakeun....

a)

kaéndahan alam

b)

nyaah ka sasama

c)

nyaah ka lemah cai

d)

pasipatan jalma

4.

naon anu raket patalina jeung karawitan (seni musik)?

a)

rumpaka

b)

kawih

c)

lagu

d)

sora

5.

Rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaeta rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung sastra (...) , ari kawih mah raket patalina jeung karawitan (seni musik)

a)

puisi

b)

sastra

c)

kawih

d)

musik

6.

Tanah Sunda

Sanggian : Koko Koswara


Tanah sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)

Nu ngumbara suka betah

Urang sunda (sawawa) sing toweksa (percéka)

Nyangga darma nu nyata


Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Getén titén rumawat tanah Pusaka


Rumpaka kawih “Tanah Sunda” téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ....

a)

kaéndahan alam

b)

indung bapa

c)

kabogoh

d)

lemah cai

7.

Kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sagemblengna atawa sabagian, robah sorana atawa henteu robah sorana wangun dasarna, disebut kecap ....

a)

asal

b)

kantetan

c)

pananya

d)

rajekan

8.

Salah sahiji conto kecap rajekan dwipurwa, nya éta ....

a)

sababaraha

b)

sésépak

c)

bulak - balik

d)

jalma – jalma

9.

Ku sabab asup angin, sora hitut si Gilang téh meni....

a)

dat-dit-dut

b)

trang-tréng-trong

c)

blag-blig-blug

d)

dag-dig-dug

10.

Kecap anu diucapkeun dua kali sagemblengna bari robah sorana, nya éta kecap rajékan dwiréka. Contona ....

a)

umat-imut

b)

imah – imah

c)

dat – dit – dut

d)

sapeupeuting

11.

sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu téh sok disebut

a)

musikalisasi puisi

b)

musikalisasi musik

c)

musikalisasi lagu

d)

musikalisasi rumpaka

12.

Kecap "bapa-bapa" kaasup kana kecap rajékan

a)

dwimurni

b)

dwipurwa

c)

dwilingga

d)

dwimdaya

13.

Naon kecap rajékan nu aya dina kalimah "babalik pikir"?

a)

dwilingga

b)

trilingga

c)

dwimadya

d)

dwipurwa

14.

Teu honcéwang sumoréang

Tékadna pahlawan bangsa


Naon harti kecap honcéwang ?

a)

hawatir

b)

bageur

c)

nyaah

d)

kaéndahan

15.

"Geus sababaraha kali budak téh teu ngumpulkeun tugas!"


kecap sababaraha mangrupa kecap rajékan....

a)

dwimadya

b)

dwilingga

c)

dwipurwa

d)

trilingga