WorksheetsUlangan Bab Dongeng Kelas X Semester 1
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Dongéng téh geus aya ti baheulana, malah bisa jadi geus aya ti jaman pra sajarah kénéh, ku sabab kitu dongéng sok teu kapaluruh saha nu ngarangna, atawa sok disebut ....
anonim
sinonim
homonim
akronim
antonim
Kaayeunakeun loba jalma anu ngadokumentasikeun dongéng jadi buku atawa tulisan, padahal saméméhna mah dongéng téh sumebar sacara ....
lisan jeung tulisan
tulisan dina babatuan
tulisan dina kulit sasatoan
tulisan
lisan
Carita Dongéng téh mangrupa prosa anu di jerona aya unsur tokoh jeung peristiwa atawa kajadian nu kaalaman ku tokohna nepi ka ngawangun jadi hiji ....
monolog
runtuyan lalakon
pragmén
puisi
drama
Ciri anu mandiri tina carita dongéng téh caritana anu pamohalan, contona ....
jalma bisa gelut jeung sato
monyét ngadahar cau
sasatoan bisa nyarita
sato bisa hirup di lembur
Si Kabayan boga mitoha
Anu dimaksud “carita pamohalan” téh nya éta ....
carita anu taya tamatna
carita anu loba pikaseurieunana
carita anu sumebar sacara lisan
caritana panjang jeung ngarancabang
caritana teu kaharti ku akal
Dongéng sok dipaké bahan pangajaran ku kolot ka budakna ku cara didongéngkeun saméméh budak saré, lantaran dina dongéng téh kakandung ....
amanat moral anu hadé
carita anu babari kaharti
lalakon anu pamohalan
carita anu ramé
lalakon anu matak pikaseurieun
Aya salah sahiji sipat dongéng anu dipikaresep ku masarakat, lian ti ngandung naséhat anu hadé ogé jadi sarana ....
pangajaran
hiburan
silaturahmi
komunikasi
pergaulan
Dongéng téh aya di mamana di saalam dunya, boh di Asia, Eropa, Amerika, Australia, boh di Aprika, malah aya dongéng-dongéng urang nu sarimbag antara di urang jeung di batur, contona dongéng Si Kabayan jeung dongéng ....... di Timur Tengah.
Si Congcorang
Oedipus
Abu Nawas
Sudagar Bagdad
Wa Dulhong
Di unggal sélér di Indonesia ogé nyampak carita dongéng, sarta dongéng ti wewengkon séjén t aya ogé nu sarimbag jeung dongéng di urang, saperti dongéng Malin Kundang ti Minangkabau (Padang) sarimbag jeung dongéng ....
Situ Bagendit
Si Kabayan
Si Pucuk Kalumpang
Dalem Boncél
Sangkuriang
Ngaran-ngaran wewengkon, gunung, atawa patempatan di urang mah sok dipatalikeun jeung hiji dongéng, upamana dongéng Tangkuban Parahu, Dongéng Situ Paténggang, dongéng Situ Bagendit, Dongéng Pandeglang, jeung sajaba ti éta, anu umumna kagolong kana dongéng ....
babad
sasatoan
mitos
parabel
sasakala
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna ....
carpon
dongéng
skétsa
biografi
fiksimini
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng ....
parabél
legénda
sagé
mite
babad
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nya éta ....
sakabéh eusi caritana bohong
teu jelas nu ngarangna (anonim)
sumberna tatalépa sacara lisan
ngandung unsur-unsur pamohalan
awalna kagolong kana sastra lisan
Unsur-unsur carita dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nya éta ....
téma
palaku
purwakanti
galur
latar
Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antara waé nya éta ....
Raja kahampangan dina balokéng.
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang.
Sangkuriang nyieun parahu.
Dayang Sumbi kawin jeung si Tumang.
Sangkuriang saenyana anak raja.
Dina dongéng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun téh, nya éta ....
Si Iteung, pamajikan Si Kabayan
Si Atok, anakna Si Kabayan
mitohana Si Kabayan
Sobatna Si Kabayan
Budakna Si Kabayan
Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nya éta ....
Muga-muga waé rencana urang bisa laksana!
Hayu urang rencanakeun waé nu leuwih asak!
Jung baé ti heula, kuring mah aya perlu heula!
Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macét!
Tiasa nyuhunkeun cai!
"Punten Wa, pangnyandakkeun buku basa Sunda di kantong!”
Nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah ....
paménta
panitah
panyarék
pangjurung
pangwawadi
Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah, iwal ....
mangga
cing
punten
wah
hayu
Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah, nya éta ....
Sampurasun!
Mangga ka lebet!
Teu kenging calik di dinya!
Antosan sakedap, nya!
Rampés.
