NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsBasa Sunda Wirausaha
Total questions: 30
Worksheet time: 37mins
Name
Class
Date
1.
Naon ari wawancara teh ?
a)
Wawancara nyaeta kagiatan paguneman tanya jawab nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi
b)
Wawancara nyaeta nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea
c)
Wawancara nyaeta karangan dina wangun lancaran anu ukuranana pondok
d)
Wawancara nyaeta wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma
2.
Dihandap ieu anu kaasup istilah dina perdagangan nyaeta…
a)
Rante
b)
Rancatan
c)
Recet
d)
Rancu
3.
"De pangmeserkeun uyah …" kecap satuan anu merenah nyaeta…
a)
Saruntuy
b)
Salawe
c)
Salosin
d)
Sagandu
4.
Laba tukang martabak di sebrang Kopo Jaya sadinten tiasa 500 rebu Rupiah. Laba di istilah perdagangan artina…
a)
Tempat dagang
b)
Untung dagang
c)
Rugi dagang
d)
Jalmi nu dagang
5.
Murid : " … bapa ngawitan dagang combro ?", Bapa : "Abdi ngawitan dagang combro taun 2002". Kecap pananya nu cocok dipake dina kalimat tanya anu kosong nyaeta…
a)
Saha
b)
Dimana
c)
Iraha
d)
Kamana
6.
Nu diwawancara pikeun milarian informasi tina wawancara disebutna nyaeta…
a)
Narasumber
b)
Wartawan
c)
Panalungtik
d)
Pausahaan
7.
Nu ngawawancara tina kagiatan wawancara disebutna nyaeta…
a)
Narasumber
b)
Wartawan
c)
Panalungtik
d)
Pausahaan
8.
Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal…
a)
wawancara wartawan
b)
wawancara panalungtikan
c)
wawancara lamaran gawe
d)
wawancara tugas sakola
9.
Kalimat tanya nu merenah tina kecap timana nyaeta…
a)
Timana bapa janten pangusaha kantong ?
b)
Timana bapa ngawitan dagang ?
c)
Aya timana jalmi anu gawe di pabrib bapa ?
d)
Timana laba na sadinten ?
10.
Ieu di handap anu teu kaasup istilah perdagangan nyaeta…
a)
impor
b)
ekspor
c)
kawon
d)
dadasar
11.
Kecap di handap ieu anu teu kaasup tempat jualan nyaeta…
a)
toko
b)
warung
c)
saung
d)
jongko
12.
Lamun dagangan teu payu teh disebutna…
a)
ngeumbreuk
b)
diretur
c)
rugi
d)
bistelan
13.
Lamun barang nu dibeli rusak padahal teu acan dipake terus kedah dikintun ka nu dagangna deui disebut…
a)
ngeumbreuk
b)
diretur
c)
rugi
d)
bistelan
14.
Anu henteu kaasup kana kalimah bilangan dina istilah perdagangan, nyaeta...
a)
Sapatuna dua rampasan
b)
Dadan meuli buku tulis lima siki
c)
Rata-rata penteun rapotna dalapan
d)
Ahmad meser jambu sakilo
15.
Kecap saruntuy anu merenah nyaeta sok dipake kanu…
a)
Uyah
b)
Peteuy
c)
Buku
d)
Kopi
16.
Paribasa hade tata, hade basa ngandung harti…
a)
hade goreng bebeja heula
b)
alus rengkah paripolahna jeung budi basana
c)
berita gancang nerekabna bari sok ditambahan
d)
jalma anu rea pangalamanana
17.
Impor nyaeta…
a)
Ngirim barang ka luar negeri
b)
Ngirim barang ka daerah luar pulau
c)
Meuli barang ti luar negeri
d)
Meuli barang di luar pulau
18.
Ekspor nyaeta…
a)
Ngirim barang ka luar negeri
b)
Ngirim barang ka daerah luar pulau
c)
Meuli barang ti luar negeri
d)
Meuli barang di luar pulau
19.
Bu, meser acuk salusin. Salusin nyaeta … siki
a)
12
b)
20
c)
144
d)
10
20.
Kalimat di handap ieu anu kecap bilangan na sesuai nyaeta…
a)
Sapatuna dua likur
b)
Gula lima runtuy
c)
Mandina sapoe tilu kali
d)
Dewi teh kelas limabelas
21.
Kecap pananya anu fungsina nanyakeun jalma nyaeta..
a)
saha
b)
dimana
c)
naon
d)
kumaha
22.
Kecap pananya anu fungsina nanyakeun tempat nyaeta…
a)
saha
b)
dimana
c)
naon
d)
kumaha
23.
Kecap pananya anu fungsina nanyakeun hal, barang, alat jeung sajabana nyaeta…
a)
saha
b)
dimana
c)
naon
d)
kumaha
24.
Kecap pananya anu fungsina nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta…
a)
saha
b)
dimana
c)
naon
d)
kumaha
25.
Kecap pananya anu fungsina nanyakeun harga atawa jumlah nyaeta…
a)
saha
b)
sabaraha
c)
naon
d)
kumaha
26.
Saboboko dipake pikeun ngitung…
a)
beas
b)
tipung
c)
suluh
d)
salak
27.
Salawe nyaeta…
a)
25
b)
50
c)
100
d)
150
28.
Sasikat dipake pikeun ngitung…
a)
salak
b)
buah
c)
cau
d)
kalapa
29.
Sasihung dipake pikeun ngitung…
a)
kalapa
b)
daun cau
c)
awi
d)
bawang
30.
Dua kodi nyaeta … siki
a)
20
b)
40
c)
60
d)
80
Reset
