wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Bahasa Sunda X IPA 3 Materi Wawancara

Total questions: 20

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Fungsi kecap mana atawa nu mana nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

pilihan

b)

waktu

c)

tempat

d)

kaayaan

e)

kayakinan

2.

Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

waktu

b)

barang

c)

tempat

d)

jumlah bilangan

e)

kajadian

3.

Bagean dina wawancara anu eusina nanyakeun identitas narasumber nyaeta ...

a)

tatakrama

b)

eusi

c)

panutup

d)

bubuka

e)

kasang tukang

4.

Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta ...

a)

ku naon

b)

kumaha

c)

sakumaha

d)

kunanaon

e)

sakumna

5.

Identitas jalma nu ngalakukeun wawancara aya di bagian ... tina struktur wawancara.

a)

eusi

b)

bubuka

c)

panutup

d)

wawanohan

e)

pedaran pertanyaan

6.
Naon fungsi tina ayana bubuka dina wawancara?
a)
nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan
b)
bisa nyindekkeun wawancara
c)
ngarahkeun naon waé anu rék di diskusikeun
d)
nambah élmu wawasan
e)
bisa nerangkeun hasil wawancara
7.

Wartawan : .....................?

Pa RT : kaleresan abdi ogé ningali awal kajantenan ieu musibah téh. Malihan mah abdi nu nelepon petugas damkar!

Pananya anu pas pikeun ngeusian titik-titik diluhur nya éta....

a)

saha nami lengkep bapa?

b)

naon kalungguhan sareng padamelan bapa?

c)

iraha kajadian kahuruan téh?

d)

dimana kajadian kahuruan lumangsung?

e)

naha bapa aya dina pas kajadian kahuruan?

8.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

sawala

d)

konferensi

e)

seminar

9.

Kalimah panaya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap .....

a)

Naon, mana, saha, ku saha, naon, sababna, kumaha

b)

Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon, kumaha

c)

Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha

d)

Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

Saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha

10.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara wawancara, nya éta ....

a)

kelompok

b)

mandiri

c)

konférénsi

d)

resmi

e)

teu resmi

11.

Di handapa ieu mangrupakeun tahapan-tahapan nu ilaharna dilakukeun nalika ngawawancara, iwal....

a)

nangtukeun jejer atawa topik wawancara

b)

nangtukeun tujuan jeung maksud wawancara

c)

nangtukeun narasumber nu rek di wawancara

d)

nyusun acara pikeun konferensi

e)

nyusun/ngarancang patalekan

12.

Kalimah pananya "Kumaha sumbangan dalang kana atikan?" miharep jawaban ngeunaan ....

a)

pangaruh dalang kana atikan

b)

kaayaan kamekaran dalang

c)

undakna ajén atikan

d)

peranan dalang anu bisa jadi pangatik

e)

dalang jeung pangatik téh sarua

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nya éta ....

a)

ditungtungan ku tanda pananya

b)

diwangun tina kalimah wawaran

c)

ngandung kecap pananya

d)

miharep résponsi nu mangrupa jawaban

e)

miharep résponsi nu mangrupa tindakan

14.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana adegan wawancara, nya éta ....

a)

bubuka

b)

pamungkas

c)

eusi

d)

salam

e)

pananya

15.

Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara, nya éta ....

a)

mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta

b)

nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

konfirmasi keur babandingan data

d)

ngéra-ngéra jalma nu diwawancara

e)

ngajaring informasi ti narasumber

16.

"Nadia téh nuju naon?"

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

pananya

b)

paréntah

c)

sélér-sumélér

d)

Kantétan

e)

langsung

17.

Basa lemesna tina kecap bapa kuring, nya éta ....

a)

pun bapa

b)

bapa uing

c)

bapa sampeuran

d)

bapa kawalon

e)

tuang bapa

18.

Basa lemes keur ka sorangan tina kecap datang, nya éta ....

a)

dongkap

b)

mulih

c)

mulang

d)

uih

e)

balik

19.

Basa lemes keur ka batur tina kecap dahar, nya éta ....

a)

neda

b)

tuang

c)

madang

d)

ngawadang

e)

mangan

20.

kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber disebut....

a)

wawancara konferensi

b)

wawancara terpimpin

c)

wawancara bebas

d)

wawancara terbuka

e)

wawancara kelompok