Font size
WorksheetsLatihan Soal Semester 1
Total questions: 20
Worksheet time: 30mins
Jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana.
Anu jadi latar waktu dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Jaman baheula
Karajaan Pajajaran
Prabu Siliwangi
Kongas
Kagagahanna
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Anu nuduhkeun latar tempat dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Hiji Poé – moro
Moro – panon poé manceran
Hiji poé – panon poé manceran
Sato héwan siga tilem
Turun unggah gunung
Baca jeung tengetan!
(1) Nyatet gagasan utama.
(2) Maca deui kotrétan ringkesan bari dibebener deui upama aya kasalahan.
(3) Nuliskeun deui carita babad.
(4) Maca naskah asli carita babad.
Lengkah-lengkah nyieun ringkesan carita babad anu paling bener nyaéta....
(1)-(2)-(3)-(4)
(4)-(1)-(3)-(2)
(4)-(1)-(2)-(3)
(2)-(3)-(1)-(4)
(1)-(3)-(4)-(2)
Alofon atawa manggalasastra nya eta bagean tina wawacan anu eusina ngawengku ...
sanduk-sanduk atawa menta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta menta pangampura kana kahengkeran nu nulis atawa nu nyusun eta wawacan
titimangsa ditulis atawa disalinna eta babad dina wangun pupuh tur menta pangampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahengkeran dirina
perenahna di ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita
poko carita tina babad
bagean anu nyaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh jeung konflik
Baca téks ieu di handap!
Kasmaran panganggit gending,
basa Sunda lumayanan,
kasar sakalangkang awon,
kirang tindak tatakrama,
ngarang kirang panalar,
ngan bawining tina maksud,
medarkeun pusaka rama.
Sempalan téks di luhur dina carita babad kaasup kana bagian ...
Alofon
Kolofon
Panutup
Pamungkas
Eusi
Titetan sawatara hal ieu di handap!
(1) Caritana basajan
(2) Ngandung hal-hal anu asup akal
(3) Sumebarna sacara tinulis
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Ngandung hal-hal anu teu pamohalan
(7) Sumebar sacara lisan
(8) Ngandung unsur seni
(9) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng di antarana ...
1, 2, 3, 4
1, 5, 7, 9
2, 4, 6, 8
1, 6, 8, 9
3, 5, 6, 8
Ngaran-ngaran wewengkon, gunung atawa patempatan di urang mah sok dipatalikeun jeung hiji dongéng, upamana dongéng Tangkuban Parahu, dongéng Situ Paténgggang, dongéng Situ Bagendit, dongéng Pandéglang, jeung sajaba ti éta, anu umumna kagolong kana dongéng ....
babad
parabel
sasakala
sasatoan
mitos
Ieu di handap mangrupa conto-conto unsur pamohalan anu biasana osok aya dina carita dongéng, iwal...
jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib
nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
manusa bisa ngapung
parahu bisa robah jadi gunung
sasatoan bisa ngomong
Dina pancakaki, hubungan ka luhur disebut karuhun, hubungan ka handap disebut ...
rujukan
ruwetan
rumusan
rundayan
runtuyan
Pak Hasan téh anakna Pa Suhadma. Maliki anakna Pa Hasan.
Pa Suhadma disebutna …. ku Maliki
Aki
Uwa
Incu
Lanceuk
Adi
Alo teh nyaeta .....
dulur sahandapeun
dulur saluhureun
lalaki adina bapa/indung
awewe adina bapa/indung
anakna lanceuk
Aksara swara téh aya tujuh rupa nyaéta A, I, U, É, O, E, jeung Eu. Tina ieu aksara swara, Aksara anu wangun (bentuk) na ampir sarua nya eta aksara ...
A, É, Eu
I, O, É
A, I, U
A, E, Eu
I, U, E
Gambar di luhur mangrupa wangun aksara Sunda tina kecap...
korotak
karédok
korédas
kodak
kotak
Gambar di luhur mangrupa wangun aksara Sunda tina kalimah...
Danto rada alim peuting
Danita rada amis budi
Jante rada alim pameng
Janté raja alam peteng
Janita rada alim perang
Dina aksara sunda mah, lamun rék nulis angka téh kudu maké tanda pamisah mangrupa . . .
|
"
[
)
#
Dina aksara Sunda anu disebut aksara konsonan téh nya éta aksara
Swara
Kaganga
Ngalagena
Vokal
Rarangkén
Aksara Sunda KAGANGA téh dipaténkeun ka unicode na dina taun …
1991
1997
2001
2008
2013
Saalin kana aksara latén!
Salin kana aksara latén!
Salin kana aksara latén!
