NEW
Font size
WorksheetsKD 3.2 Dongeng
Total questions: 15
Worksheet time: 18mins
Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu logis
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina jelas
Bagian carita anu deskripsina teu jelas
Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...
jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib
sasatoan bisa ngomong
parahu bisa robah jadi gunung
manusa bisa ngapung
nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...
Lisan
Naskah
Prasasti
Panggung teater
Tulisan
Gambar di luhur ka asup kana dongeng....
Sasakala
Parabel
Fabel
Sage
Pamuk
Pesen nu hayang ditepikeun ti pangarang ka nu maca disebut...
Galur
Palaku
Latar
Amanat
Tema
Dongeng anu nyaritakeun kapahlawanan anu aya hubunganana jeung unsur sajarah disebut dongeng
Parabel
Mite
Pamuk
Babad
Fabel
Carita rékaan anu nyaritakeun asal-usul, asal mula, jeung asal muasal hiji tempat, tokoh, atawa kajadian, anu can pasti kanyataan atawa bebeneranna, disebut dongéng….
Mite
Sasakala
Farabel
Fabel
Babad
Dongéng anu mibanda unsur atikan ngeunaan watek, sipat, kalakuan, atawa paripolah anu hadé jeung teu hadé, nu digambarkeun ku sasatoan nu hirup lumrah kawas jalma. Ilaharna watek-watek nu muncul téh di antarana bageur, bener, cerdas, calakan, julid, jail, jahat, mahiwal, jeung sajabana
Fabel
Parabel
Babad
Sasakala
Mite
Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma basajan. Ilaharna ngandung unsur atikan (pieunteungeun) atawa murni hiburan (panglipur), gumantung kana tipeu dongéngna.
Fabel
Parabel
Babad
Sasakala
Mite
Dongéng anu nyaritakeun saperkara hal gaib kayaning déwa-déwi, lelembut, jurig, siluman, jin, danyang, bunian, gumelarna alam/tempat, jeung sajenisna. Dina sajarahna, dongéng gaib dianggep salaku sumber sagala dongéng, sabab dongéng Gaib patalina jeung réligi-kapercayaan nu diagem ku hiji suku bangsa atawa daérah. Jaman baheula dina ngagelarkeun dongéng gaib téh teu bisa samanéa, alatan dongéng gaib mah –dipercaya- misipat hal nu kacida sakral, disebut...
Fabel
Parabel
Mite
Sasakala
Babad
Tokoh dongeng anu disebut-sebut asli Sunda nya eta...
Si Lamsijan
Si Kabayan
Si Salhiam
Si Bosetek
Si Malin Kundang
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna
Carpon
Dongéng
Skétsa
Fiksimini
Biografi
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng
Parabel
Légénda
Sage
Mite
Babad
Di Garut katelah pisan hiji carita anu dijudulan (1) Sasakala Situ Bagendit. Ceunah mah luyu jeung ngaran tokohna Nyi Endit anu miboga watek medit. Lamun di Sukabumi katelah pisan ku dongéng (2) Nyi Roro Kidul anu dibarengan ku carita (3) Sasakala Palabuanratu. Sabenerna, lian ti éta dongéng masih kénéh réa dongéng ti Sukabumi téh salasahijina aya dongéng (4) Sasakala Situsukaramé ti Parakansalak. Tapi anu kawéntar di tanah Sunda dugi ka ayeuna mah dongéng (5) Si Kabayan, lian ti caritana ramé, ogé mantak pikaseurieun. Anu mantak pikasediheun naha aya dongéngna? Aya! Masih inget dongeng (6) Budak Pahatu? Mani waas nalika lanceuk jeung adi hirup paduduaan dina ringkang kasusah. Beunghar pisan Sunda téh ku carita dongéngna, ti sabangsaning (7) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu silih gitik hayang ngala cabé, aya ogé caritaan bangsa (8) Sireum anu meunang ngalawan Gajah. Ku réana dongéng Sunda anu sumebar mana waé anu kaasup Parabel
1 jeung 3
3 jeung 4
5 jeung 6
7 jeung 8
1 jeung 2
(1) Caritana jalma biasa
(2) Tokohna mangrupakeun sasatoan
(3) Salasahiji conto dongéngna Siluman Oray
(4) Eusi caritana ngeunaan kapahlawanan
(5) Dongéng anu kawéntarna Si Kabayan
Dumasar ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, anu kaasup jenis dongéng Mite jeung Sagé nyaéta
2 jeung 1
3 jeung 2
3 jeung 4
5 jeung 4
1 jeung 5
