NEW
Font size
Worksheetssajak
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Naon nu dimaksud sajak
karangan dina wangun ugeran
karangan dinan wangun lancaran
karangan dina wangun prosa
karangan bebas
Dina sastra Sunda, karya sastra wangun ugeran teh loba rupana diantarana di handap ieu, nyaeta...
sajak, guguritan, pupujian jeung carita pondok
sajak, guguritan, pupujian jeung mantra
sajak, novel, guguritan jeung pupujian
sajak, pupujian, guguritan jeung carita nyambung
Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Majas
gaya basa
Dina sajak nu judulna Bandung, aya ungkara ; ieu Bandung heurin ku tangtung nu ngandung harti ...
Kota nu kawilang endahna
Kota anu padet pendudukna, jadi puseur pangjugjugan balarea
Kota anu jadi tujuan wisata
kota anu jadi kacapangan
Salian ti kecap-kecap konotatif, sajak oge ngandung sawatara unsur penting kayaning di handap ieu, kajaba ....
Tema
Suasana
Imaji
Galur carita
Tema dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan
Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud
Suasana dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Irama, galindengna sora kecap
Amanat pangarang kanu macana
Imaji dina sajak maksudna ...
Amanat pangarang kanu macana
Irama, galindengna sora kecap
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo najan ukur dina wangwangan
Unsur-unsur dina sajak teh kudu silih rojong. Upamana wae sajak nu temana pati atawa maot tangtu suasana teh kudu ...
Pikasediheun
Pikagumbiraeun
Pikaeraeun
Pikahariwangeun
Sajak nu judulna Bandung ditulis ku ...
Wahyu Wibisana
Usep Romli
Ajip Rosidi
Rahmat M.Sas.Karana
