wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BASA SUNDA KELAS XI OTKP & MM 2020

Total questions: 30

Worksheet time: 3570secs

Name
Class
Date
1.

Iber perkara kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna...

a)

Bewara

b)

Iklan

c)

Medsos

d)

Warta

2.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipake ngajawab pananya ....

a)

Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

Saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti ,mana

d)

Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana

3.

Nashkah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaeta ....

a)

Suku

b)

Agama

c)

RAS

d)

Rasa

4.

Anu disebut Lead dina warta teh nyaeta....

a)

Judul Warta

b)

Bubuka warta

c)

Waruga Warta

d)

Pamungkas Warta

5.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta nyaeta....

a)

Waktu (timeliness)

b)

Aya patalina jeung kahirupan balarea (significance)

c)

Aneh (the Unusual)

d)

Pawarta

6.

Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya ....

a)

Naon

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Naha

7.

Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaeta kudu …

a)

Nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyigeung SARA

b)

Paham kana eusi naskah

c)

Make basa anu etis (sopan, bener, tur merenah)

d)

Make baju anu alus tur anu serasi

8.

Hal-hal anu teu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaeta kudu ….

a)

Alus peta jeung dangdanan (mun dina TV)

b)

Loba seuseurian nalika macakeun warta

c)

Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

d)

Keuna dina cara diuk jeung make mik

9.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukurannan pondok, disebutna ....

a)

Fikmin

b)

Carpon

c)

Novelet

d)

karnyam

10.

Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon nyaeta....

a)

Sifat caritana naratif

b)

Palaku caritana kaitung rea

c)

Eusina kaharti ku akal atawa realistis

d)

Biasana nyaritakeun hiji kajadian

11.

ieu dihandap anu teu kaasup kana kalimah pasif, nyaeta....

a)

mang kurdi kadupak becak

b)

manuk diparaban ku kuring

c)

barudak dibawa piknik ku guruna

d)

manehna diajar ngawih ka pak Jujun

12.

ieu di handap kalimah aktif anu teu bisa dirobah jadi kalimah pasif, nyaeta....

a)

Mamah keur ngamandian dede

b)

Kuring mang meulikeun buku keur ade

c)

Dadang ngakutan sayuran ti kebon

d)

Mang Mahdi dagang sayur di Pasar

13.

Dihandap anu kaasup istilah-istilah dina warta, iwal...

a)

Editor

b)

Reporter

c)

Kameramen

d)

Paramedis

14.

Dihandap anu kaasup struktur warta nyaeta....

a)

Judul, bubuka, waruga warta (eusi), pamungkas warta

b)

Judul, bubuka, kacindeukan warta, waruga warta

c)

Judul, waruga warta, bubuka, pamungkas warta

d)

Judul, waruga warta, pamungkas warta

15.

Salah sahiji ciri anu aya dina hiji warta, nyaeta....

a)

Eusina mangrupa opini tur subjektif

b)

Eusina mangrupa carita hayal tapi logis

c)

Eusina mangrupa carita hayal anu pamohalan

d)

Eusina dumasar kana data anu bener

16.

Disebut naon jalma anu sok macakeun warta....

a)

Dalang

b)

Sinden

c)

Lengser

d)

Reporter

17.

Anu heunteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon nyaeta….

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Palaku

d)

Latar

18.

Ieu kalimah di handap kaasup kalimah aktif anu miboga kecap rajekan dwireka, nyaeta….

a)

Mang dudung titadi ngan bulak-balik wae ka cai saeunggeus metis teh

b)

Neng lilis ngabaris payuneun guru-guru na

c)

Anak lalaki mang adang mah sok sesepak ka kolot teh, teu sopan pisan

d)

Tah pagawean si titin ari di dapur teh sok trang-treng-trong

19.

Ieu kalimah di handap kaasup kana kalimah pasif nu miboga kecap sifat, nyaeta, iwal….

a)

Kameja kelir gandola diseuseuh ku pun biang

b)

Sok lah gunung gede ge bisa didaki ku kuring mah

c)

Budak calakan mah sok dipikareuseup ku sasaha

d)

Alhamdulillah dipaparin budak anu bageur ku gusti Allah

20.

“Anyir.. ieu barudak ngora teh marabok wae pagawean nana, ku aing gawean siah..!”(ceuk sopir taksi)

Cik, naon watak sopir dina potongan carpon di luhur….

a)

Bageur

b)

Jail

c)

Sok nulungan

d)

Bedegong

21.

Aya hiji mojang ngaranna sebut weh si ira. Si ira awakna jangkis, bu’ukna pendek, salewat mah pokona percis pisan kos lalaki. Di lemburna oge manehna katelah budak tomboi, nu hobina naek motor.

Naon sinonim tina kecap ‘Mojang”…..

a)

Awewe

b)

Kembang desa

c)

Parawan

d)

Jaher (Janda Herang)

22.

Pas rada di cabakan ku satpam na, si ira atuh meren jadi ngambek.. Bet weh! Langsung di buka tah helm na bari ngomong ka satpam, matana bari molotot: “BOM, BOM tai pedut lah.. siah! yeuh teu percaya mah !!!”

Kumaha Latar suasana dina potongan carpon di luhur….

a)

Pikaseurieun

b)

Piambeukkeun

c)

Pikabungaheun

d)

Pikasieuneun

23.

Teu nyangka horéng kitu aslina, jalma nu katingalina bageur, soléh, tur taat kana agama, sing horéng kitu buktina. Simpati nu aya dina diri, leungit jadi ceuceub. Saha nu nyangka manéhna kawas buhaya? Sabab katutupan ku tingkah jeung paripolahna.

Kumaha latar suasana dina potongan carpon di luhur….

a)

Bingah

b)

Ambeuk

c)

Kuciwa

d)

Ngaheulas

24.

Peuting harita, kacaritakeun di CCL aya acara. Kuring ngagugu paréntah atasan pikeun datang kana éta pintonan, nepika nyieuhkeun kahoréam, maksakeun indit.

Bareng jol datang, kasampak geus aya nu tandang. Tempat nu sakitu legana geus pinuh ku jalma, pédah malem minggu meureunnya? Kuring nu elat datang, seselempét néangan tempat diuk panghareupna, atuh pintonan téh jelas katingalina.

miboga galur naon tina potongan carpon di luhur, jeung kaasup kana tahapan galur nu mana….

a)

galur mundur/panganteur

b)

galur maju/panganteur

c)

galur maju/resolusi

d)

galur mundur/puncak masalah

25.

sawatara ha anu kudu diperhatikeun nalika nulis warta, iwal….

a)

Nyieun lead paling rea 30 kecap/tilu jajar ketikan

b)

Tulisanna sing geunaheun dibacana tur kaharti

c)

Tulisanna kudu mampu ngahudang imajinasi anu maca

d)

Tulisanna kudu alus

26.

Pamiersa, lima warta nu parantos dugi ka meja redaksi bandung tv, edisi senen……..nu baris didugikeun ku sim abdi….”


Struktur warta di luhur nyaeta….

a)

Judul

b)

Lead/Intro

c)

Waruga warta

d)

Pamungkas Warta

27.

Waktu mangrupa ajen warta anu kawilang penting, berita teh kajadianna karek atawa keur lumangsung.


Kaasup kana ajen warta nu mana kalimah di luhur….

a)

timeliness

b)

Significance

c)

Kajadian aneh

d)

Conflict

28.

Kagiatan mariksa, mereskeun bari ngarapihkeun basa atawa tulisan sangkan eusina bener jeung rapi samemeh dicetak, disebar atawa dikirimkeun. Kaasup kana harti istilah jurnalistik nu mana…..

a)

Redaksi

b)

Editing

c)

Editor

d)

Redaktor

29.

Nu kaasup kana media elektronik nyaeta, Iwal….

a)

Bulletin

b)

TV

c)

Radio

d)

Internet

30.

kalimah Aktif/pasif nu bener tur merenah tina kecap "NGANGEUN" nyaeta.....

a)

Mang Zam-zam keur ngangeun keusik ka rangkai

b)

Neng Maya reuseup ngangeun japuh cocol sambeul

c)

peuting tadi Ceu Jesica ngangeun kacang meuni bangun nu nikmat

d)

Ucing hideung diangeun ku jang mahesa geus dua tahun lilana