NEW
Font size
WorksheetsTradisi Sunda, Wayang, Resensi Drama,
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Perhatikeun ieu léngkah-léngkah nulis bahasan tradisi Sunda!
i. Ngamekarkeun rangka bahasan tradisi Sunda
ii. Nangtukeun jejer jeung téma bahasan tradisi Sunda
iii. Maca jeung ngaropéa bahasan tradisi Sunda
iv. Néangan bahan keur mekarkeun rangka bahasan tradisi Sunda
v. Nyieun rangka bahasan tradisi Sunda
Runtuyan nu bener dina nyieun bahasan tradisi Sunda nyaéta….
(ii), (v), (iv), (i), (iii)
(ii), (v), (i), (iii), (iv)
(ii), (iii), (v), (iv), (i)
(i) , (ii), (iii), (iv), (v)
(i) , (ii), (iii), (v), (iv)
Dina adat kawinan Sunda panganten osok disawér. Eusina nu disawérkeun nya éta konéng, béas, premén, duit récéh jst. Béas téh ngalambangkeun ...
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana miboga kasucian
Ngalambangkeun sangkan nu laki rabi teh lalintuh
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana teu paséa
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana kacukupan ku rezeki
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana langgeng
Dina prosési adat kawinan Sunda, aya nu disebut meuleum harupat. Pangantén istri nyodorkeun lilin tuluy pangantén pameget meuleum harupat ku éta seuneu tina lilin. Sanggeus kitu harupat nu geus diduruk téh diasupkeun kana kendi nu eusina cai sarta éta kendi téh dicekel ku pangantén istri. Makna tina simbol adat ieu nya eta ...
Dipiharep pangantén istri jeung pangantén pameget bisa nuntaskeun sagala rupa masalah rumah tangga babarengan. Istri nyekel kendi nu eusina cai ngalambangkeun yén istri kudu bisa niiskeun sakumna pasualan anu keur karandapan ku salaki.
Seuneu mangrupa lambang tina emosi négatif sedengkeun cai mangrupa lambang tina emosi positif, hartina istri kudu bisa terus méré hal positif ka salakina sanajan salaki ngalampahkeun hal négatif.
Seuneu téh éléhna ku cai, nya kitu deui salaki, éléhna pasti ku istri (pamajikan)
Harupat nu dicekel ku pangantén pameget ngalambangkeun amarah, sedengkeun lilin anu dicekel ku pangantén istri ngalambangkeun ngagedurna émosi.
Sangkan tradisi Sunda ulah nepi ka pareum, kidu terus dimumulé ku urang
Dina adat kawinan Sunda aya nu disebut "Ngaras". Ngaras téh nya éta ...
Ibu Rama ngais pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman.
Upacara nu dilaksanakeun ku calon pangantén, udaganana keur némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a keur kalancaran pernikahan. Disimbolkeun ku sungkem jeung ngumbah suku ibu rama.
Meresihan bulu kiang anu aya dina wajah calon pangantén istri.
Ngamparkeun tujuh sinjang pikeun titincakan atawa tilam dampal calon pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman,
7 rupa du’a ti kolot keur calon pangantén istri
Dina prosési siraman, urang kudu nyadiakeun cai anu geus dicampur ku 7 rupa kembang atawa disebut ogé kembang sataman. Tina tujuh rupa kembang anu wajib téh diantara nya éta kembang ros, kananga jeung malati. Makna tina éta kekembangan téh nya éta ...
Kembang malati mangrupa simbol pamikat sangkan pangantén dipikaresep ku balaréa
Kembang ros mangrupa simbol kajujuran ti calon pangantén
Kananga mangrupa simbol tina harepan sangkan pangantén bisa méré katenangan tur katingtriman haté
Boh kembang ros, kananga boh malati pada-pada ngabogaan makna anu alus.
Kabéh jawaban bener
Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Istilah nyunatan atawa sok aya ogé nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, anu hartina ...
Kokocop
Ngeureut
Lalaki
Turih
Motong
Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu ...
Ludeungan
Soméah
Wantéran
Reuwasan
Pohoan
Tujuh rupa kadaharan dina trdaisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ....
Rujak kanistrén
Beubeutian
Bungbuahan tujuh rupa
Jajambaran
Pakaulan
Nu dimaksud talawéngkar dina tradisi Tingkeban téh nyaéta ....
Kendi tempat belut jeung tempat cai inumeun
Sinjang keur gaganti dina upacara mandi
Rujak kanistrén nu dibagi-bagi ka nu hadir
Beubeulahan kenténg nu dijieun duduitan
Kembang tujuh rupa pikeun mandi
Ikét gé bisa dibedakeun nurutkeun kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu maké iket lian ti dibédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa beulitan iket. Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket, di antarana waé, barangbang semplak, parékos/paros (nangka, jéngkol, gedang), koncér/paitén, julang ngapak, lohén, ki parana, udeng, pa tua, kolé nyangsang, porteng jrrd kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur padamikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rekaan anyar nu ngahaj nyipta sorangan.
Dicutat tina majalah cupumanik No. (1/Taun VIII No. 7-pébruari 2011, kaca 31-35
Aya rupa-rupa beulitan iket luyu jeung umur, jabatan, jeung waktu dipakéna. Ieu di handap anu henteu kaasup kana beuliteun iket, nya éta.....
Barangbang semplak
Kuda balap
Parékos nangka
Kolé nyangsang
Koncér/ paitén
Ngaranna perang Bharatayuda. Sedengkeun dua kelompok anu papaséaanna téh nya éta Pandawa jeung Kurawa, ari nu diparebutkeunna nya éta tahta karajaan Hastinapura. Kalimah di luhur nya éta intisari carita wayang epik...
Mahabarata
Ramayana
Kartanegara
Martapura
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) kapaluruh saha nu ngarangna
(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....
2 jeung 4
2 jeung 5
5 jeung 8
1 jeung 2
5 jeung 7
Aya bagian tina pagelaran wayang anu biasana aya dina bubuka, diomongkeun ku dalang dina basa Kawi sarta ditembangkeun, disebut ….
Lawang sigotaka
Antawacana
Gugunungan
Jaturan
Kakawén
Kasenian téh minangka hal nu deukeut jeung masarakat, saupama kasenianna aya tutuluyan hartina masarakat téh resep jeung reueus kana éta kasenian, lian ti pikeun éksprési nu nyiptana karya seni teh salasahiji fungsina nya éta pikeun ngahibur. Wayang golék kiwari dipikaresep kénéh lantaran...
Aya sinden
Nu lalajo bisa nyawer
Aya saweran
Murah mayarna
Aya bodoran
Bagawan Dorna teras ngadeg, sasauran agem pisan, “Mugi kauninga, aya murid kaula anu pangpunjulna dina mentangkeun gondéwa. Saha deui mun lain Arjuna, bébénténg Astinapura. Ku kaula ayeuna ngahaja rék dipentés katapisanana.” Ger nu surak ayeuh-ayeuhan. Nu di tukang ngangseg ka hareup, pasedek-sedek, papada hayang sidik ka putra panengah Pandawa. Arjuna asup ka pakalangan bari umat-imut. Budina teu weléh manis.
Tina éta carita bisa kapanggih yén éta téh latar tempatna aya di ...
Di tepiswiring karajaan Alengka
Di tepas imah Dorna
Di tegalan Bubat
Di karaton Karajaan Astina
Di alun-alun kawadanan Hastinapura
Hal anu ngabédakeun antara carita wayang versi ti India jeung carita wayang versi urang Sunda dina carita wayang Mahabarata (versi sunda) nyaéta….
Dina versi di India aya tokoh Gatotkaca
Dina carita wayang di urang ayana tokoh Pétruk
Dorna téh mangrupa tokoh anu dipihormat ku pandawa kurawa
Pandawa Lima ngan ukur dina carita wayang aslina
Ieu di handap anu henteu kaasup kana kulawarga Semar dina carita pawayangan Sunda, nyaéta….
Cépot
Dawala
Garéng
Nyi Sutiragen
Pétruk
Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....
Gugunungan
Dalang
Sindén
Nayaga
Juru alok
Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut ...
Suluh
Sinden
Purwa
Dalang
Nayaga
Rama katut pasukanana ngababakan di wewengkon anu paeunteung-eunteung jeung nagara Aléngka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman di utus pikeun mubus ka Aléngka. Sakalian ngalongok kaayaan Déwi Sinta. Sempalan carita wayang di luhur, kaasup kana babon….
Kurawa
Mahabarata
Ramayana
Astina jeung Aléngka
Arjuna Sastra bahu
PANGGUNG POÉK SORA BANGKONG TINGBOROGODOD. LAMPU LAUN NYAANGAN PANGGUNG REMENG-REMENG. ROHANG TENGAH HIJI IMAH BILIK. RADA BEULAH KATUHU, KORSI RAREYOD NGARIUNG MÉJA AKI ONAY DIUK DI SALAH SAHIJI KORSI BARI NGALINTING BAKO. DI BEULAH TENGAH, GIGIREUN LAWANG KA ENGGON, LOMARI GEUS MUKA PANTONA, LAMAK AMAYATAK, PATULAYAH JEUNG BAJU BUBUTUTAN JURU ROHANG BEULAH KENCA, HANDAPEUN JANDELA, AYA MESIN KAPUT BUTUT NGAJUGRUG, BULAN (INCU AKI ONAY) KEUR NGEUNTEUNG, NGOME BUUK. PANGGUNG REMENG-REMENG.
Bagian struktur carita drama di luhur disebut ....
Prolog
Dialog
Épilog
Adegan
Nini Odih
:
(LEUMPANG KANA LOMARI, TULUY NGUDULAN EUSINA) Geus euweuh nu bogaeun. Kapan arék masang sarébu bandéra nutupan pasir béjana mah.
Aki Onay
:
Kateuteuari!
Prolog
Épilog
Téks sisi
Katerangan
Narasi
HAYAM DIADUKEUN. ITU TEUNEUNG IEU LUDEUNG. WANI SARUA DAÉKNA. HAYAM TÉH PRAK BAÉ ABAR. SILIH PACOK KU PAMATUK. SILIHGITIK KU JANGJANGNA. SILIH PEUPEUH KU SUKUNA. HAYAM SARUA BEDASNA. LILA-LILA HAYAM CIUNG WANARA KADÉSÉH. HAYAM TÉH PÉK KAPAÉHAN. HAYAM TÉH DIBANJUR. TULUY HAYAM TÉH DIADUKEUN DEUI. KEUR KITU DATANG NAGA WIRU TI GUNUNG PADANG, NYURUP KA HAYAM CIUNG WANARA. AHIRNA HAYAM CIUNG WANARA BISA NGÉLÉHKEUN HAYAM ARIA BANGA.
Bagian struktur carita drama di luhur disebut ....
Prolog
Dialog
Épilog
Adegan
Babak
Ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, filem, atawa pintona drama jeung musik, (konser) disebutna ...
Aprésiasi
Ésséy
Ékprési
Kritik
Résénsi
Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur resensi, nya eta
Nuliskeun identitas buku
Medar ngeunaan eusi buku
Medar ngerunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balarea
Ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, filem, atawa pintona drama jeung musik,(konser) disebutna ...
Aprésiasi
Ékprési
Résénsi
Ésséy
Kritik
Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....
Buku fiksi atawa non fiksi
Buku kasohor atawa buku teu kasohor
Buku penting atawa buku nu teu penting
Buku kandel atawa buku ipis
Buku murah atawa buku mahal
Nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rék dirésénsina disebut ogé bagian struktur résénsi...
Idéntitas karya
Ringkesan Carita
Kacindekan karya
Tilikan Eusi
Panutup
Ieu di handap kalimah nu kaasup kana bagian résénsi ngeunaan kapunjulan jeung kahéngkéran anu mernah nya éta...
Luyu jeung génré drama history, pilem Soékarno geus hasil némbongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar
Soékarno jeung Hatta, narékahan cita-cita jeung perjuangan sangkan Indonesia Merdéka
Film Soékarno tarekah numuwuhkeun sikep nasionalisme kaom rumaja
Ario Bayu salaku Soékarno, Lukman Sardi salaku Hatta, Maudy Koesnady salaku Inggit Garnasih
Hanung Bramantyo mangrupa sutradara tina Film Soékarno
“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....
Data buku
Déskripsi bab per bab
Kasang tukang
Rékoméndasi keur calon nu maca
Kritik kana eusi buku
