Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN SEMESTER 1 KELAS 12

Total questions: 30

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Carita Pantun gelarna samemeh abad ka …..

a)

Abad ka- 5

b)

Abad ka- 20

c)

Abad ka- 10

d)

Abad ka- 7

e)

Abad ka -14

2.

Fungsi Upacara adat pikeun ngahormat pangeran jeung karuhun kaasup kana funsgi adat tradisi….

a)

Fungsi Edukatif

b)

Fungsi Kaagamaan

c)

Fungsi Integratif

d)

Fungsi Sosial

e)

Fungsi Konservatif Budaya

3.

wayang nu nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok nyaeta …..

a)

Wayang Wong

b)

Wayang Potehi / Titi

c)

Wayang Beber

d)

Wayang Purwa

e)

Wayang Krucil

4.

Di handap ieu struktur carita wawacan nu benerna, nyaeta ……

a)

Puseur sawangan

b)

Bubuka

c)

Manggalasastra

d)

Pamungkas

e)

Konflik

5.

Di Handap ieu salah sahiji judul carita wawacan nu benerna, iwal …..

a)

Wawacan Mahabarata

b)

Wawacan Rengganis

c)

Wawacan Panji wulung

d)

Wawacan Lutung kasarung

e)

Wawacan Nyi Roro mendut

6.

Anu henteu kaasup kana tokoh Pandu Dewanata / Pandawa lima nyaeta …..

a)

Bima

b)

Prabu Borosngora

c)

Arjuna

d)

Yudistira

e)

Nakula

7.

ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaeta wayang …

a)

Kulit

b)

Purwa

c)

Pituhi

d)

Golek

e)

Potehi

8.

Dina Tradisi Sunda, upacara adat teh rea nu patali jeung daur hidup. Ieu di handap anu henteu kaasup kana upacara daur hidup nyaeta adat ……

a)

Ngariksa nu reuneuh

b)

Kapapatenan

c)

Nu nyiram

d)

Nyalin

e)

Sunatan

9.

ieu di handap nu ngabedakeun carita pantun jeung dongeng, nyaeta carita pantun mah …..

a)

Ngandung unsur pamohalan

b)

Ngandung rajah

c)

Mangrupa carita rekaan (fiksi)

d)

Teu puguh nu ngarangna (anonim)

e)

Sumebar tur tatalepa ku cara lisan

10.

Minangka karangan Panjang dina wangun pupuh, wawacan teh sok di ilo  jeung dihaleuangkeun heula. Kagiatan ngilo jeung ngahaleuangkeun wawacan disebutna…

a)

Nadoman

b)

Mantun

c)

Ngawih

d)

Beluk

e)

Nembang

11.

bagean rumpaka anu sok dihaleuangkeun dina carita pantun sok disebut….

a)

Lalakon

b)

Rajah

c)

Deskripsi

d)

Papantunan

e)

Rajah pamunah

12.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun nyaeta ....

a)

Mulang

b)

Pamunah

c)

Meunang ujian

d)

Aya nu nulungan

e)

Miang

13.

Tujuh rupa kadaharan dina tradisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ......

a)

Rujak kanistrén

b)

Jajambaran

c)

Beubeutian

d)

Pakaulan

e)

bubuahan tujuh rupa

14.


Awalna wayang digunakeun pikeun nyebarkeun agama ....



a)

Hindu

b)

Budha

c)

Islam

d)

Protestan

e)

Katolik

15.

. Saberesna carita wayang disebarkeun sacara lisan, para budayawan nyebarkeun carita wayang ngagunakeun media .....

a)

tulisan

b)

carita pantun

c)

naskah kuno

d)

babad

e)

wawacan

16.

Baca sempalan carita wayang di handap !

Pandu Dewanata nyaéta Raja Hastinapura, tapi mati ngora sarta barudakna masih leutik-leutik ku kituna tacan matak bisa pikeun nyekel kadali pamaréntahan, pikeun ngeusian ka kosongan pamaréntahan Hastinapura, mangka diangkatlah Destaratra anu lolong, lanceuk Pandu Dewanata pikeun menduduki kalungguhan samentara tahta Hastina, jaga lamun putra-putra Pandu geus dewasa, Hastinapura baris dibikeun dina Pandawa Lima, putra Pandu anu miboga hak luhur tahta Hastina sacara syah.

Anu diangkat pikeun ngeusian kakosongan pamarentah nyaeta .....

a)

Putra pandu

b)

Arjuna

c)

Pandu dewanata

d)

Destarata

e)

Yudistira

17.

Kampung Naga minangka salah sahiji kampung anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi sarta adat istiadat karuhunna jaman baheua. Ku kituna katelah ku ngaran kampung adat. Sacara administratif Kampung Naga téh aya di Désa Néglasari, Kecamatan Salawu, Kabupatén ....

a)

Cianjur

b)

Sukabumi

c)

Subang

d)

Tasikmalaya

e)

Cirebon

18.

Téks nu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana disebut .....

a)

Arguméntasi (Persuasi)

b)

Déskripsi

c)

Narasi

d)

Eksposisi

e)

Prosedur

19.

Anu heunteu kaasup kana karakter goréng opat paharaman, nyaéta…

a)

Kukulutus

b)

Babarian

c)

Humandeuar

d)

Langsitan

e)

Pundungan

20.

Struktur / rangkay karangan pedaran aya bubuka, eusi jeung panutup. anu teu ka asup kana bubuka nyaeta .....

a)

Alesan milih jejer

b)

Pentingna jejer

c)

Saran

d)

Tujuan jeung gunana

e)

Watesan jejer

21.

Wacana nu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nyaeta .....




a)

Eksposisi

b)

Deskripsi

c)

Narasi

d)

Argumentasi

e)

Puisi

22.

Kagiatan medar hiji pasualan, dumasar kana fakta fakta nu kapanggih, boh tina panalungtikan atawa tina pangalaman sorangan disebut .....

a)

Pedaran

b)

Wawasan

c)

Ringkasan

d)

Ulasan

e)

Pemahaman

23.

Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ......

a)

Ngamulyakeun karuhun

b)

Sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén

c)

Nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

d)

Nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar

e)

Tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit

24.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ......

a)

Genep bulan

b)

Dalapan bulan

c)

Tujuh bulan

d)

Tilu bulan

e)

lima bulan

25.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut .....

a)

Ritual

b)

Kasenian

c)

Adat

d)

Tradisi

e)

Pintonan

26.


Wangun atawa bentuk tulisan bahasan / pedaran dina wacana bahasan nyaeta, iwal .....





a)

Persuasi

b)

Argumentasi

c)

Deskripsi

d)

Narasi

e)

Eksposisi

27.

Bahasan tradisi sunda medarkeun unak-anik tradisi dihiji masyarakat nu biasana kayaning ku kagiatan dihandap ieu, iwal .....




a)

Ritual budaya

b)

Atikan

c)

Karusuhan

d)

Pakasaban

e)

Kagiatan adat istiadat

28.

Struktur upacara tradisi ngawengku sababaraha unsur jeung struktur nu tangtu, iwal …..

a)

Latar Upacara

b)

Palaku

c)

Properti

d)

Kagiatan

e)

Bewara

29.

Di handap ieu aya tradisi nu patali jeung nuansa kaagaman nyaeta ….

a)

Tradisi tahlilan

b)

Seren taun

c)

Ngalaksa

d)

Adat pesta laut

e)

Upacara ngalungsur pusaka

30.

Di handap ieu nu lain kaasup unsur-unsur nu aya dina tradisi atawa adat istiadat, nyaeta ……

a)

Ayana dimensi waktu

b)

Sakurang-kurangna tilu generasi

c)

Ayana Paripolah hiji jalma atawa masarakat

d)

Sakurang-kurangna hiji generasi

e)

Dituturkeun ku jalma lianna