NEW
Font size
Worksheetssoal PRA UNUS bahasa sunda kelas IX
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Pakeman basa hartina ….
ungkara basa anu geus matok sarta unsur -unsurna dalit.
ungkara basa anu susunan kecapna geus matok sarta miboga harti husus.
mamanis basa hasil karancagean kolot baheula.
basa anu dirakit tur mibanda harti husus.
Kecap pakem dina ungkara “pakeman basa” bisa dihartikeun…..
angger
maneuh
poko
tetep
Pangna pakeman basa teh lantaran….
susunan kecap mibanda harti anu husus
sususnan kecapna geus matok teu meunang dileuwihan atawa dikurangan
susunan kecapna meunang dirobah
susunan kecapna manis sarta mibanda ma’na anu jero
di antara ungkara di handap ieu, anu henteu kaasup kana pakeman basa nyaeta ….
atah anjang
lir ibarat mabok manggih gorowong
Bandung heurin ku tangtung
sisindiran
di handap ieu nu teu kaasup kana pakeman basa nyaeta ….
kila-kila
babasan.
cacandran
sisindiran
Salah sahiji tujuan karuhun Sunda baheula nyieun pakeman basa nyaeta ….
sakadar bukti kaparigelan ngarakit ungkara pikeun mamanis basa
pikeun nunjukkeun kapinteranana dina nyewang mangsa ka hareup
mere tungtunan ka anak-incu pikeun nangtukeun lengkah sangkan salamat dina nyanghareupan jaman jeung kahirupanana
mere warisan anu mangrupa kabungharan basa Sunda
Bagian tina pakeman basa anu umumna ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jalma disebut ….
paribasa
babasan
caturangga
cacandraan
Bagian tina pakeman basa anu umumna wangun kalimah sarta eusina mangrupa pepeling atawa palasipah hirup disebut…..
paribasa
babasan
caturangga
cacandraan
ciri-ciri babasan wangun kantetan di antarana …
unsur-unsurna anggang, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsur dalit, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsur dalit, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna anggang, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
Babasan pikeun jalma anu resep pipindahan atawa gunta-ganti pagawean nyaeta ….
legok tapak genteng kadek
hejo daun
hejo tihang
carancang tihang
Ungkara dug hulu pet nyawa kaasup kana conto …
babasan wangun kantetan
babasan wangun frasa
babasan wangun rundayan
paribasa
Ungkara adean ku kuda beureum mibanda harti …
ginding ku pakean meunang nginjem
sarakah makmak mekmek
agul ku turunan (menak)
sopan santun hade tatakrama
Sagala rupa kajadian geus ditangtukeun ku Allah SWT, mangrupakan harti tina pribahasa …..
landing kandungan laer aisan
nete taraje nincak hambalan
dihin pinasti anyar pinanggih
adat kakurug ku iga
Kusabab kanyahoan pisan keur milampah kagorengan, manehna cicing kawas … basa dicarekan ku warga teh.
aki-aki tujuh mulud
kokoro manggih mulud
buek meunang mabuk
jalma teu uyahan
Caritaan karuhun anu ngagambarkeun kaayaan hiji tempat anu dibaibirkeun dina jaman anu bakal kasorang disebut….
uga
kila-kila
caturangga
cacandran
Hasil karancagean karuhun Sunda baheula dina nyawang kaayaan hiji nagara/ tempat dina mangsa anu bakal kasorang, diwujudkeun dina wangun …
uga
kila-kila
caturangga
cacandraan
Lengkapan ungkara cacandraan di handap ieu ! Banagara ….
ngadaun ngora
sor ka tengah
ngarangrangan
tinggal resmi
Dina kamekaranana ukur jadi kota pangliwatan, mangrupa harti tina cacandaran ….
Ciamis amis ku maneh
Galunggung ngadeg tumanggung
Cianjur katalanjuran
Garut jadi pangirut
Istilah paguneman teh asalna tina kecap ….
magunem
pagunem
gunem
guneman
Aturan sopan-santun make basa sunda anu gunana pikeun silihhormat jeung silihajenan disebutna …..
kasopanan basa
tatakrama basa
kalemesan budi
kasopanan nyarita
Ieu di handap kalimah ngandung tatakrama basa nu merenah …..
bapa parantos mulih ti kantor
abdi bade kulem heula
anjeuna parantos neda
bu guru parantos mios
Ngalarapkeun kecap sumping nu merenah aya dina kalimah …..
abdi bade sumping ka bumi salira
nembe bieu abdi sumping ti sakola
sumping we ka pasar heula atuh
saurna ibu Mira teh bade sumping dinten ieu
Surat ditulisna ku salahsaurang jalma tur dikirimna ka jalma liana disebut ….
surat resmi
surat pribadi
surat uleman
surat dines
Surat anu dikirimkeun ti hiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui disebut …..
surat pribadi
surat uleman
surat elektronik
surat resmi
Basa anu dipake nepikeun maksud dina surat resmi mah kaasupna basa anu …..
laganca (lugas), anu teu diraeh kaleuleuwihi
parondok tur kaharti ku batur
kalimahna panjang tur hese dihartikeunana
merenah koma, peun, jeung tanda baca sejenna
Diantara mangpaat nulis surat teh, iwal …..
ngantengkeun silaturahim
kaperluan korespondensi
dokumentasi sajarah
ngalatih ngetik jeung nulis
Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh …..
Bandung, 20 Januari 11
Bandung 11 Mei 2011
Bandung, 4 Juni 2011'
Bandung: 4 April 2011
Baca sempalan surat ieu di handap!
Sakitu serat anu tiasa kasanggakeun,
Kana samukawis panitenna ngahatur-keun sewu nuhun.
Di luhur teh sempalan tina surat bagean ….
bubuka
eusi
tetesan
panutup
Baca sempalan warta ieu di handap
Museum konferensi Asia afrika (MKAA), dina poe Rebo (4/8), mitembeyan Program Festival Konferensi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga tema “Cerita Kota.” Eta program nu dialpukahan ku MKAA rukun gawe jeung Netzwerk katt Smart ConVee teh minangka program advokasi di widang diplomasi publik.
Kecap dialpukahan nu diketik didengdekeun dina sempalan naskah warta di luhur teh mibanda harti …..
diringkeskeun
diheureuyan
dipaparin
dipokalan
Iber atawa beja ngeunaaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut ……
wartawan
warta
wawancara
wawartos
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara …..
nalungtik, dokumentasi, jeung wawancara
observasi, wawancara, jeung riset media
riset media, dokumentasi, jeung pemotretan
rekaman, pemotretan , jeung observasi
Struktur warta teh kabagi tilu bagean ….
tema, headline, lead
judul, tema, jeung bubuka
judul, lead, jeung tubuh warta
bubuka, isi, panutup, jeung riset dokumentasi
Baca sempalan warta ieu di handap!
“Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barat bakal ditampi tur diapresiasi di luar negri. Kukituna, pintonan “Lutung Kasarung” teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif,”ceuk Dede Yusuf.
Kecap daria nu diketikna didengdekeun dina sempalan paragraf warta di luhur mibanda harti …..
apik
enya-enya
apilain
gede
Salahsahiji tujuan diayakeunana program FKAA teh, iwal ..
ngageuing deui ajen historis jeung modul politis KAA di Bandung taun 1955
ngaraketkeun deui rukun gawe papada nagara di Asia Afrika
ngabeungkeut urang Bandung dina acara FKAA
ngaronjatkeun daya saing sector atikan jeung industry kratif
Kaen batik nu sok dibeulitkeun dina mastaka pameget urang Sunda disebut ….
bendo
topi
solendang
iket
Salahsahiji kampung adat Sunda nu perenahna di provinsi Banten nu masih keneh sok marake iket teh …
kampung Baduy
kampung Naga
kampung Pulo
kampung Cikondang
Paribasa saringset pageuh iket teh mibanda harti ….
make baju jeung iket kalayan rapih
sayaga atawa siap nyanghareupan sagala hal
nataharkeun pagawean euweuh gunana
iket dina mastaka anu beulitanana hese lesot
Kagiatan guneman tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara tur mibanda tujuan ngumpulkeun informasi disebut ….
warta
wawaran
wawanohan
wawancara
Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber dina kagiatan wawancara, bakal leuwih hade mun hasilna dilengkepan ku …..
hasil wawancara, hasil syuting, hasil sawala
hasil rekaman, foto, atawa film dokumentasi
hasil rekaman di studio TV atawa radio
hasil panalungtikan ti para ahli wawancara
Hateup nyaeta tutup imah atawa saung sangkan imah eta teu kekunaan ku …
hujan
caah
urug
panyakit
Nyarita dihareupeun jalma loba dina raraga nepikeun inpormasi, kamandang, atawa hal anu dianggap penting pikeun ditepikeun disebut …..
sajak
wawaran
biantara
nyarita
Jalma nu mahir dina nepikeun biantara sok disebut ….
narator
motivator
curator
orator
Di handap ieu nu teu kaasup kana tehnik biantara, nyaeta ….
impromptu
ekspositori
biantara naskah
ekstemporan
Biantara anu nepikeun ana ku cara ditalar atawa teu make naskah disebut ….
impromptu
ekspositoris palaku
biantara naskah
ekstemporan
Dihandap ieu anu lain kaasup kana istilah patempatan, nyaeta ….
Babakan
Tegalan
Dayeuh
Wuwug
Di handap ieu ka asup kampung adat nu aya di wewengkon Banten, iwal ….
Kampung Baduy
Kampung Citorek
Kampung Cisungsang
Kampung Kuta
Di handap ieu kaasup upacara adat, nyaeta …
Marhaban
Sapang jadian pare
Seren taun
Ponggokan
Karuhun urang Sunda anu dicaritakeun tilem di Tegal Buleud (kiwaari Sukabumi), nyaeta ….
Raja Pajajaran
Kean Santang
Prabu Siliwangi
Sri Baduga Maharaja
Di handap ieu kaasup kasenian asli seler Sunda, nyaeta ….
Pongdut
Reog
Debus
Calung
Di handap ieu nu teu ka asup conto hade tina kahirupan masyarakat di kampung adat, nyaeta ….
ngajaga kasaimbangan alam
silih ngajenan kasasama ulamana ka nu leuwih kolot
tukuh kana aturan
basajan jeung nolak tehnologi hirup
