wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Senin - x mipa 2

Total questions: 20

Worksheet time: 42mins

Name
Class
Date
1.

Salahsahiji karya sastra sunda anu diréka dina wangun basa uregan (puisi), tapi teu pati kauger ku patok-patokan jumlah engan saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban disebutna...

a)

Pupuh

b)

Sajak

c)

Guguritan

d)

Sisindiran

e)

Wawangsalan

2.

Anu kelirna héjo téh naon ceuk sajak “tanah sunda” ...

a)

Lautan

b)

Pakebonan

c)

Pagunungan

d)

Walungan

e)

Padataran

3.

Nyawang tanah sundah téh taya kamasaran , ngan...

a)

Ancaman

b)

Katugenahan

c)

Kacangcayaan

d)

Kamirisan

e)

Ketengtreman

4.

Ieu dihandap anu teu kaasup kana adegan batin sajak , nyaéta...

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Nada

d)

Wirahma

e)

Amanat

5.

Padeukeutna sora kecap boh di awal di tengah atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna...

a)

Gaya basa

b)

Kecap nyata

c)

Purwakanti

d)

Wirahma

e)

Wirasa

6.

Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan nepi kaharti eusi atawa maksudna disebut...

a)

Dramatisasi

b)

Parafrase

c)

Déklamasi

d)

Musikalisasi

e)

Maca sajak

7.

Kalimah dihandap anu ngandung harti konotatif nyaéta....

a)

Adang sok maju kahareup!

b)

Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang

c)

Mobil anyar téh ayeuna mah maju mani gancang

d)

Wa Haji téh ayeuna mah geus maju dagangna

e)

Ari geus maju mah, manéhna téh wani nincak sagala

8.

“Munding téh geus dicangcang dina tangkal.”

Kecap dicangcang ngandung harti denotatif anu sarua hartina jeung...

a)

Diduitan

b)

Ditalian

c)

Diparaban

d)

Ditawarkeun

e)

Diantepkeun

9.

Merah putih nu kiwari mumbul

Dirangkul ku langit paul

Baheula kungsi ngélébét

Dina tungtung bayonet

Katut peujit murilit


Dina sempalan sajak diluhur, kecap anu ngandung harti konotatif, nyaéta....

a)

Mumbul

b)

Ngélébét

c)

Dirangkul

d)

Murilit

e)

kiwari

10.

naon ari fugsi sajak teh?

a)

pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak

b)

pikeun gagayaan meh kaciri gaul

c)

pikeun nalungtik kabudayaan nu aya

d)

pikeun nurunkeun pejabat

e)

pikeun ningalikeun kamampu urang

11.

Mana panyajak nu namina Ajip Rosidi?

a)
b)
c)
d)
e)
12.

Mana panyajak nu namina Godi Suwarna?

a)
b)
c)
d)
e)
13.

Keuyeup


Beungeut nyanghareup

Leumpang nyangigir

Beungeut nyanghareup

Ati mungkir


ku: Ganjar Kurnia


Ngagambarkeun naon sajak diluhur?

a)

Keyeup

b)

jalma soleh

c)

jalma munafik

d)

gajah

e)

jalma bangor

14.

Ayana sajak sunda nyaeta pangaruh tina sastra

a)

Eropa

b)

Arab

c)

Indonesia

d)

Inggris

e)

Jepang

15.

sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina réa sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, iwal...

a)

Majalah mangle

b)

Majalah bobo

c)

Cupumanik

d)

Galura

e)

Koran Sunda

16.

kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai nyaeta nu sok disematkeun dina unsur sajak nyaeta

a)

galur

b)

suasana

c)

amanat

d)

rasa

e)

tema

17.

Naha maca sajak téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. hal eta pangaruh dina unsur sajak nyaeta

a)

tema

b)

suasana

c)

amanat

d)

rasa

e)

galur

18.

Dihandap nyaeta cara-cara dina medalkeun sajak, iwal..

a)

deklamasi

b)

musikalisasi

c)

dramatisasi

d)

harewos

e)

parafrase

19.
Sajak anu ngalalakon disebut sajak ....
a)
liris
b)
epik
c)
ngalagena
d)
sajak-sajakan
e)
pahlawan
20.

Janté Arkidam

Panonna beureum siki saga

Leungeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Janté Arkidam. Jsté.


Asup kana wanda sajak naon sajak di luhur ....

a)

sajak epik

b)

sajak naratif

c)

sajak ode

d)

sajak didaktis

e)

sajak lakon