wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SISINDIRAN

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

di handap ieu aya nu teu kaasup kana hartina "sisindiran" nyaéta.....................

a)

caritaan anu di balibirkeun henteu togmol

b)

eusi atawa maksud nu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna

c)

caritaan anu togmol. langsung kana inti caritana

d)

kaasup kana wangun ugeran (puisi)

2.

di handap ieu anu ka asup ciri-ciri sisindiran nyaéta.....

a)

Unggal jajaranana diwangun ku tujuh engang

b)

Sora vokal dina tungtung jajaran cangkang, murwakanti (sasora) jeung vokal dina tungtung jajaran eusi

c)

Jajaran katilu jeung kaopat disebutna cangkang

d)

Jajaran kahiji jeung kadua disebutna eusi

3.

di handap ieu nu teu ka asup Bagian Sisindiran mun ditilik tina Eusi, nyaéta..............

a)

Piwuruk (naséhat)

b)

wawangsalan

c)

Silih asih

d)

Sésébréd (heureuy/pikaseurieun)

4.

di handap ieu nu teu ka asup unsur wawangsalan nyaéta....

a)

Sapadana diwangun ku opat jajar

b)

Larapna dina omongan

c)

Cangkang jeung eusi

d)

Tarucing jeung jawabanana

5.

Sisindiran kaasup kana wangun ugeran (puisi) sabab wangun sisindiran kauger ku ........................

a)

Purwakanti

b)

jumlah engang dina unggal padalisan

c)

unggal padalisan dina unggal padana

d)

bebas teu murwakanti (teu sasora) dina tungtung eusi jeung cangkang

6.

Naon anu dimaksud ku "paparikan" ?.....

a)

wangun sisindiran anu cangkang jeung eusi di wangun ku genep jajar, eusina disumputkeun siga tatarucingan

b)

wangun sisindiran anu cangkang jeung eusi di wangun ku dua jajar, eusina disumputkeun siga tatarucingan

c)

wangun sisindiran anu Tungtung jajaran cangkang murwakanti jeung tungtung jajaran eusi, jeung aya kecap-kecap dina jajaran cangkang nu dibalikan deui dina jajaran eusi

d)

wangun sisindiran anu Tungtung jajaran cangkang murwakanti jeung tungtung jajaran eusi

7.

Naon anu dimaksud ku " Rarakitan" ?.....

8.

Naon anu dimaksud ku " wawangsalan"?.....

9.

di handap ieu Bagian Sisindiran ditilik tina wangun , iwal ti...........

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

Sésébréd (heureuy/pikaseurieun)

d)

wawangsalan

10.

Cau naon cau naon

Cau kulutuk di huru

Bau bau naon bau naon

Bau hitut nu di juru

sisindiran di luhur mun di tilik tina eusi , ka asup bagian..............

a)

Piwuruk (naséhat)

b)

Silih asih

c)

wawangsalan

d)

Sésébréd (heureuy/pikaseurieun)

11.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat

sisindiran nu eta mun ditilik tina wangun ka asup kana bagian...........

a)

paparikan

b)

piwuruk

c)

rarakitan

d)

wawangsalan

12.

naon eusi tina wawangsalan ieu ...?

abdi téh kapiring leutik

kaisinan ku gamparan

a)

piring

b)

pisin

c)

amparan

d)

samak

13.

naon eusi tina wawangsalan ieu ...?

Mesin ketik éléktronik

dipakéna kunu pinter

a)

Mesin ketik

b)

éléktronik

c)

komputer

d)

kalkulator

14.

cau ambon dikorangan

kanyéré kapipir pipir

lalaki ambon sorangan

awéwé teu mikir-mikir

sisindiran éta téh mun di tilik tina wangun jeung eusi kaasup bagian.............

a)

paparikan jeung piwuruk

b)

paparikan jeung silih asih

c)

rarakitan jeung silih asih

d)

rarakitan jeung piwuruk

15.

Catetan bulan jeung taun

Juragan ménak utami

a)

almenak

b)

kalkulator

c)

buku

d)

juragan