wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN TENGAH SEMESTER GANJIL KELAS XII

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Sempalan wacana di luhur téh mangrupa conto tina …

a)

Artikel

b)

Resensi

c)

Warta

d)

Carita Pondok

e)

Bahasan Tradisi Sunda

2.

Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap katangén. Éta kecap katangén téh ngandung harti …

a)

Kasebut

b)

Katempo

c)

Katulis

d)

Kadatangan

e)

Kadéngé

3.

Aya rupa-rupa tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Alloh SWT. Tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur kana mucekilna hasil tatanén ku cara ngumpulkeun rupa-rupa hasil tatanén ku masarakat, nyaéta …

a)

b)

c)

d)

e)

4.

Tradisi sawér pangantén dina acara jatukrami pangantén Sunda mangrupa acara anu dianti-anti sarta ngirut para tatamu. Éta tradisi téh dina enas-enasna mah mangrupa kagiatan …

a)

Ngawur-ngawurkeun rupa-rupa barang

b)

Ngaramékeun hajat ngawinkeun

c)

Paboro-boro mulungan barang anu diawurkeun

d)

Runtuyan upacara adat Sunda dina acara ngawinkeun

e)

Nepikeun papatah jeung du’a ti kolot pangantén

5.

Salahsahiji tradisi anu masih dilaksanakeun ku masarakat Sunda nyaéta tradisi nyunatan atawa nyundatan. Jaman baheula saméméh téknologi maju, prosés nyunatan téh dilakukeun ku béngkong. Dina runtuyan prosésna, budak sunat sok dititah ngeueum heula dina cai walungan, tujuanana téh nyaéta …

a)

Sangkan rarangan budak sunatan téh jadi baal

b)

Sangkan prosés nyunatanana lumangsung kalawan lancar

c)

Sangkan budak sunatan téh tiriseun

d)

Sangkan budak sunatan teu ceurik pas disunatan

e)

Sangkan babari nalika nyunatanana

6.

Dina tradisi 7 bulanan anu dilakukeun ku masarakat Sunda, sok aya disadiakeun rupa-rupa pakakas, barang jeung kadaharan anu diperlukeun. Unggal pakakas, barang atawa kadaharan anu disadiakeun biasana mangrupa siloka. Pakakas, barang atawa kadaharan anu miboga ma’na sagala usaha anu dipilampah baris lancar jeung babari dilakonan nyaéta …

a)

b)

c)

d)

e)

7.

Salahsahiji tradisi Sunda anu raket patalina jeung agama Islam nyaéta Muludan. Éta tradisi téh dilaksanakeun pikeun miéling …

a)

Taun anyar dina kalénder Islam

b)

Kajadian Isra Mi’raj anu dilaksanakeun ku Nabi Muhammad SAW

c)

Jasa-jasa para walisongo anu nyebarkeun agama Islam di Indonesia

d)

Poé dibabarkeunna Nabi Muhammad SAW

e)

Tilar dunyana Nabi Muhammad SAW

8.

Aya rupa-rupa tradisi Sunda dina ngurus orok anu kakara dilahirkeun, salahsahijina nyaéta tradisi Marhaba. Éta Tradisi Marhaba téh dilaksanakeun ku masarakat Sunda anu dicirian ku dilaksanakeunna …

a)

Méré ngaran orok

b)

Nguburkeun bali

c)

Prosés nyukuran rambut orok

d)

Ngaleupaskeun sésa tali ari-ari dina bujal orok

e)

Meuncit domba

9.

Dina tradisi sawér pangantén aya rupa-rupa barang nu diawurkeun, salah sahijina nyaéta konéng nu mangrupa perlambang …

a)

Karaharjaan jeung kabagjaan pangantén

b)

Minangka emas, sangkan hirupna loba rijkina

c)

Kabeungharan

d)

Seungitna ngaran pangantén ku paripolah anu hadé

e)

Sangkan hirup pangantén salawasna harmonis

10.

Dina tradisi 7 bulanan, aya kagiatan ngasupkeun belut kana kaén anu dipaké nalika keur siraman. Éta hal téh ngandung ma’na …

a)

Meresihan calon indung tina sagala dosa

b)

Sangkan bayi anu dilahirkeun miboga kahadéan-kahadéan dina kahirupanana

c)

Mikanyaho jenis kelamin bayi anu dikandung

d)

Sangkan nalika keur ngalahirkeun teu ngalaman kasusah

e)

Mikanyaho watek budak anu baris dilahirkeun

11.

Dumasar kana eusina, sempalan wacana di luhur téh mangrupa conto tina …

a)

Carita pondok

b)

Dongéng

c)

Carita wayang

d)

Novél

e)

Carita pantun

12.

Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap nohonan. Éta kecap nohonan téh ngandung harti …

a)

Nampik

b)

Nyumponan

c)

Nolak

d)

Ngalanggar

e)

Ngarempak

13.

Dina éta sempalan carita wayang, dicaritakeun yén Sutiragén dicarékan laklak dasar ku salakina nyaéta Semar. Tapi Sutiragén teu nyeri haté, sabab ...

a)

Sutiragén hayang dicarékan ku Semar

b)

tandaning yén omongan Sutiragén didéngé ku Semar

c)

kahayang Sutiragén bakal digugu

d)

Sutiragén hayang ningali ambekna Semar

e)

lamu Semar ngambek rupana kawas Déwa Kamajaya

14.

Carita wayang ayana di tatar Sunda, lain mangrupa karya sastra sampakan tapi mangrupa karya sastra sampeuran. Ieu hasil karya sastra téh mangrupa pangaruh agama …

a)

Islam

b)

Katolik

c)

Kristen

d)

Budha

e)

Hindu

15.

Latar tempat dina sempalan carita wayang di luhur nyaèta …

a)

Karaton Aléngka

b)

Awang-awang

c)

Istal

d)

Nagara

e)

Jero karaton

16.

Dumasar kana sempalan wacana di luhur, palaku anu maké makuta emas pinuh ku inten nyaéta …

a)

Sri Rama

b)

Raja Dasamuka

c)

Sarpakanaka

d)

Kumbakarna

e)

Wibisana

17.

Carita wayang tèh nyaèta carita anu sok dilakonkeun dina pagelaran wayang. Aya dua babon (sumber) carita wayang tèh, nyaèta Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa. Ari asalna carita wayang nyaèta ti …

a)

Sunda

b)

Jawa

c)

India

d)

Cina

e)

Arab

18.

Salahsahiji sumber carita wayang nyaèta tina èpik Mahabarata karya Wiyasa anu nyaritakeun Bratayuda atawa perang Brata/ Barata. Èta perang tèh mangrupa perang sadulur antara …

a)

Rahwana jeung Rama

b)

Rahwana jeung Pandawa

c)

Rama jeung Sinta

d)

Rama jeung Pandawa

e)

Pandawa jeung Kurawa

19.

Watek Laksmana anu kagambar tina sempalan carita wayang di luhur nyaéta …

a)

Wanian tur bisa dipercaya

b)

Wanian tapi sok ngalawan

c)

Teu nurut ka lanceuk sarta sieunan

d)

Sieunan tur bisa dipercaya

e)

Sieunan jeung sok ngalawan

20.

Numutkeun kana eusina, sempalan carita wayang di luhur téh sumberna tina carita wayang …

a)

Ramayana

b)

Ramasinta

c)

Mahabarata

d)

Si Cépot Hayang Kawin

e)

Dang Hyang Dorna Santikaguru