Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

DRAMA

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
Bagian tina naskah drama anu eusina mangrupa gambaran eusi sarta ditepikeun dina bubuka disebut….
a)
prolog
b)
dialog
c)
epilog
d)
monolog
2.

“Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ? ”

“Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”


Ungkara bieu mangrupa bagian tina naskah drama nu disebut….

a)

dialog

b)

épilog

c)

prolog

d)

monolog

3.
Bagian tina naskah drama nu ditulis dina bagian panutup disebut….
a)
epilog
b)
dialog
c)
prolog
d)
monolog
4.
Eusi drama anu pikaseurieun sarta miboga tujuan sangkan panongton ngarasa bungah kaasup kana drama….
a)
drama komédi
b)
Drama suara
c)
drama tragédi
d)
dramatisasi
5.
Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ....
a)
monolog
b)
prolog
c)
dialog
d)
palaku
6.

Anu disebut palaku utama dina naskah drama téh nyaeta ....

a)

palaku anu jadi subyék lalakon

b)

palaku anu ukur milu ngaramékeun wungkul

c)

palaku anu milu ngarojong galur carita

d)

palaku anu hadirna ngan saliwat

7.
Lalakon drama biasana dibagi sababaraha ....
a)
babak
b)
bagian
c)
ronde
d)
episode
8.
Kacindekan hiji lalakon atawa naséhat pengarang dina drama disebut ....
a)
epilog
b)
prolog
c)
dialog
d)
monolog
9.
Tukang ngatur palaku jeung jalan carita dina pagelaran drama disebut ....
a)
sutradara
b)
dirigen
c)
ilustrator
d)
dalang
10.
Dina drama anu mangrupa katerangan awal samemeh asup kana carita, biasana pikeun ngagambarkeun suasana panggung disebut ….
a)
cacandraan
b)
Epilog
c)
Babak
d)
pertelaan palaku
11.
Dina hiji drama aya hal anu eusina palaku nyarita jeung palaku sejen dina hiji adegan, hal ieu disebutna . . .
a)
paguneman
b)
prolog
c)
épilog
d)
monolog
12.
Nu dimaksud prolog dina hiji drama nyaéta …
a)
kalimah bubuka drama
b)
kalimah panutup drama
c)
para palaku drama
d)
pertelaan palaku
13.
Unsur drama anu ngajelaskeun hiji tempat, waktu jeung suasana disebut …
a)
latar (setting)
b)
jejer
c)
amanat
d)
cacandraan
14.
Unsur-unsur nu aya dina karya sastra drama nya éta .….
a)
Dialog, prolog, epilog
b)
Tema, rasa, nada
c)
Amanat, dialog, rasa
d)
Latar, nada, galur
15.
Bagéan pamungkas dina lalakon, anu eusina bisa jadi méré koméntar anu leuwih jauh ngeunaan ahir carita, disebut ogé …..
a)
Epilog
b)
Dialog
c)
Prolog
d)
Téma
16.
Drama anu midangkeun adegan-adegan anu penting tur serius anu ngabalukarkeun cilaka, sedih, kaniaya pikeun palaku utamana, disebut …..
a)
Drama tragedi
b)
Drama komedi
c)
Melodrama
d)
Drama sosial
17.
Drama nyaéta carita rékaan dina wangun …..
a)
paguneman
b)
wawaran
c)
sawala
d)
warta
18.

Drama musikal téh dina drama Sunda sok disebutna ….

a)

Gending karesmén

b)

Farce

c)

Drama karesmén

d)

Mélodrama

19.
Drama tradisional anu pagelaranna teu merlukeun panggung sarta dina unggal ganti babak sok dipirig ku waditra nyaéta ciri tina ....
a)
longsér
b)
sandiwara
c)
drama modéren
d)
gending karesmén
20.
Tokoh anu merankeun sifat jahat teu dipikaresep ku nu maca disebutna tokoh naon?
a)
Antagonis
b)
Protagonis
c)
Figuran
d)
Tritagonis