wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian Sekolah Basa Sunda 6

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

nu nepikeun warta numutkeun bacaan di luhur nyaeta ….

a)

reporter

b)

Asep Sopyan

c)

wartawan

d)

Drs. Zen Jaenudin

2.

Anu mangrupa tempatna bewara nurutkeun naskah bewara di luhur nyaeta ….

a)

di Bandung

b)

di Karawang

c)

di Bekasi

d)

di Jakarta

3.

Nu teu kaasup eusi bewara nurutkeun naskah bewara di luhur, nyaeta ….

a)

Bekasi lain ukur kawasan industri wugkul

b)

Bekasi boga daya tarik jeung kapunjulan dina sumber daya alam

c)

Kabupaten Bekasi keur ngamumule rupa-rupa tempat wisata

d)

Kabupaten Bekasi rek ngembangkeun kasenian angklung

4.
"… sakolana Neng Astri teh, Yana?"
a)
di mana
b)
saha
c)
kunaon
d)
naha
5.

Revi : "Assalamu'alaikum"

Tresna : "wa'alaikum salam"

Revi : "…."

Tresna : "Oh, muhun leres, abdi Tresna"

a)

Dupi ibu aya?

b)

dupi ieu leres, nyarios sareng Tresna?

c)

ieu saha, nya?

d)

Tresna bade ka sakola moal?

6.

Salam sono. Rima, kumaha damang? Alhamdulillah Eli di Bogor nuju aya dina kaayaan sehat wal'afiat.

Bagean surat di luhur kaasup kana ….

a)

eusi surat

b)

salam pamuka

c)

alamat surat

d)

salam panutup

7.
kecap lisan, korsi, kitab, kaasup kecap serepan tina basa ….
a)
Arab
b)
Cina
c)
Inggris
d)
Walanda
8.
Anu kaasup kecap rarangken tengah -ar- , nya eta ….
a)
ngarala
b)
paribasa
c)
aranyar
d)
parentah
9.
kalimah anu ngandung gaya basa mijalma nyaeta ….
a)
bakating ku teu kuat nandangan kapeurih, kuring ngajerit maratan langit
b)
daun kalapa ngagupayan nyambat kuring sangkan datang
c)
alhamdulilah dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok
d)
kuring nyaksian banjir getih di jalan raya alatan kacilakaan patali marga
10.
"… ibu sateuacan linggih di lembur ieu?"
a)
bade ka mana
b)
dina naon
c)
ti mana kawit
d)
sabaraha nomer bumi
11.

Ari jadi jelema teu meunang sok kalapa bijil ti cungap.

Hartina ….

a)

kaalusan eleh ku kagorengan

b)

beakeun bekel keur kahirupan

c)

sok ngebejakeun kagorengan sorangan

d)

loba omong wungkul teu boga pangarti

12.

mun pere sakola kuring rek diajak ka palabuanratu.

Kalimah nu bener nyaeta ….

a)

Mun pere sakola kuring rek diajak ka Palabuanratu.

b)

Mun pere sakola kuring rek diajak ka palabuanratu.

c)

Mun pere Sakola kuring rek diajak ka Palabuanratu.

d)

mun pere sakola kuring rek diajak ka Palabuanratu.

13.

1. sangkan meunang hasil nu nyugemakeun

2. Ujian Nasional sakeudeung deui

3. kuring jeung babaturan beuki getol diajar.

Susunan paragrap anu bener nya eta ….

a)

1 2 3

b)

2 3 1

c)

3 1 2

d)

1 3 2

14.
mung sakitu nu …, kirang langkungna neda …, hatur nuhun kana ….
a)
dihapunten - kapihatur - perhatosanana
b)
perhatosanana - dihapunten - kapihatur
c)
kapihatur- dihapunten - perhatosanana
d)
kapihatur - perhatosanana - dihapunten
15.

… geus moncorong dina sela-sela … ngabegeakeun nu datang

a)

panon poe - hujan

b)

panon poe - gunung

c)

hujan - gunung

d)

caang - hujan

16.

Ayang : "Mah, ngagaleuh lisah goreng teh, sakumaha?"

Mamah : "cekap … we atuh"

a)

sameter

b)

saleter

c)

salambar

d)

saheulay

17.

Nyarita pikeun nepikeun pikiran urang di hareupeun jalma rea disebut ….

a)

paguneman

b)

biantara

c)

sawala

d)

warta

18.

Nyi Tati mah ari dipapatahan ku kolot teh, asup tina ceuli katuhu kaluar tina ceuli kenca, tara nurut, euweuh tapak-tapakna acan, kawas ….

a)

agul ku payung butut

b)

nu borok dirorojok, nu ti teuleum disimbeuhan

c)

aya bagja teu daulat

d)

cai dina daun taleus

19.

dumasar kana wacana di luhur, kecap dipatalikeun ngandung harti ….

a)

dihubungkeun

b)

ditalian

c)

ditalikeun

d)

tatali

20.
waktu pere sakola, Sinta jeung kulawargana piknik ka Talaga Warna nu aya di Puncak. Talaga sarua jeung ….
a)
wahangan
b)
situ
c)
susukan
d)
laut
21.

Numutkeun wacana di luhur, katerangan waktu anu dijadikeun sarat ku Dayang Sumbi ka Sangkuriang pikeun nyieun talaga jeung parahu, nya eta ….

a)

sapoe

b)

saminggu

c)

sabulan

d)

sapeuting

22.

Ulah sok ulin wanci ... bisi aya sandekala!

a)

sareupna

b)

tengah peuting

c)

haneut moyan

d)

manceran

23.
rarangken barang nu boga harti "pagawean", aya dina kalimah ….
a)
ari meuli barang teh ulah sok sangeunahna
b)
Cik atuh barangbawa teh mani teu kira-kira
c)
barang ningali beurit, jleng bae si belang teh ngudag
d)
barang Mang Darma tinggaleun di Stasion
24.

Kiper nyaeta salah sahiji pamaen dina olahraga maen bal anu tugasna ….

a)

ngajaga gawang

b)

ngajaga lawan

c)

nu mingpin pertandingan

d)

ngasupkeun bal ka gawang batur

25.
Nu kaasup kalimah piwuruk nyaeta ….
a)
aduh, mani rajin pisan budak teh!
b)
Yana miceun runtah di sisi jalan.
c)
upami miceun runtah teh kedah kana tempatna bilih janten banjir!
d)
di mana ari miceun runtah teh?
26.

Pakakas nu ngaranna nyiru nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
27.
salah sahiji tehnologi anu keur meuweuh dipikaresep nya eta ….
a)
radio
b)
televisi
c)
komputer
d)
internet
28.

Sayur kangkung nu ditanggeuy ku Heni, …. bahe ka solokan, da leumpangna balangah.

a)

cleng

b)

blok

c)

gejebur

d)

brus

29.
Ke, antosan heula, Mang, abdi bade ….
a)
dahar
b)
neda
c)
tuang
d)
nyatu
30.
Si Ucup gawena the ngan barang cokot bae kana barang anu aya di imah indungna. Kalimah kritikan pikeun Si Ucup, nya eta ….
a)
Aduh Cup, maneh mah rajin pisan!
b)
Aduh Cup, alus pisan pagawean teh!
c)
Cing atuh, Cup, ulah barangcokot wae kana barangkolot teh!
d)
Wah, alus pisan kalakuan maneh teh, Cup!
31.

Epes meer budak eta mah, tong sok diheureuyan.

Epes meer hartina ….

a)

babarian ceurik

b)

adigung

c)

sombong

d)

babarian ambek

32.

Pantes rek dijarauhan ku betur oge, da kalakuanna matak …. peureup.

a)

pikaresepeun

b)

pikarunyaeun

c)

pikasediheun

d)

pikaseurieun

33.
kalimah anu undak-usuk basana merenah tur bener nyaeta ….
a)
Pun bapa nuju neda
b)
Kang, mangga atuh urang tuang sasarengan
c)
Dupi Teteh wangsul ti mana?
d)
Bu Guru Nani nuju emam.
34.

Di handap ieu hal-hal anu kudu aya dina daftar riwayat hirup nya eta ….

a)

wasta, nenehna, tanggal lahir, ukuran baju

b)

wasta, riwayat atikan, padamelan, nomer telepon

c)

wasta, nenehna, riwayat atikan, ukuran baju

d)

wasta, nenehna, riwayat atikan, rengking

35.

Kalimah anu ngandung kecap rajekan dwireka nya eta ….

a)

ari leumpang di jalan teh ulah sok sura-seuri sorangan!

b)

poma hidep ulah daek cocokot kana barang batur!

c)

Ku naon Si Nyai teh katenjona balik deui?

d)

Jaya mah sakolana pipindahan wae nuturkeun bapana.

36.
Rini kapeto merankeun Dayang Sumbi dina drama "Sasakala Gunung Tangkuban Parahu". Dumasar kana dramana, mangka Rini merankeun watek nu ….
a)
gagah, ganteng, jeung sakti
b)
geulis, sabar, wijaksana
c)
gagah tur jangkung
d)
adigung, babari ambek
37.
Tangkal kumis … sok ilahar dipake ubar.
a)
domba
b)
sapi
c)
ucing
d)
munding
38.

Mamah nuju ngupahan Helmi da nangis wae.

Nu mangrupa caritaan nyaeta ….

a)

mamah

b)

nuju ngupahan

c)

Helmi

d)

nangis wae

39.
runtuyan istilah kasehatan anu bener nyaeta ….
a)
dokter, ubar, panen, vitamin
b)
dokter, virus, vitamin, sakola
c)
dokter, buku, vitamin, ubar
d)
dokter, ubar, vitamin, panyakit
40.
Nu kaasup salam bubuka biantara nya eta ….
a)
Sampurasun! Puji sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci,nu welas tur asih kasugri nu kumelip di ieu bumi, nu heman ka sadaya nu kumelendang di ieu alam.
b)
rupina sakitu anu kapihatur ti sim kuring. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah matak nyentug kana manah.
c)
asa kamari sim kuring saparakanca lebet janten murid di ieu sakola, kiwari tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola.
d)
Akhirul kalam, wabillahi taufik wal hidayah, wasssalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.