NEW
Font size
WorksheetsPAT BASA SUNDA KELAS VI
Total questions: 35
Worksheet time: 1hrs 10mins
Badru: “Punten, Ceu Romlah abdi ....... céngék saparapat.”
Ceu Romlah: “Mangga, badé ngagaleuh naon deui?”
Meser
Meuli
Nyandak
Ngagaleuh
“Manéh mawa pulpen dua teu? Urang poho teu ......”
nyandak
ngabantun
mawa
kacandak
“Abdi mah parantos.........., mangga atuh bapa ibu geura tuang bilih sanguna kabujeng tiis”.
neda
nyatu
emam
dahar
“Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”
Kecap wangsul sarua hartina jeung …
balik
indit
datang
sumping
“mangga ah dikantun, bade ka rorompok heula.”
kecap rorompok sarua hartina jeung …
imah dulur
imah sorangan
imah kabogoh
imah babaturan
“Urang mah can bébéja euy ka kolot téh yén isukan rék kemping di sakola. Ari manéh geus ...... can?
bebeja
wawartos
nyarios
ngawartosan
Basa loma digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Basa hormat atawa basa lemes digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Undak usuk basa sunda atawa tata krama basa sunda kabagi kana 3 bagian, nyaeta ...
Basa Kasar, Basa Aneh (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Kasar, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Sopan, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Santun, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa kasar digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
naon anu di sebut carpon téh?
carita pondok
carita nyambung
carita pamohalan
carita panjang
Unsur-unsur dina carpon, iwal...
Alur
Palaku
Dialog
Amanat
Carpon téh kaasup karangan fiksi, anu sarua hartina jeung...
karangan kauger
karangan basajan
karangan bebas
karangan rekaan
Dina unsur carpon jalma-jalma anu aya dina carita disebut...
tema
palaku
latar
alur
Dina unsur carpon aya katerangan tempat, waktu, suasana disebut...
palaku
amanat
watek
latar
Dina unsur carpon aya Jalan carita anu disebut...
palaku
watek
galur
amanat
Unsur anu nuduhkeun iraha kajadian dina hiji carita disebut...
latar waktu
latar suasana
latar tempat
latar kaayaan
Kalimah pananya anu gunana pikeun nanyakeun sabab nya eta ...
sabaraha
naon
saha
kunaon
Kalimah pananya anu gunana pikeun nanyakeun barang nya eta ...
naha
naon
saha
ti mana
Kalimah pananya "sabaraha" gunana teh pikeun nanyakeun ...
hal
tutuwuhan
jalma
harga
..... anu teu acan ngadamel PR teh?
Kecap pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah pananya di luhur nyaeta ...
Ti mana
saha
sakumaha
naon
Tanda anu paling pas nungtungan kalimah
Ulah ulin di dieu
nya eta ...
.
?
!
:
Dina unsur carpon aya pesan anu ditepikeun ku pangarang disebut....
watek
alur
amanat
palaku
Anu mangrupakeun ciri-ciri carpon nyaeta?
Caritana nepi ka sababaraha bagean atawa bab
kompleks
Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
Moal rengse dina sakali maca
Basa sunda anu lemes tina 'balik' nyaeta?
Uih
Mangkat
Mulih
Indit
Penggalan carpon di luhur, dicutat tina ….
Majalah Bobo
Majalah Cupumanik
Majalah Trubus
Majalah Gadis
Ilo rumpaka pupuh di handap!
Hiji mangsa mang kabayan boga catur
cenah rek dagang nguriling
rek dagang es tangtu payu
bet hujan tepi ka burit
dagang taya nu ngawaro
Pupuh magatru jumlah padalisanna aya …. padalisan
tilu
opat
lima
genep
Sora tungtung dina unggal padalisan disebutna ....
guruwilang
gurualok
gurulagu
gurukawih
Langkung ti payun urang ngucap syukur ka Gusti Nu Maha Suci nu tos masihan kasehatan kaurang sadayana dugi tiasa kempel dina acara ieu. Kahatur Ibu Kepala Sakola sareng Ibu, Bapa Guru nu dipikacinta ,Wilujeng enjing !
Ungkara di luhur kaasup bagean ... tina biantara.
panutup
salam pangbagea
eusi
bubuka
Sakieu nu tiasa kapihatur ku sim kuring, hapunten bilih aya kekecapan nu teu merenah kana manah.
Ungkara ieu kaasup bagean biantara nu disebut ….
panutup
eusi
bubuka
salam
Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca dijieunna tina ….
tipung ketan
tipung tarigu
tipung beas
tipung aci
Kalimah ieu di handap nu kaasup kana kalimah parentah nyaeta ....
Mudah-mudahan, hujanna gancang raat !
Di mana disimpenna buku Basa Sunda teh !
Cing, pangnyandakkeun cai sagayung !
Kumaha carana ngajawab teka teki ieu teh !
Jadi budak teh ulah beurat birit, kudu bisa babantu ka kolot. Babasan beurat birit ngandung harti...
gawe beurat
daek dititah
hese dititah
akal jahat
Kuring kakara balik ti sakola.
Ragam basa hormat anu luyu pikeun kalimah di luhur nyaeta ...
Abdi nembe wangsul ti sakola
Abdi nembe mulih ti sakola
Abdi nembe sumping ti sakola
Abdi nembe dongkap ti sakola
Irwan : ________________________________________
Tukang comro : Tos lami Jang, tos sapuluh taun langkung icalan comro teh.
Kalimah anu luyu pikeun ngawawancara tukang comro nyaeta ....
"Ti iraha emang icalan comro teh ?"
"Sabaraha batina sadinten teh , mang ?"
"Di mana waeMang teh icalan comrona ?"
"Dupi Emang, tos lami icalan comro teh ?"
