Font size
WorksheetsUH smester 2
Total questions: 15
Worksheet time: 12mins
Di handap ieu nu kaasup ugeran dina sajak téh nyaéta………….
Pilihan kecap
Guru lagu
Guru Wilangan
Téma
.“Tangkal kalapa lir nu ngagupayan nu keur ngambah sagara”
Conto Kalimah di luhur téh disebut gaya basa naon?.....
Gaya basa ilahar
Gaya basa mijalma
Gaya basa ngumpamakeun
Gaya basa saujratna
.Ayana wangun carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti mana?
Amerika
Eropa
Asia
Kanada
Di handap ieu anu kaasup kana ciri-ciri carpon nyaéta…………….
Caritana pamohalan
Loba bohongna
Teu kaharti ku akal
Caritana realistik
Di handap ieu mana anu kaasup kana perbedaan biografi sareng otobiografi?
Biografi nyaéta riwayat hirup hiji jalma ari otobiografi mah riwayat hirup jalma réa
Biografi nyaéta riwayat hirup hiji jalma nu di tulis ku sorangan ari otobiografi mah riwayat hirup jalma réa anu ditulis ku nu séjén
Biografi nyaéta riwayat hirup hiji jalmanu ditulis ku nu séjén ari otobiografi mah riwayat hirup jalma réa
Biografi nyaéta riwayat hirup hiji jalma nu ditulis ku jalma séjén ari otobiografi mah riwayat hirup hiji jalma nu ditulis ku sorangan
Di handap ieu nu teu kaasup unsur – unsur biografi nyaéta…..
Ngaran, lalandian atawa julukan
Téma biografi
Riwayat pendidikan
Karya atawa hasil gawé
Disebut naon ari Sandiwara anu pagunemanana ditembangkeun téh ?
Dramatisasi
Gending karesmén
Closét Drama
monolog
Pagelaran drama anu mangrupa omongan hiji jalma, palakuna ngan saurang éta kaasup na kana drama naon?
Dramatisasi
Gending karesmén
Closét Drama
Monolog
Naon anu ngabédakeun naskah Drama jeung naskah sastra séjénna?..
Dina karya sastra séjén dialog para palakuna dicutat sacara langsung dina wangun paguneman
Dina drama dialog para palakuna dicutat sacara langsung dina wangun paguneman
Dina drama dialog palakuna dina wangun kalimah teu langsung
Dina karya sastra séjén dialog palakuna dina wangun kalimah langsung
di handap ieu aya nu teu kaasup kana hartina "sisindiran" nyaéta.....................
caritaan anu di balibirkeun henteu togmol
eusi atawa maksud nu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna
caritaan anu togmol. langsung kana inti caritana
kaasup kana wangun ugeran (puisi)
di handap ieu nu teu ka asup Bagian Sisindiran mun ditilik tina Eusi, nyaéta..............
answer choices
Piwuruk (naséhat)
wawangsalan
Silih asih
Sésébréd (heureuy/pikaseurieun)
Naon anu dimaksud ku " wawangsalan"?.....
answer choices
wangun sisindiran anu cangkang jeung eusi di wangun ku genep jajar, eusina disumputkeun siga tatarucingan
wangun sisindiran anu cangkang jeung eusi di wangun ku dua jajar, eusina disumputkeun siga tatarucingan
wangun sisindiran anu Tungtung jajaran cangkang murwakanti jeung tungtung jajaran eusi, jeung aya kecap-kecap dina jajaran cangkang nu dibalikan deui dina jajaran eusi
wangun sisindiran anu Tungtung jajaran cangkang murwakanti jeung tungtung jajaran eusi
di handap ieu Bagian Sisindiran ditilik tina wangun , iwal ti...........
paparikan
rarakitan
Sésébréd (heureuy/pikaseurieun)
wawangsalan
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
sisindiran nu eta mun ditilik tina wangun ka asup kana bagian...........
paparikan
piwuruk
rarakitan
wawangsalan
naon eusi tina wawangsalan ieu ...?
abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan
piring
amparan
samak
pisin
