BARU
Ukuran huruf
Lembar kerjaTRADISI SUNDA
Total soal: 20
Worksheet time: 24mins
Dina tradisi Sunda aya nu disebut pamali, kumaha maksudna?...
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan ulah milampah nu dianggap salah
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan dianggap bener
Pamali nya éta salah sahiji sisindiran nu aya di tatar Sunda
Pamali nya éta gaya basa nu aya dina basa Sunda
Pamali nya éta kabiasaan kolot Sunda jaman baheula
Dina adat istiadat Sunda, kolot sok nyarita ngeunaan panyaram laku lampah budak nu disebut pamali. Saupama aya budak nu cicing di lawang panto sok dicaram “ulah cicing dina lawang panto pamali! Bisi nongtot jodo.” Maksud sabenerna dina éta pamali nya éta…
Bisi hésé pendak jeung jodoh
Bisi ngahalangan jalan liliwatan
Bisi teu jadi kawin
Bisi bogoh ka dulur
Bisi rejeki teu bisa asup ka imah
Dina adat kawinan Sunda panganten osok disawér. Eusina nu disawérkeun nya éta konéng,béas,premén,duit récéh jst. Béas téh nglambangkeun ...
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana langgeng
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana miboga kasucian
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana kacukupan ku rezeki
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana teu paséa
Ngalambangkeun sangkan nu laki rabi teh lalintuh
Dina prosési adat kawinan Sunda, aya nu disebut meuleum harupat. Pangantén istri nyodorkeun lilin tuluy pangantén pameget meuleum harupat ku éta seuneu tina lilin. Sanggeus kitu harupat nu geus diduruk téh diasupkeun kana kendi nu eusina cai sarta éta kendi téh dicekel ku pangantén istri. Makna tina simbol adat ieu nya eta ...
Harupat nu dicekel ku pangantén pameget ngalambangkeun amarah, sedengkeun lilin anu dicekel ku pangantén istri ngalambangkeun ngagedurna émosi.
Dipiharep pangantén istri jeung pangantén pameget bisa nungtaskeun sagala rupa masalah rumahtangga babarengan. Istri nyekel kendi nu eusina cai ngalambangkeun yén istri kudu bisa niiskeun sakumna pasualan anu keur karandapan ku salaki.
Seuneu mangrupa lambang tina emosi négatif sedengkeun cai mangrupa lambang tina emosi positif, hartina istri kudu bisa terus méré hal positif ka salakina sanajan salaki ngalampahkeun hal négatif.
Seuneu téh éléhna ku cai, nya kitu deui salaki, éléhna pasti ku istri (pamajikan)
DIna prosési siraman, urang kudu nyadiakeun cai anu geus dicampur ku 7 rupa kembang atawa disebut ogé kembang sataman. Tina tujuh rupa kembang anu wajib téh diantara nya éta kembang ros, kananga jeung malati. Makna tina éta kekembangan téh nya éta ...
Kembang ros mangrupa simbol kajujuran ti calon pangantén
Kembang malati mangrupa simbol pamikat sangkan pangantén dipikaresep ku balaréa
Kananga mangrupa simbol tina harepan sangkan pangantén bisa méré katenangan tur katingtriman haté
Kabéh jawaban bener
Ciri khas, kabiasaan, atawa cara hidup tur sagala rupa nu aya patalina jeung budi sarta akal jelema anu tamuwuh jeung dipiboga ku sakumpulan masarakat di hiji daerah disebut ....
Tradisi
Adat
Budaya
Suku Bangsa
karakter
Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu ...
Pohoan
Ludeungan
Reuwasan
Soméah
Wantéran
Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu ...
Pohoan
Ludeungan
Reuwasan
Soméah
Wantéran
Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna 2 ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua jeung sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, Duit anu dijadikeun landasan nyaéta duit ringgit atawa duit emas. Maksudna dipakékeun landasan koin emas teh nya éta ...
sangkan orok bujalna henteu tonjol ka hareup
sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat
sangkan orok henteu ceurik wae tipeuting
sangkan orok henteu bauan ka sasaha
Di handap ieu anu m angrupa pantrangan pikeun istri anu keur kakandungan, iwal ...
teu meunang saré teu maké bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun
teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah
eu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng
teu meunang mandi unggal isuk sabab bisi orokna katirisan
Anu ngabedakeun antara pakean adat wanoja sunda pikeun kasta sosial luhur, tengah handap teh nya eta tina bahan kaenna.
Pikeun wanoja kelas handap mah biasana sok make kaen buludru
Pikeun wanoja kelas handap mah biasa sok make kaen sutra
Pikeun wanoja kelas luhur mah biasana sok make kaen buludru
Pikeun wanoja kelas luhur mah biasa sok make kaen katun
Dina baju adat Sunda Lalaki katémbong aya jam tangan buleud anu maké rante emas, nu kitu téh ngaranna...
Bangsawan
Bénggol
Badéga
Bagedén
Dina tradisi sawér pangantén, aya salsahiji banda anu ngalambangkeun kasajahteraan yén pangantén téh dina kahirupan rumah tangga kudu bisa néangan bahan poko sangkan kacumponan naon nu jadi kabutuhan. Eta banda téh dilambangkeun dina bentuk…
duit
beas
koneng
permen
gambar diluhur, mangrupa tradisi .........
sungkem
sawer
huap lingkup
nincak endog
gambar diluhur, mangrupa tradisi .........
huap lingkup
nincak kendi
nincak endog
sawer
Di Sunda aya sababaraha kampung anu masih pengkuh nyepeng adat istiadat karuhun ti baheula anu sok disebut Kampung Adat. kampung adat nu aya di Banten nya eta .....
kampung Dukuh
kampung Baduy
kampung Ciptagelar
kampung Naga
Gambai di luhur mangrupa tradisi
Babarit
Sawer
Kuramasan
Rajaban
Nadran/nyekar
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna
Folklor
budaya
tradisi
etika
tatkrama
