wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda Kelas XII Teks Bahasan Tradisi Sunda

Total questions: 21

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

ritual

b)

tradisi

c)

adat

d)

kasenian

e)

pintonan

2.

Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....

a)

daerah istimewa

b)

kampung khas

c)

kampung adat

d)

daerah adat

e)

kampung istimewa

3.
Bakating kubutuh Bi Ijah neangan duit pak pik pek mantuan gawe di Restoran. Nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana
4.

Dogdog Lojor téh kasenian nu sok dipintonkeun dina tradisi Sérén Taun. Mana gambar ieu di handap anu nuduhkeun kasenian dogdog lojor?

a)
b)
c)
d)
e)
5.

Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ....

a)

ngamulyakeun karuhun

b)

nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar

c)

nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

d)

sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén

e)

tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit

6.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

paranti digelarna acara kasenian

c)

gudang paranti nyimpen paré

d)

tempat anu dikaramtakeun

e)

gudang paranti nampung barang babawaan

7.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....

a)

genep bulan

b)

tujuh bulan

c)

dalapan bulan

d)

salapan bulan

e)

tilu bulan

8.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...

a)

éksposisi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

arguméntasi

e)

pérsuasi

9.

Waditra nu sok dipake ku juru pantun dina medar carita nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
10.

Tujuh rupa kadaharan dina trdaisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ....

a)

rujak kanistrén

b)

beubeutian

c)

bubuahan tujuh rupa

d)

jajambaran

e)

pakaulan

11.

anu mingpin upacara akad nikah nya eta ...

a)

Naib

b)

Saksi

c)

Murangkalih

d)

Tokoh Masyarakat

e)

Hansip

12.

Tulisan nu medar hiji pasualan, dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih, boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan disebut . . . .

a)

berita

b)

artikel

c)

bahasan

d)

béwara

e)

carita

13.

Téks nu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana disebut . . . .

a)

Arguméntasi (Persuasi)

b)

Déskripsi

c)

Narasi

d)

Eksposisi

e)

Prosedur

14.

Téks wacana anu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar alesan nu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan disebut . . . .

a)

Arguméntasi (Persuasi)

b)

Déskripsi

c)

Narasi

d)

Eksposisi

e)

Prosedur

15.

Kampung Naga minangka salah sahiji kampung anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi sarta adat istiadat karuhunna jaman baheua. Ku kituna katelah ku ngaran kampung adat. Sacara administratif Kampung Naga téh aya di Désa Néglasari, Kecamatan Salawu, Kabupatén . . . .

a)

Cianjur

b)

Sukabumi

c)

Subang

d)

Tasikmalaya

e)

Cirebon

16.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

ritual

b)

tradisi

c)

adat

d)

kasenian

e)

pintonan

17.

Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....

a)

daerah istimewa

b)

kampung khas

c)

kampung adat

d)

daerah adat

e)

kampung istimewa

18.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...

a)

folklor

b)

budaya

c)

tradisi

d)

étika

e)

tatakrama

19.

'tabéat anu hésé dipiceunna atawa dirobahna' mangrupa harti tina paribasa...

a)

uncal tara ridueun ku tanduk

b)

uyah mah tara téés ka luhur

c)

adat kakurung ku iga

d)

pindah cai pindah tampian

e)

jati kasilih ku junti

20.

adat ngandung harti...

a)

sipat bawaan

b)

paribasa

c)

ngamumulé

d)

daur hirup

e)

pamungkas

21.

Ieu di handap nu lain mangrupa cara pikeun ngamumulé tradisi, nyaéta...

a)

lisan

b)

tinulis

c)

kalakuan

d)

diajar ngeunaan tradisi

e)

ngutamakeun géngsi