wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Pangajaran 2 Deskripsi Kampung Adat

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Karangan anu sipatna ngagambarkeun atawa ngajelaskeun hiji hal kalawan jelas luyu jeung kaayaan anu sabenerna disebut ….

a)

Karangan argumentasi

b)

Karangan persuasi

c)

Karangan deskripsi

d)

Karangan narasi

2.

Dina karangan déskripsi, penulis nunjukeun bentuk, rupa, suasana sarta situasi hiji objek. Sahingga anu maca ….

a)

meunang gambaran sacara jelas tina objek anu digambarkeun

b)

henteu meunang gambaran tina objek anu digambarkeun

c)

meunang gambaran sabagian tina objek anu digambarkeun

d)

kurang meunang gambaran tina objek anu digambarkeun

3.

Kampung mangrupa hiji daérah dimana aya imah atawa kulawarga anu cicing didinya. Ari kampung adat nyaéta….

a)

daerah atawa wilayah anu geus henteu nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

b)

daerah atawa wilayah anu masih teguh nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

c)

daerah atawa wilayah anu masih nyekel pageuh sabagian adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.

d)

daerah atawa wilayah anu geus kapangaruhan ku modernisasi nepi ka poho kana adat istiadatna sorangan.

4.

Di handap ieu mana anu teu kaasup kana pangbéda (perbedaan) antara kampung adat jeung kampung biasa ….

a)

kahirupan sosial masyarakat

b)

arsitektur

c)

kapercayaan

d)

pagawean

5.

Salah sahiji kampung adat anu masyarakatna masih nyekel agama leluhur “Sunda Wiwitan” mangrupa masyarakat di Kampung Adat ….

a)

Naga

b)

Baduy

c)

Cireundeu

d)

Ciptagelar

6.

Salian ti kapercayaan Sunda Wiwitan, masarakat di kampung adat Sunda umumna ngagem (menganut) agama ….

a)

Hindu

b)

Budha

c)

Islam

d)

Kristen

7.

Kadaharan pokok masyarakat di Kampung Adat Cireundeu nyaéta ….

a)

béas (beras)

b)

sampeu (singkong)

c)

jagong (jagung)

d)

umbi-umbian

8.

Kampung adat anu aya di daérah Bandung nyaéta kampung….

a)

Cireundeu, Cikondang, Anjasari

b)

Cireundeu, Mahmud, Anjasari

c)

Anjasari, Mahmud, Cikondang

d)

Cireundeu, Cikondang, Ciptagelar

9.

Kampung Dukuh jeung Kampung Pulo mangrupa kampung adat anu aya di daérah ….

a)

Kabupaten Garut

b)

Kabupaten Tasikmalaya

c)

Kabupaten Ciamis

d)

Kabupaten Sukabumi

10.

Gambar di luhur mangrupa bangunan di Kampung Adat anu aya di Kabupaten Sukabumi, ngaran kampung adatna nyaéta ….

a)

Kampung Cireundeu

b)

Kampung Ciptagelar

c)

Kampung Naga

d)

Kampung Kuta

11.

Kampung Naga mangrupa salah sahiji kampung adat anu aya di tatar Sunda, perenahna di daérah ….

a)

Désa Salawu, Kec. Néglasari, Kab.Tasikmalaya

b)

Désa Sirnaresmi, Kec. Cisolok, Kab. Sukabumi

c)

Désa Kanékés, Kec. Leuwidamar, Kab.Lebak

d)

Désa Karangpaninggal, Kec.Tambaksari, Kab. Ciamis

12.

Baca teks singget di handap ieu !

Istilah atawa sesebutan ngaran kampung Naga téh asalna mah Kampung Na Gawir (Kampung di pinggir jurang), terus robah ngaranna jadi Kampung Naga.

Teks di luhur ngabahas ngeunaan ….

a)

kahirupan sosial masarakat kampung Naga

b)

kapercayaan masarakat kampung Naga

c)

pagawéan masarakat di kampung Naga

d)

asal usul ngaran Kampung Naga

13.

Di wewengkon kampung Naga aya anu disebut leuweung karamat (hutan keramat). Disebut leuweung karamat lantaran ….

a)

di éta leuweung téh aya makam karuhun masarakat kampung Naga

b)

di éta leuweung aya bangunan jeung makam

c)

di éta leuweung téh aya tangkal caringin anu umurna geus ratusan taun

d)

di éta leuweung téh aya bangunan anu dipaké tempat munjung

14.

Ari anu dimaksud arsitektur Sunda nyaéta ….

a)

bangunan anu digunakeun ku masarakat suku Sunda, utamana masarakat di kampung adat anu kahirupan masih tradisional.

b)

bangunan anu digunakeun ku masarakat suku Sunda, utamana masarakat di kampung anu kahirupanna geus modern.

c)

bangunan anu digunakeun ku masarakat lain suku Sunda, anu kahirupan masarakatna tradisional.

d)

bangunan anu digunakeun ku masarakat lain suku Sunda, anu kahirupan masarakatna geus modern.

15.

Gambar di luhur mangrupa wangun bubungan atawa atap imah anu aya di tatar Sunda. Ngaran bubunganna nyaéta ….

a)

Badak heuay

b)

Jogo anjing

c)

Julang ngapak

d)

Parahu Kumereb

16.

Dina istilah arsitektur Sunda, anu bangunan anu dingaranan Pendopo. Pendopo mangrupa bangunan anu fungsina pikeun ….

a)

tempat tinggal putri raja

b)

tempat tinggal kulawarga karajaan

c)

kantor atawa tempat tinggal bupati

d)

kantor atawa tempat tinggal gubernur

17.

Gosali mangrupa bangunan anu fungsina pikeun …

a)

tempat nyieun peralatan logam

b)

tempat nyieun batu bata atawa genteng

c)

tempat pos ronda atawa pos jaga

d)

tempat panggung pertunjukan

18.

Bangunan semi permanen anu fungsina pikeun tempat pemondokan pagawé atawa kuli, nyaéta ….

a)

Balandongan

b)

Bédéng

c)

Kobong

d)

Saung

19.

Masarakat di Kampung Adat biasana nyimpen paré (padi) hasil panén dihiji bangunan anu dingaranan ….

a)

lio

b)

saung

c)

leuit

d)

tajug

20.

Gedogan mangrupa kandang ingon-ingon (hewan peliharaan) pikeun ….

a)

kandang kuda

b)

kandang merpati

c)

kandang kerbau

d)

kandang hayam