wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN BASA SUNDA X MM

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

1. Paguneman antara dua orang leuwih sarta lumangsungna antara nu diwawacara (narasumber) jeung nu ngawawancara disebut…

a)

Paguneman

b)

Wawancara

c)

Wawacan

d)

Kawih

e)

Carita babad

2.

Nyarita dina wawancara mah lumangsung dua arah, nya éta…

a)

Aya nu nanya aya nu ngadengekeun

b)

Aya nu nanya aya nu ngajawab

c)

Masing-masing jalma nanya.

d)

Nu ditanya malikan nanya deui

e)

Ngomong sorangan

3.

Kagiatan wawancara umumna diwangun ku tilu bagian nyaéta..

a)

Bubuka, eusi, panutup

b)

Struktur, bubuka, panutup

c)

Bubuka , struktur, eusi

d)

Bubuka, eusi, struktur

e)

Struktur, eusi, panutup

4.

Bubuka dina wawancara gunana pikeun….

a)

Ngarahkeun naon – naon nu rék di diskusikeun

b)

Ngarahkeun jang pamungkas

c)

Bagian eusi tina wawancara

d)

Tahapan nyindekkeun jeung nutup wawancara

e)

Ngajelaskeun sagawayah

5.

Dina prosés ngawawancara teu leupas tina kalimah pananya, nya éta...

a)

5W 1H

b)

5W 2H

c)

5W 3H

d)

5H 1W

e)

5H 2W

6.

Tahapan anu pamungkas dina wawancara nyaéta...

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Sanduk – sanduk

e)

Mertélakeun maksud jeung tujuan

7.

Kagiatan ngawawancara merlukeun komunikasi anu merenah sangkan urang ngajénan ka narasumber, ku kituna urang kudu merhatikeun..

a)

Grammar

b)

Undak usuk basa

c)

Setelan raksukan

d)

Sora nu hadé

e)

Kahebatan

8.

Kagiatan wawancara téh bisa lumangsung upama rarancangna geus ditataharkeun jeung di susun. Kecap anu di garis handapan ngabogaan maksud

a)

Dimatengkeun

b)

Di rasa cukup

c)

Disiapkeun

d)

Jadi

e)

Merenah

9.

Proses tatahar saméméh ngawawancara téh umumna ngawengku tilu kagiatan, nyaéta .....

a)

Nangtukeun tujuan, daptar narsumber jeung tema

b)

Nangtukeun téma, narasumber jeung nyusun daptar pananya

c)

Nangtukeun jejer, judul jeung amanat

d)

Nangtukeun galur, lalakon jeung maksud

e)

Nangtukeun téma, narasumber jeung nyusun daptar lalakon

10.

Aya tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara téh, nyaéta...

a)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung simpulan

b)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung nyusun laporan

c)

Tatahar, nangtukeun téma jeung nyusun laporan wawancara

d)

Tatahar, nangtukeun maksud jeung tujuan

e)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung tutup

11.

Sanggeus hidep ngalaksanakeun wawancara hasilna bisa dijieun laporan, wangun laporan dina wawanacara aya dua nyaéta....

a)

Wangun dialog jeung tatahar

b)

Wangun narasi jeung struktural

c)

Wangun narasi jeung dialog

d)

Wangun dialog jeung narasumber

e)

Wangun dialog jeung struktural

12.

Naha aya tarékah kanggo miara koleksina supados teu enggal reksak? Kecap anu di garis handapan dina ieu kalimah ngabogaan harti...

a)

Akal

b)

Tatahar

c)

Usaha atawa ihtiar

d)

Maksud

e)

Tujuan

13.

Hatur nuhun, rupina cekap baé ti simkuring kanggo ieu wawancara téh.

Kalimah di luhur mangrupakeun ...

a)

Panutup dina wawancara

b)

Eusi dina wawancara

c)

Bagian ahir dina eusi

d)

Bagian bubuka dina wawancara

e)

Bagian panutup dina biantara

14.

Dina laporan hasil wawancara wangun narasi umumna maké basa ...

a)

Loma jeung cohag

b)

Loma jeung kasar

c)

Loma jeung hormat

d)

Loma wungkul

e)

Lemes wungkul

15.

Anu dimaksud tatakrama dina nyarita téh nya éta …

a)

nyarita ku basa nu merenah bari teu poho kana lentong atawa intonasina

b)

nyarita kasar

c)

ngomong sabulangbentor

d)

nyarita sapopoé anu teu kudu make undak-usuk basa

e)

nyarita hog-hag.

16.

Pun Bapa nuju … sareng pais lauk

Abdi mah … sareng pais tahu.

a)

Dahar-emam

b)

Neda-dahar

c)

Tuang-neda

d)

Tuang-emam

e)

Emam-neda

17.

Kalimah mana anu dianggap bener dihandap ieu !

a)

Abdi bade wangsul heula, wios enjing dongkap deui

b)

Dinten ieu abdi teu sakola teu damang.

c)

Bu, Punten abdi bade nyandak tas kagungan bu Dewi

d)

Tah ieu bumi abdi anu cet biru

e)

Abdi kamari ngagaleuh kantong kanggo sakola

18.

Ari nyarita jeung kolot mah ulah … kitu atuh bisi kawalat!

Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kalimah di luhur nya éta …

a)

Andalemi

b)

Sopan

c)

Marahmay

d)

Kasar

e)

Ramah

19.

Kecap lemes keur sorangan aya dina kalimah …

a)

Abdi mah angkat ka Sakola téh enjing kéneh

b)

Abdi mah mios ka Sakola téh enjing kéneh

c)

Abdi mah indit ka Sakola téh enjing kéneh

d)

Abdi mah mangkat ka Sakola téh enjing kéneh

e)

Abdi mah mulih ka Sakola téh enjing kéneh

20.

Jadi Dubes téh cita – cita ti leuleutik ?

Kecap anu digaris handapan lamun di lemeskeun jadi ...

a)

Jadi jeung kecil

b)

Janten jeung cilik

c)

Janten jeung aalit

d)

Jadi jeung aalit

e)

Janten jeung leutik