NEW
Font size
WorksheetsPENILAIAN TENGAH SEMESTER BAHASA SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Dumasar kana eusina, sempalan wacana di luhur téh mangrupa conto tina …
Bahasan Kampung Mahmud
Bahasan tradisi Sunda
Bahasan kampung adat
Bahasan wangunan Sunda
Bahasan kamekaran wangunan Sunda
Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap katangén. Éta kecap katangén téh ngandung harti …
Kasebut
Katulis
Katempo
Kadatangan
Kadéngé
Di Kampung Mahmud aya tradisi mapag taun anyar Islam anu dilaksanakeun tanggal 10 Muharam, dieusi ku Manakiban jeung Bubursura Zaélani. Anu dimaksud Manakiban téh nyaéta …
Hiburan anu dipintonkeun ku barudak di Kampung Mahmud
Kagiatan dahar babarengan nu dilakukeun ku masarakat di Kampung Mahmud
Kagiatan macakeun biografi Syéh Abdul Qodir Zaélani
Kagiatan ngurilingan kampung bari mawa obor
Hiburan anu raket patalina jeung agama Islam
Salahsahiji pantrangan di Kampung Mahmud nyaéta teu meunang ngingu soang jeung embé. Anu jadi alesan pangna aya éta pantrangan téh nyaéta …
Bisi kampung jadi bau tina kokotor anu dikaluarkeun ku éta sasatoan
Matak gandéng, nganganggu kana katingtriman kampung
Matak gandéng, sieun kagiridig ku penjajah di jaman harita
Euweuh tempat anu bisa dijadikeun kandang keur éta sasatoan
Bisi nyababkeun panyakit ka para pangeusi kampung
Aya rupa-rupa tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Alloh SWT. Tradisi Sunda anu mangrupa ébréhan rasa sukur kana mucekilna hasil tatanén ku cara ngumpulkeun rupa-rupa hasil tatanén ku masarakat, nyaéta …
Dina tradisi 7 bulanan, aya kagiatan ngasupkeun belut kana kaén anu dipaké nalika keur siraman. Éta hal téh ngandung ma’na …
Meresihan calon indung tina sagala dosa
Sangkan bayi anu dilahirkeun miboga kahadéan-kahadéan dina kahirupanana
Mikanyaho jenis kelamin bayi anu dikandung
Sangkan nalika keur ngalahirkeun teu ngalaman kasusah
Mikanyaho watek budak anu baris dilahirkeun
Salahsahiji tradisi Sunda anu raket patalina jeung agama Islam nyaéta Muludan. Éta tradisi téh dilaksanakeun pikeun miéling …
Poé dibabarkeunna Nabi Muhammad SAW
Kajadian Isra Mi’raj anu dilaksanakeun ku Nabi Muhammad SAW
Jasa-jasa para walisongo anu nyebarkeun agama Islam di Indonesia
Taun anyar dina kalénder Islam
Tilar dunyana Nabi Muhammad SAW
Aya rupa-rupa tradisi Sunda dina ngurus orok anu kakara dilahirkeun, salahsahijina nyaéta tradisi Marhabaan. Éta Tradisi Marhabaan téh dilaksanakeun ku masarakat Sunda anu dicirian ku dilaksanakeunna …
Prosés nyukuran rambut orok
Nguburkeun bali
Méré ngaran orok
Ngaleupaskeun sésa tali ari-ari dina bujal orok
Meuncit domba
Kahirupan masarakat Sunda loba anu raket patalina jeung agama Islam, kaasup kana tradisi. Salahsahiji tradisi Sunda anu mangrupa acara miéling kajadian Isra Mi’raj nyaéta …
Mapag taun anyar Islam
Muludan
Rajaban
Sukuran
Salametan
Tradisi sawér pangantén dina acara jatukrami pangantén Sunda mangrupa acara anu dianti-anti sarta ngirut para tatamu. Éta tradisi téh dina enas-enasna mah mangrupa kagiatan …
Ngawur-ngawurkeun rupa-rupa barang
Runtuyan upacara adat Sunda dina acara ngawinkeun
Ngaramékeun hajat ngawinkeun
Paboro-boro mulungan barang anu diawurkeun
Nepikeun papatah jeung du’a ti kolot pangantén
Dina runtuyan acara jatukrami pangantén Sunda aya anu disebut siraman. Dina runtuyan acara siraman, calon pangantén awéwé dipapag ku kolotna ti kamar pangantén ka tempat siraman ngaliwatan 7 lawon sinjang batik anu béda-béda rupana. Jumlah 7 lawon sinjang batik téh ngalambangkeun …
Jumlah lawon batik anu dipiboga ku calon pangantén awéwé
Jumlah poé anu bakal kasorang ku calon pangantén awéwé
Jumlah anggota kulawarga calon pangantén awéwé
Jumlah tempat meuli lawon sinjang batik
Jumlah anu dipikaresep ku urang Sunda
Salahsahiji tradisi anu masih dilaksanakeun ku masarakat Sunda nyaéta tradisi nyunatan atawa nyundatan. Jaman baheula saméméh téknologi maju, prosés nyunatan téh dilakukeun ku béngkong. Dina runtuyan prosésna, budak sunat sok dititah ngeueum heula dina cai walungan, tujuanana téh nyaéta …
Sangkan budak sunatan téh tiriseun
Sangkan prosés nyunatanana lumangsung kalawan lancar
Sangkan rarangan budak sunatan téh jadi baal
Sangkan budak sunatan teu ceurik pas disunatan
Sangkan babari nalika nyunatanana
Dina tradisi sawér pangantén aya rupa-rupa barang nu diawurkeun, salah sahijina nyaéta konéng nu mangrupa perlambang …
Karaharjaan jeung kabagjaan pangantén
Minangka emas, sangkan hirupna loba rijkina
Kabeungharan pangantén
Seungitna ngaran pangantén ku paripolah anu hadé
Sangkan hirup pangantén salawasna harmonis
Dina tradisi 7 bulanan anu dilakukeun ku masarakat Sunda, sok aya disadiakeun rupa-rupa pakakas, barang jeung kadaharan anu diperlukeun. Unggal pakakas, barang atawa kadaharan anu disadiakeun biasana mangrupa siloka. Pakakas, barang atawa kadaharan anu miboga ma’na sagala usaha anu dipilampah baris lancar jeung babari dilakonan nyaéta …
Dina prosési siraman calon pangantén awéwé, aya sababaraha runtuyan acara anu dilakukeun. Acara munggaran anu dilakukeun nyaéta …
Sungkeman
Ngeningan
Ngecagkeun aisan
Ngebakan
Ngahijikeun cai siraman
Dumasar kana eusina, sempalan wacana di luhur téh mangrupa conto tina …
Carita pondok
Dongéng
Novél
Carita pantun
Carita wayang
Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap nohonan. Éta kecap nohonan téh ngandung harti …
Nampik
Nolak
Ngalanggar
Nyumponan
Ngarempak
Sempalan wacana anu judulna “Tragédi di Leuweung Dandaka” sacara gurat badagna nyaritakeun ngeunaan …
Usaha nu dilakukeun ku Rahwana keur ngiwat Déwi Sinta
Kahayang Déwi Sinta miboga kidang emas
Sri Rama anu keur moro kidanng emas keur dibikeun ka Déwi Sinta
Panyangka goréng Déwi Sinta ka Laksmana, adina Sri Rama
Marica anu salin rupa jadi kidang emas
Carita wayang ayana di tatar Sunda, lain mangrupa karya sastra sampakan tapi mangrupa karya sastra sampeuran. Ieu hasil karya sastra téh mangrupa pangaruh tina agama …
Islam
Budha
Kristen
Konghuchu
Hindu
Dina sempalan carita “Tragédi di Leuweung Dandaka” dicaritakeun Laksmana nyeupeung pageuh amanat anu ditepikeun ku lanceukna, Sri Rama, nyaéta …
Kudu milu maturan Sri Rama moro kidang emas
Kudu nyieun guratan buleud di sakuriling Déwi Sinta
Teu meunang ninggalkeun Déwi Sinta sorangan
Teu meunang milu moro kidang emas
Kudu nangtayungan Déwi Sinta tina sagala pibahlaeun
