wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

US BAHASA SUNDA SMP YUDHISTIRA

Total questions: 40

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Baca Sempalan naskah drama ieu di handap

Wiyaga 1 : “Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan?”

Nini Uti : “Hih, ulah étah ka dieukeun!”

Wiyaga 2 : “(Ngarebut cepuk) “Euleuh Nini mani alus kieu, cepuk perhiasan emas ieu

mah. Geuning di toko emas gé loba nu kieu téh, nya. Tuh nya!Tuh nya! Tuh nya!

Nini Uti : “Kadieukeun étah, kadieukeun! Ulah dibuka batur!

Wiyaga 3 : “Meunang maok ti mana ieu téh Nini? Kolot-kolot puak-paok!”

Nini Uti : (Morongos, kasigeung) “Saha nu maok! Gampang wé tadah tuduh téh!

Bararaid teuing maké jeung puak-paok sagala, kadieukeun! Kadieukeun!

Wiyaga 2 : “Enyalah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok. Meunang ngéméng, ngaku! Ngaku..!” Dumasar kana sempalan naskah drama di luhur, kumaha watak Wiyaga 1 jeung Wiyaga 2 téh?

a)

Beurat hulu

b)

Hampang birit

c)

Goréng sangka

d)

Hampang leungeun

2.

Baca Sempalan naskah drama ieu di handap !

Wiyaga 1 : “Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan?”

Nini Uti : “Hih, ulah étah ka dieukeun!”

Wiyaga 2 : “(Ngarebut cepuk) “Euleuh Nini mani alus kieu, cepuk perhiasan emas ieu

mah. Geuning di toko emas gé loba nu kieu téh, nya. Tuh nya!Tuh nya! Tuh nya!

Nini Uti : “Kadieukeun étah, kadieukeun! Ulah dibuka batur!

Wiyaga 3 : “Meunang maok ti mana ieu téh Nini? Kolot-kolot puak-paok!”

Nini Uti : (Morongos, kasigeung) “Saha nu maok! Gampang wé tadah tuduh téh!

Bararaid teuing maké jeung puak-paok sagala, kadieukeun! Kadieukeun!

Wiyaga 2 : “Enyalah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok. Meunang ngéméng, ngaku! Ngaku..!” Ari watak Nini Uti kumaha nurutkeun naskah drama di luhur?

a)

Pinter

b)

Jujur

c)

Bodo

d)

Daékan

3.
Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalayan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan minton (pagelaran) disebut...
a)
Puisi
b)
Longsér
c)
Drama
d)
Prosa
4.
Bagian naskah drama nu nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, jeung kajadian dina awal babak disebutna...
a)
Babak jeung adegan
b)
Pertélaan palaku
c)
Candraan
d)
Amanat
5.
Panganteur pangarang dina drama ngeunaan lalakon nu baris dipidangkeun disebutna..
a)
Prolog
b)
Palaku
c)
Dialog
d)
Monolog
6.
Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan, disebut...
a)
Prolog
b)
Palaku
c)
Dialog
d)
Monolog
7.
Paguneman antara palaku dina drama, disebut...
a)
Prolog
b)
Palaku
c)
Dialog
d)
Monolog
8.
Tokoh dina drama boh protagonis boh antagonis, atawa tokoh pangrojong disbutna...
a)
Palaku
b)
Latar
c)
Babak
d)
tema
9.
Dina drama mah biasana sok dibagi jadi sababaraha...
a)
Adegan
b)
Babak
c)
Latar
d)
Épilog
10.
Bagian tina babak anu ditangtukeun ku datangna atawa inditna palaku dina hiji drama disebut...
a)
Adegan
b)
Babak
c)
Latar
d)
Épilog
11.
Kalimah anu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesanan ku lentong atawa tanda baca disebutna kalimah...
a)
Langsung
b)
Teu langsung
c)
Aktif
d)
Pasif
12.
Ieu di handap conto nu teu kaasup kana kalimah langung, nyaéta...
a)
“Kumaha, dupi Bapana aya? “Ceuk sémah kanu mukakeun panto.
b)
Bu Rani sasauran, “Engké buku latihanana kempelkeun!”
c)
Mu rék ulin ka Lémbang mah numpak motor wé
d)
“Héy, badé ngiring moal?” Ceuk Désti ka Mira.
13.
Kalimah langsung dicirian ku tanda...
a)
Panyeluk
b)
Pananya
c)
Kekenteng
d)
Panyawad
14.
Ieu dihandap kalimah teu langsung nyaéta...
a)
Mang, ka dieu sakedap!
b)
Usép nyarita yén manéhna rék ka Dufan
c)
Euleuh, mani seueur kitu!
d)
Wilujeng suming ka sadayana!
15.
Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana diebut karangan...
a)
Déskripsi
b)
Narasi
c)
Artikel
d)
Pedaran
16.
Kaén batik nu sok dibeulitkeun dina maskaka pameget urang Sunda disebut...
a)
Bendo
b)
Topi
c)
Solendang
d)
Iket
17.
Salasahiji kampung adat Sunda nu perenahna di Kabupaten Garut nu masih kénéh maraké iket nya éta...
a)
Kampung Kuta
b)
Kampung Naga
c)
Kampung Pulo
d)
Kampung Cikondang
18.
Paribasa Saringset pageuh iket téh mibanda harti ...
a)
Maké baju jeung iket kalayan rapih
b)
Iket dina mastaka anu beulitanana hésé lésot
c)
Sayaga atawa siap nyanghareupan sagala hal
d)
Ngalakukeun pagawéan nu euweuh gunana
19.
Anu kaasup kana kalimah langsung nyaéta...
a)
Pa Jajang mah saurna moal lebet.
b)
“Muga-muga salamet diperjalanan”, ceuk Rini
c)
Budi mah cenah moal sakola
d)
Rosi nitah ka adina sangkan indit sakoa kudu isuk kénéh
20.
“Geura indit mun rék Sakola ka SMP Yudistira mah!, <br />Kalimah di luhur kaasup kana kalimah
a)
Panyaram
b)
Pangjurung
c)
Pangwawadi
d)
Panggeuri
21.
Poé Basa Indung Sadunya ditetepkeun ku UNESCO dina tanggal...
a)
22 Januari
b)
22 Oktober
c)
21 Februari
d)
21 Mei
22.

Solawat miwah salam mangga urang sanggakeun ka jungjunan urang Nabi Muhammab SAW, ka para sohabatna, ka kulawargana, tug dugi ka urang salaku umatna.

Ungkara di luhut téh dina biantara kaasup kana bagean ...

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Pangjurung

d)

Pamapag

23.

Bilih aya kalepatan boh dina basa atanapi paripolah salami simkuring biantara, hapunten ka sadayana.

Ungkara di luhur téh biasana diomongkeun dina biantara minangka bagian...

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Pangjurung

d)

Pamapag

24.
Pakakas pangseukeutna keur ngawariskeun budaya nya éta...
a)
Kaulinan jeung kabiasaan
b)
Pangajaran jeung sakola
c)
Téhnologi jeung tradisi
d)
Basa jeung sastra
25.
Kagiatan nyarita dihareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur disebutna...
a)
Dramatisasi
b)
Deklamasi
c)
Wawaran
d)
Biantara
26.

Baca paguneman ieu di handap!

“Wah, sok lila biantarana Pa Kepala mah.” Agus ngaharéwos ka Opik ti tukang.

“Heueuh , matak cangkeul bitis,” témbal Opik<br />“Répéh, ulah ngobrol waé, Pik!” ceuk Lilis bari noél.

“Tah, Si Agus nu ngorol mah.” Témbal opik bari nyigeung Agus.

“Henteu urang mah, ukur ngaharéwos.” Agus malik nyigeung.

“Sarua ngaharéwos gé ngobrol.” Cék Nonéng.<br />“Baé ah,” Agus némbalan

“Cicing euy, Pa Kepala ngalieuk ka dieu!” Ceuk Usép.

Tapi angger dibéjaan kitu, Agus kalah némpas.


Dumasar paguneman di luhur, kumaha watek Agus téh?

a)

Baguer ka babaturan

b)

Pinter di kelasna

c)

Daékan digawé

d)

Beuki ngobrol

27.
Salasahiji tarékah ngajaga sumber cai jeung kebersihan lingkungan téh nya éta...
a)
Kudu nuaran kai di leuweung.
b)
Kudu daék diajak ulin ka gunung
c)
Kudu miceun runtah ka tempatna
d)
Kudu milu reueus ku ayana Cagar Alam
28.
Karya sastra anu wangunna prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur caritana ngarancabang (kompleks), biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé disebut ...
a)
Carpon
b)
Dongéng
c)
Pantun
d)
Novel
29.
Novel Sunda nupangheulana medal dina taun 1914 nya éta ...
a)
Pangéran Kornél Karangan R. Memed Sastrahadiprawira
b)
Baruang ka nu ngarora karya D.K Ardiwinata
c)
Siti Rayati karangan Muhammad Sanusi
d)
Agan Permas karangan Yuhana
30.
Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungan kajadian dina carita disebut...
a)
Amanat
b)
Galur
c)
Jejer
d)
Latar
31.
Kampung anu masih kénéh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ...
a)
Buhun
b)
Adat
c)
Babakan
d)
Kasepuhan
32.
Wangun suhunan imah di kampung Naga, nya éta...
a)
Suhunan juré
b)
Suhunan panjang
c)
Suhunan jualang ngapak
d)
suhunan capit gunting
33.

Hadirin sadayana,

Pamungkas, moal seueur anu diutarakeun, mung sakieu anu tiasa disugikeun. Neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih kénéh héngkér dina tatabasa tur merenahkeun undak usuk basana.

Waalaikum salam wr.wb

Kalimah sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian biantara ...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Sanduk-sanduk

34.
Lengkepan kalimah ieu di handap ngagunakeun ragam basa lemes (hormat)!<br />Bapa Camat bade ...... ka ieu pertemuan
a)
Sumping
b)
Datang
c)
Dongkap
d)
Linggih
35.
Jalma anu ngajejeran (mingpin) acara sok disebut, iwal (kecuali) ....
a)
Pangjejer acara
b)
Panata calagara
c)
pamandu acara
d)
Pawarta acara
36.
Dina nyanghareupan alam kamodérenan, urang teu kudu gimir (sieun) tapi kudu ...
a)
Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak
b)
Pagiri-giri calik pagirang-girang tampain
c)
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket.
d)
Cul dog-dog tinggal igel
37.
Ngalarapkeun kecap haturkeun nu merenah aya dina kalimah ...
a)
Haturkeun punten ka sadayana, bilih abdi lepat
b)
Ka sadayana, mangga dihaturkeun linggih
c)
Sholawat miwah salam urang haturkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW
d)
Ieu kuéh téh haturkeun abdi ka réréncangan.
38.
Anu kagolong kana paribasa pangjurung laku hadé, nya éta..
a)
Ulah bengkung bekas nyalahan
b)
Beungeut nyanghareup, ati mungkir
c)
Kudu ngukur kakujur, nimbang ka awak
d)
Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
39.
Paribasa “Kudu leulues jeujeur liat tali” ngandung harti...
a)
Jalma kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya
b)
Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
c)
Ngalampahan pagawéan nu teu surup jeung haté
d)
Kudu sagala daék, boh kana gawé badag atawa gawé lemes.
40.
Jalma nu daékan di titah, teu hésé langsung dipigawé disebut..
a)
Amis budi
b)
hampang leungeun
c)
hampang birit
d)
Hade gogod hade tagog