WorksheetsPTS (Sajak & Carita Babad)
Total questions: 10
Worksheet time: 7mins
Salah sahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna...
Pupuh
Sajak
Guguritan
Sisindiran
Wawangsalan
Ieu dihandap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nya éta...
Téma
Rasa
Nada
Wirahma
Amanat
Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna...
Gaya basa
Kecap nyata
Purwakanti
Wirahma
Wirasa
Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepika sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut...
Dramatisasi
Parafrase
Déklamasi
Musikalisasi
Maca sajak
Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif, nya eta...
Adang sok maju ka hareup!
Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang
Mobil anyar téh maju mani gancang
Wa Haji téh ayeuna geus maju dagangna
Ari geus maju mah, manéhna téh wani nincak sagala
"Munding téh geus dicangcang dina tangkal".
Kecap "dicangcang" ngandung harti dénotatif anu sarua hartina jeung...
Diduitan
Ditalian
Diparaban
Ditawarkeun
Diantepkeun
Baca sempalan ieu sajak!
Merah putih nu kiwari mumbul
Baheula kungsi ngélébét
Dina tungtung bayonét
Katut peujit murilit
Dina sempalan sajak di luhur, kecap anu ngandung harti konotatif, nya éta...
Mumbul
Ngélébét
Dirangkul
Murilit
Kiwari
carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah disebut...
mitos
legenda
babad
sage
parabel
kolotna nini atawa aki urang disebutna...
bao
buyut
janggawareng
udeg-udeg
kair siwur
ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda galur carita, nya eta...
galur merele, galur bobok tengah, galur mundur
galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri
galur ngacak, galur merele, galur mundur
galur mundur, galur pandeuri, galur tengah
galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
